Sumbu Pondok Tukang Palak

Sumbu Pondok Tukang Palak

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 14 Apr 2024 11:30 WIB
Ilustrasi pungli
Ilustrasi pungli (Foto: Ilustrasi oleh Basith Subastian/detikcom)
Bandung -

Dampak tina nguyup minuman keras téh, di antarana jelema jadi wanian ngararud tunggul étika. Lima nonoman Garut dicerek polisi lantaran mabok miras terus malak pamudik anu ngaliwat ka Jalan Raya Garut-Pameungpeuk.

Malak téh salian ti ngalanggar étika (hadé-goréng), tangtu ogé ngalanggar hukum (bener-salah). Malak téh asupna prémanisme, sakumaha ditétélakeun ku Kapolsek Banjarwangi Iptu Amirudin Latif ka detikJabar, sabada nyerek lima nonoman téa, Jumaah (12/4/2024).

Kajadian malak tumiba lain di Garut hungkul, tapi ogé di Kabupaten Bandung. Tilu "Bang Jago" malak warga anu keur wisata di kebon entéh administratif Kampung Citawa, Desa Tarumajaya, Kecamatan Kertasari.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Nu tiluan téh malak bari teu asa-asa neunggeul korbanna. Waktu aya nu méré ukur Rp 5000, maranéhna nolak, sabab ngarasa teu dihargaan.

"Muhun, nu tiluan téh tos dibangkol dumasar kana kajadian éta," ceuk Kapolsek Kertasari Iptu Ahmad Nurdin, Jumaah.

ADVERTISEMENT

Malak téh ménta hiji barang atawa duit kalawan mamaksa. Éta numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI).

Dina basa Sunda, kecap "Palak" ngandung harti anu béda jeung ménta banda kalawan maksa. Palak mibanda harti langit, élmu ngeunaan béntang-béntang di langit, atawa palakiah anu hartina tarékah.

Ménta banda kalawan paksa dina basa Sunda dingaranan "Pajeg". Dina mulana mah mémang pajeg téh minangka duit séwa anu dibikeun ku rahayat ka pamaréntah.

Pamaréntah ngajieun aturan ngeunaan pajég sahingga aya "daya paksa" keur rahayat. Dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2009) aya frasa "pajeg kapala", nyaéta pajeg anu dipulut ti padagang, patukangan, pamayang, jeung lain-lainna.

Teu ditétélakeun kumaha ari status "pajeg kapala" téh, naha lampah anu sah numutkeun aturan pamaréntah atawa "kaulinan" jelema satingkat kapala anu boga tanaga tur kawasa di hiji wilayah.

Meureun nyonto ti dinya mimitina aya pajeg ti rahayat ka rahayat. Rahayat nu boga tanaga tur kawasa majeg ka sahandapeunana. Préman majeg ka nu lemah, warga lokal majég ka wisatawan, pamaréntah desa majeg ka warga miskin anu kakara meunang bantuan, jeung réa-réa deui.

Ayeuna, keur urang Sunda, rék maké kecap "palak" atawa "pajeg" ceuk rarasaan mah sarua baé hartina: ménta banda kalawan paksa.

Sumbu Pondok

Howard Thurman ngaprédiksi hiji komunitas masarakat bakal lumpuh saupama terus-terusan ngandelkeun datangna komunitas lain ka tempat hirupna.

"Community cannot for long feed on itself, it can only flourish with the coming of others from beyond, their unknown and undiscovered brothers," ceuk Thurman sakumaha dikutip dina buku Pengetahuan Dasar Ilmu Pariwisata, beunangna I Ketut Suwena jeung I Gusti Ngurah Widyatmaja (2017).

Contona, masarakat di hiji tempat wisata anu teu kawadahan sangkan bisa jadi masarakat kréatip dina enggoning pangwangunan lokasi wisata éta, bakal lumpuh lamun euweuh pisan wisatawan nu datang.

Padahal, tabéat wisatawan teu salalawasna datang ka tempat nu sarua jalaran bosen, geus sababaraha kali datang, atawa di tempat éta teu aya hal anyar anu bisa dini'mati sabab masarakat sabudeureunana teu boga daya kreatip keur ngajieun "nu anyar".

Nalika daya kreatip lemah, nu mucunghuk nya kalakuan anu kurang pantes jiga pamalakan. Malak téh sumbu pondok.

Jelema jadi tukang palak, kumaha waé carana, rék ngetok karcis parkir jadi mahal pisan, atawa ménta sacara cuma-cuma, éta ku sabab maranéhna teu bisa mikir panjang. Teu aya waktu anu antaré keur mikir panjang sangkan bisa ngahasilkeun duit ku jalan anu wajar.

Jalan wajar ngahasilkeun duit di antarana ngajieun prodak anu basisna kabéungharan alam di sabudeureun lokasi wisata anu boga niléi jual. Pamaréntah tangtu boga ahli-ahli anu bisa ngarumuskeun prodak naon anu pantes kalawan wijaksana dina ngokolakeun sumber daya alamna. Da ayana kelompok "sumbu pondok", sanyatana jadi tugas pamaréntah ogé keur méré solusina.

Ulah Ninggalkeun Generasi Limbah

Panyajak Celurit Emas, yaktos Kiai D. Zawawi Imron nulis "Qasidah Air Mata", di jerona aya peperenian kecap lemah téh sarua jeung limbah.

Al-Quran dina surah A-Nisa ayat 9 natratkeun yén ulah sakali-kali wani ninggalkeun generasi limbah.

Tafsir At-Thabari beunangna Ibnu Jarir At-Thabari (224-310 H) nétélakeun ayat éta téh di antarana maréntah pikeun hiji jelema anu ngarandapan gering terus aya kamungkinan tilar dunya harita kénéh, ulah wasiat hayang mikeun harta ka deungeun-deungeun, saacan mastikeun anak-anakna dina kaayaan jeujeuh hartana. Anu ku harta éta anak-anakna bisa
sakola, ngaronjatkeun pendidikan jeung mampuh ngayugakeun pausahaan keur nyambung hirup.

Hikmah tina jero Al-Quran mah lumaku umum. Hartina bisa dilarapkeun kanu kasus-kasus séjén. Contona: pamaréntah cenah hayang aya generasi Indonesia Emas tahun 2045, atuh ti ayeuna kénéh ulah ninggalkeun generasi limbah.

Coba titenan iber di detikJabar ngeunaan lima nonoman anu malak pamudik di Garut, umurna paling ngora 17 taun, paling kolot 22 taun. Umur-umur anu kuduna keur meujeuhna meunang perhatian nu gedé ti saluhureunana, sangkan pola pikirna tumuwuh tur kembangan kalawan séhat, loyog jeung aturan hukum kalih étika.

(yum/yum)


Hide Ads