Dua urang warga Kota Tasikmalaya dibawa ka pangadilan. Margina mah éta nu duaan téh miceun runtah di sambarang tempat, cindekna di tempat anu dilarang miceun sampah di dinya.
Panyaramna teges, pidana, sakumaha kaunggel dina Pasal 2 ayat 1 Peraturan Daerah Nomor 5 Tahun 2008. Dina aturan éta dijentrékeun, saha waé anu miceun runtah, kokotor, atawa rongsokan séjénna dina jalur, berm, trotoar, tempat umum, tempat palayanan umum, jeung tempat sejenna, dijiret pidana paling lila 3 bulan pangberokan atawa denda paling loba Rp 3 juta.
Enceng Suhendra warga Kalurahan Sukarindik, Kecamatan Bungursari jeung Ita Rosita warga Kalurahan/Kecamatan Mangkubumi, Kota Tasikmalaya antukna nyinghareupan sidang poé Jumaah (17/5/2024). Warta ieu minangka panyintreuk bab runtah ti Tasikmalaya.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Dina sidang, Hakim Pengadilan Negeri (PN) Tasikmalaya, Dewi Rindaryati ngaragragkeun vonis mangrupakeun denda Rp 200 rebu atawa kurungan salila tilu poé, terus mayar waragad perkara Rp 5 rebu.
Dian, anakna Enceng cumarita ka detikJabar réh bapana milih mayar Rp 200 rébu batan kudu nyirekem tilu poé di pangberokan, anu bakalna ngaganggu kagiatan sapopoé dagang bungbuahan di Pasar Cikurubuk, Tasikmalaya.
"Nya milih denda waé Rp 200 rebu," pokna.
Baca juga: Balitungan Vina jeung Eky |
Enceng, numutkeun Dian, beunang ku jiretan hukum téh pedah kaperego miceun runtah ti imah ka Jalan Brigjen Sutoko. Di dinya geus aya gundukan sampah anu disebut tempat pembuangan sampah ilegal.
Di lembur Enceng, éstuna mah aya tukang sampah anu operasi dua kali dina saminggu. Hanjakalna, di hareupeun imah Enceng, teu aya tong sampah anu nyababkeun Enceng miceun runtah ka tempat séjén, sakalian indit kasab.
Ceuk Dian, bapa jeung kulawargana narima yén kudu mayar denda da rumasa salah. Tapi harepan mah hukum téh adil. Ulah seukeut ka nu kaperego hungkul ku Satpol PP, tapi ka anu saméméhna miceun runtah di Jalan Brigjen Sutoko ogé.
Enceng jeung Ita Kudu Jadi Conto
George Orwell nulis novel judulna "1984" (dibaca: ninteen eighty-four) anu medal taun 1949. Jerona kurang leuwih ngagambarkeun kondisi di mana nagara fasis ngalarapkeun pamencrong 24 jam pikeun warga-wargana. Nalika hiji warga mumpang tina aturan, mangka harita kénéh baris datang hukumanana.
Ari Tasikmalaya mah tangtu lain "fasis", katempo tina aturan anu dilarapkeun, hususna bab runtah, teu sasaklek sakumaha anu diatur dina Peraturan Daerah (Perda) Kota Tasikmalaya, sakumaha contona katangén dina kasus Enceng jeung Ita. Anu asalna kudu denda Rp 3 juta, ngan jadi Rp 200 rébu.
Hartina, aturan di urang mah lain keur ngariripuh wargana, tapi supaya tumuwuh kasadaran dina diri unggal jelema yén ngajaga kabersihan téh pardu aén, jadi kawajiban keur unggal jelema. Bisa jadi hiji waktu mah warga anu kawengku aturan éta, kabéh saladar runtah téh ulah dipiceun di mana waé, tapi kudu dina tempatna anu legal.
Tapi apanan Satpol PP salaku bagéanana anu ngadegkeun aturan daerah, teu bisa mencerong unggal waktu. Dipasang CCTV di aréa-aréa anu aya panyaram miceun sampah ogé samalah kudu gawé dua kali sabab kudu néangan idéntitas jelema anu katémbong dina CCTV keur miceun runtah.
Nu matak "sakaperegona", supaya nu kaperego terus dibawa ka pangadilan téh jadi conto pikeun balaréa. Hartina, ngingetan warga mah jigana moal kudu néwak kabéh wargana, heurin atuh pangadilan. Cukup baé anu geus katéwak jadi conto pikeun balaréa.
Baca juga: "Hirup mah Kudu Daek Cape!" |
Naon sababna bet dibawa ka pangadilan? Sabab bangsa urang mah kudu kontan, kudu pok torolong, kudu prak bari karasa balukarna. Sabaraha ratus ahli di widang lingkungan ngajéntrékeun yén sampah téh bisa nyababkeun banjir, da teu jadi pépéling majar banjir mah jauh, ké datangna ari usum hujan. Boro ku banjir kétah! Imaji buana larang anu ngagolak ampul-ampulan gé teu matak jadi sieun keur urang-urang mah. Nu matak aya Perda bab runtah, supaya nalika prak miceun sambarangan, harita kénéh dicerek.
Béh dituna mah miceun runtah téh lain waé ulah sambarangan komo di tempat anu geus aya aturanana, tapi di satungkebing jagat. Rék di gunung, di leuweung, di pasir, di laut, di basisir, di walungan, di jalan raya, di Jepang, di Rancaekek, di buruan Gedung Sate, teu meunang sambarangan miceun runtah. Méntalitas miceun runtah kana tempatna kudu jadi getih jadi daging dina awak bangsa urang.
Dina Islam aya ucapan anu kakoncara yén kaberesihan téh bagéan tina iman. Palebah iman mah, darajatna lain saukur ngarasa dipencrong ku Satpol PP atawa ku CCTV, tapi ku nu Mahauninga, Gusti Allah SWT.
Daerah Séjén Bisa Nyonto
Sateuacan kajadian Enceng jeung Ita dibawa ka pangadilan lantaran miceun runtah, aya kajadian pamuda miceun runtah palastik di Cianjur. Panumpang hiji mobil anu katingker macet, miceun runtah ka walungan Cikundul, di Cipanas, Cianjur, Saptu (13/4/2024).
Jelema dina mobil séjén geus mencét klakson, minangka méré pepeling yén éta pamuda ulah miceun di dinya. Tapi klakson tinggal sorana. Pamuda teu ngartieun, sahingga sampah ti jero mobil ngaborolo ka walungan.
Untungna aya jelema dina mobil séjénna deui mideo. Video éta pamuda keur miceun runtah viral di média sosial. Kalakuan nu matak wirang téh jadi omong kabéh jelema di internet.
Baca juga: Sumbu Pondok Tukang Palak |
Antukna, pamuda téh kapanggih sabada dipaluruh tina pelat nomer mobil anu dipakéna. Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Cianjur singkil, éta pamuda sabalad-balad digero ka kantor dinas, terus dititah ménta hampura ka warga Cianjur ngaliwatan video klarifikasi.
"Ari sanksi anu loyog jeung Perda mah memang teu acan dilarapkeun kana kajadian ieu, sementawis sanksi sosial heula," ceuk Kepala DLH Cianjur, Komarudin ka detikJabar, Senén (15/4/2024).
Keun waé sanksi sosial heula, nu penting aya dampakna, yén tina dua conto daerah di luhur, urusan runtah di Jawa Barat, aya sanksi formal jeung sanksi sosial anu dangong nungguan anu mungpang aturan. Daérah-daérah séjénna ogé bisa nyonto yén perkara runtah lain perkara nu bisa disapirakeun.
(yum/yum)