Nyaliksik Pandita Ratu

Narawangan

Nyaliksik Pandita Ratu

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 21 Apr 2024 09:01 WIB
Tradisi garebek Syawal Keraton Kasepuhan di komplek makam Sunan Gu.nung Jati diwarnai ketegangan
Tradisi garebek Syawal Keaton Kasepuhan di komplek Makam Sunan Gunung Jati Diwarnai ketegangan (Foto: Istimewa).
Cirebon -

Mun nyoréang ka jaman Ingkang Sinuhun Kanjeng Susuhunan Jati Purba Panetep Penata Agama Awaliya Allah Kutubid Zaman Kholipatur Rasulullah SAW, Syarif Hidayatullah anu nelah Sunan Gunung Jati, di Kasultanan Cirebon teu aya raja nu lian iwal ti mantenna.

Ampir saabad sabada mantenna ngantunkeun, kasultanan peupeus jadi tilu. Raja-raja calik di tilu tempat: Karaton Kasepuhan, Karaton Kanoman, tur Kapanembahan, tug dugi ka ayeuna.

Lajeng deuih, ayeuna mah aya acara Sultan Sepuh XV Karaton Kasepuhan Cirebon, Pangeran Raja Adipati (PRA) Luqman Zulkaedin dicaram asup ka kompléks makam Sunan Gunung Djati, jiga kajantenan dinten Jumaah (19/4/2024) nalika keur aya garebeg syawal.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Luqman Zulkaedin ngadeg sultan neraskeun ramana, PRA Arief Natanegara, Sultan Sepuh XIV Karaton Kasepuhan Cirebon anu ngantunkeun dina ping 22 Juli 2020. Tapi, sakumaha dongéng peupeusna Kasultanan Cirebon jadi tilu, aya waé gelombang nu teu panuju kana suksési ti masing-masing garis turunan.

Kaayaan éta téh tandaning kakawasaan mah mémang amis kareueut, sahingga mungkin waé nimbulkeun polémik, béh dieuna konflik di antara papada nu hayang. Tapi, mun seug mah keresa nyonto ka Susuhunan Jati Purba, anu jadi sultan sakaligus anggahota Wali Sanga anu tugas nyumebarkeun Islam di tanah Sunda, mantenna teu pati meumeut kana kakawasaan.

ADVERTISEMENT

Studi dina jurnal Patanjala, Vol. 4, Mei 2012, pedalan Balai Pelestarian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung ngaguarkeun, sabada hasil dina ngalegakeun wilayah kakawasaan kasultanan, ngajieun palabuhan karajaan, istal kuda, padati angkutan barang, jeung ngayugakeun pangwangunan karaton anu tohaga, Sunan Gunung Jati leuwih milih indit nyumebarkeun Islam ka lembur-lembur anu jauh, laju posisina salaku raja diwakilkeun ka putra teras ka incuna. Sanajan ditinggalkeun da'wah, kasultanan tetep tingtrim. Teu aya nu daék ngeundeuk-ngeundeuk, komo eundeuk ti jero mah.

Jalaran bisa ngagalindengkeun posisi dirina salaku raja anu gawéna ngurus rahayat jeung salaku anu nyekel pancen nyumebarkeun Islam kalawan daria, kaceluk waé modél pingpinan kayaning Sunan Gunung Jati téh "Pandita Ratu".

Pandita Ratu nyaéta kaayaan di mana saurang pamingpin bisa nyambungkeun antara kakawasaan rohani jeung kakawasaan duniawi. Alam karohanian salalawasna ngabulen alam kaduniawian. Ieu sikep téh bisa katempo tina kawijakan-kawijakan anu dikaluarkeun ku pamingpin.

Ukuranana, naha saurang pamingpin nalika ngucapkeun A téh milampah A, lain milampah B atawa lampah séjén anu pasalia jeung ucapanana? Lamun ucap luyu lampah, éta Pandita Ratu. Sababna, pamingpin éta ngarasa ucapan inyana tembus ka alam rohani anu tangtu bakal aya balitunganana jeung Yang Manon.

Téologi Liberasi

Waktu Sunan Gunung Jati ngadeg janten Sultan Cirebon, anu pangawalna dilakukeun ku mantenna nyaéta ngeureunkeun mayar pajeg taunan ka Karajaan Sunda Pajajaran. Pajegna téh nyaéta uyah jeung tarasi, anu pastina dua barang éta téh dihasilkeun kalawan luat-léét késang rahayat.

Harita, Kasultanan Cirebon masih aya di handapeun kakawasaan Karajaan Sunda Pajajaran. Jalaran eureun mayar pajeg, Tohaan di Sunda kacida ambekna. Pernah éta gé ngirimkeun 60 jagabaya pikeun ngajorag Cirebon, tapi ponggawa nu dititah nagih upeti téh kalahka arasup Islam jeung betah di Cirebon.

Karajaan Sunda Pajajaran anu geus rada oyag jalaran gempuran Banten harita, teu walakaya ngokop Cirebon, katambah deuih Sunan Gunung Jati téh masih kénéh teureuh Prabu Siliwangi.

Kaputusan eureun mayar pajeg téh sarua jeung ngaleupaskeun bangbaluh rahayat anu saméméhna kudu nyieun uyah jeung tarasi jangeun disébakeun cuma-cuma, ayeuna mah barang jieun téh murni keur jualeun hungkul. Kapan, ti jaman harita, hubungan dagang jeung nagara-nagara luar geus aya.

Nalika bangbaluh leupas, rahayat bisa ngarénghap panjang, leuwih dituna bisa numuwuh kembangkeun kréativitas tur kamandirian dina ngupayakeun hirupna kalawan daria.

Naon anu dilakukeun ku Sunan Gunung Jati téh tangtu mibanda landasan pikirna, nyeplés jiga anu kiwari disebut Téologi Liberasi. Nyaéta hiji basis kaimanan anu tujuanana téh ngabébaskeun rahayat tina bangbaluh.

Ti mana biayana Sunan Gunung Jati bisa ngalegaan wilayah Kasultanan Cirebon nepikeun ka legana satengah Jawa Barat jeung Banten, terus ngayugakeun sarupaning pangwangunan? Sarua waé tina pajeg tapi anu leuwih humanis. Kocap kacarita, Sunan Gunung Jati ngarubah bulu bekti (pajeg/upeti) jadi atur bekti (zakat, infaq, sodakoh), sahingga nalika rahayat "méré", teu ngarasa dipaksa, tapi dumasar kana rasa hurmat jeung nyaah ka pingpinan. Sanés kantén pamingpinna mah, pangheulana nyaah ka rahayat.

Kataji ku Bushido

Di kedai kopi "Nyaba", Jumaah peuting, aya barudak ngora keur pogot ngobrolkeun Bushido, hiji kantétan kodeu-kodeu moral anu dilarapkeun dina kahirupan sapopoé kelompok Samurai di alam feodal Jepang.

Kodeu-kodeu éta wincikanana matak kataji. Sababna, jadi cekel delegan Samurai séwang-séwangan. Lamun teu milampah Bushido, saurang Samurai batal kusabab dirina teu nincak kana darajat kasamuraian.

Contona tin Bushido, aya Gi (kahadéan). Saurang Samurai kudu pengkuh aya dina kahadéan anu di jerona aya sikep adil, bener, hormat ka sasama; Yu (wawanén), saurang Samurai kudu boga wawanén, lain hungkul wani ngalawan musuh, tapi wani ngaku salah nalika ninggang di salah; Jin (bageuran), sanajan katénjona "galak", samuran tetep kudu pengkuh kana sikep bageuran, mikanyaah ka sasama manusa; Rei (hurmat); Makoto (jujur); Meiyo (martabat); jeung, Chugo (tuhu satia), sakumaha dijentrékeun dina kursus singkat "Bushido Culture in Learning Japanese" di Universitas Muhammadiyah Dr. Hamka (Uhamka), dikutip detikJabar, Sabtu.

Tapi sabenerna anu matak ngabandring perhatian téh lain sakadar wincikan niléi-niléi anu kawengku dina Bushido, tapi kumaha pengkuhna jelema-jelema di Jepang kana niléi éta. Sabab, numutkeun situs Uhamka, ajaran linuhung Bushido téh dipaké kénéh ku urang Jepang kiwari.

Lain hungkul di tingkat rahayat, tapi ogé paminpin jadi conto. Anyar kénéh taun 2023, di handapeun kapamingpinan PM Fumio Kishida di Jepang, menteri-menteri mundur sabab katohyan aya patalina jeung skandal korupsi. Menteri mundur téh nalika salah téh jadi conto pikeun rahayatna.

Keur urang, ari niléi mah bisa digali dina falsafah bangsa urang anu teu éléh alusna. Tapi palebah prakna? Ieu kudu jadi bahan lenyepaneun saréréa.

Pandita Ratu Hasil Pemilu

Sapanjang taun 2024 di Indonesia eusina Pemilihan Umum (Pemilu). Di awal taun aya pemilihan presiden. Engké rék ka ahir taun aya Pemilihan Kepala Daerah (Pilkada) tingkat provinsi jeung kabupaten/kota. Di sawatara wilayah, kaasup di tingkat Jawa Barat sorangan, geus ramé calon-calon anu rék majeng dina kontéstasi politik lima taunan éta.

Partéi-partéi politik geus mimiti abar jago-jagona anu bakal tanding dina Pilkada. Taun anu haneuteun! Tapi dina detikJabar, warta ngeunaan pésta pamilihan pamingpin téh dibuntutan ku warta ngeunaan 1,86 juta warga Jawa Barat ngalanggur. Teu boga kasab anu ngahasilkeun duit. Anu teu nutup kamungkinan ti dinya bijil kriminalitas.

Balik deui ka Sunan Gunung Jati, Pandita Ratu anu ngabébaskeun rahayat tina bangbaluh. Sajatining pamingpin pantés upama nuturkeun tapak lacak Sunan Gunung Jati dina palebah ngajénan, ngurus, jeung mikanyaah rahayatna. Sanajan ayeuna alamna geus démokrasi, di mana pamingpin téh dipilih, ari sikep hadé mah tangtuna kudu aya sapanjang jaman.

Hadé sangkana mah, para gegedén, para pamingpin, para pamangku kawijakan téh geus arapaleun kumaha kodeu-kodeu niléi kahadéan dina ngayugakeun pamaréntahan. Tapi palebah prakna?

Moal boa kamandang cendekiawan Azyumardi Azra ngeunaan kasono jelema ka alam karajaan atawa kasultanan téh beuki dieu beuki kandel sabab beuki kuciwa ku kaayaan nu dirandapan kiwari. "Kapercayaan rahayat ka pamingpin sentralistik jeung monopolitik beuki dieu beuki morosot," ceuk Azyumardi, dikutip ku Heru Erwantoro dina jurnal Patanjala.

(mso/mso)


Hide Ads