Tos leuwih ti dua minggu kajadian anu niwaskeun Vina jeung Eky di Cirebon taun 2016 kaguar deui. Nu ngalantarankeuna mah nyaéta pilem "Vina: Sebelum 7 Hari" anu mimiti medal di bioskop ping 8 Mei 2024. Nepi ka danget ieu, pilem téh tos dilalajoan ku leuwih ti 5 juta jelema.
Vina jeung Eky téh rumaja anu jadi korban kejina géng motor. Vina diperkosa gumilir. Laju duanana dipaténi. Tina kasus ieu, 11 urang palaku ditetepkeun jadi tersangka. Tina jumlah éta kakara 8 urang anu beunang vonis.
Saurang nu ngaranna Saka Tatal geus bébas. Anu tujuh, nyaéta Rivaldi Aditya Wardana, Eko Ramadhani, Hadi Saputra, Jaya, Eka Sandi, Sudirman, jeung Supriyanto masih kudu nyirekem di pangberokan. Salila 8 taun, tiluan deui buron: Pegi, Andi, jeung Dani.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Sabada pilem medal, kasus ieu réa deui diobrolkeun di media-media massa, katut média sosial anu dina taun 2016-an mah médsos jeung nu makéna can pati mahabu.
Polda Jawa Barat ogé nguniang. Dina poé Salasa (21/6/2024), buron nu ngaran Pegi alias Perong dicerek Direktorat Kriminal Umum (Ditkrimum) Polda Jabar di Bandung. Pegi sempet ganti ngaran jadi Robi, manéhna di Bandung gawé kuli nuturkeun bapana.
Tinggal duaan deui, Andi jeung Deni. Tapi Pulisi yakin yén nu duaan téh bakal beunang. Kabid Humas Polda Jabar, Kombes Jules Abraham Abast sakumaha dikutip detikJabar, Jumaah (24/5/2024), nandeskeun yén kasus ieu bakal réngsé sagancangna.
"Kami nyindekkeun yén kasus ieu gé diréngsékeun kalawan transparan, supaya caang padang narawangan," ceuk Kombes Jules.
![]() |
Kaguarna deui kasus nu niwaskeun Vina jeung Eky di Cirebon lain hungkul jadi harepan yén hukum anu diadegkeun di urang bakal meré rasa adil pikeun kulawarga korban, tapi jadi atikan keur sarerea yén hirup téh gening aya balitunganana.Lamun melak cabé bakal jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg. Milampah hadé ngadatangkeun hadé, lampah goréng tangtu nu datang goréng.
Pasal 1 ayat 3 Undang-Undang Dasar 1945 nyebutkeun yén Indonesia téh nagara hukum. Sakabéh pangeusi ieu nagarana boga posisi anu sarua di hareupeun hukum (equality before the law).
Hartina rék kajiadian hukum tumiba ka jelema kelas elit atawa kelas alit, panganggeusanana bakal sarua. Nu jado korban bakal meunang rasa adil jeung palakuna bakal meunang walesan anu satimpal.
Nanging, saideal-idealna hukum meunang kasapukan warga nagara, pasti aya kurang nalika prak diterapkeun dina kahirupan sapopoé. Sanajan sakabéh warga nagara ngarti yén hukum mibanda konsékuénsi nyaéta wawales, angger waé aya anu ngalanggar hukum mah kalawan alesan anu tangtu rupa-rupa.
Keur sawatara jelema, mungkin hukum téh énténg, manéhna bisa leupas tina jiretan kasalahan kalawan babari. Palaku kajahatan bisa waé lingas nepi ka teu beunangna ku aparat penegak hukum, tapi naha kalingasan éta téh masih bisa guna nalika nyinghareupan panghakiman anu sajati?
Keur urang Islam, sajaba ti percaya kana dedegan hukum nagara di nagara hukum, iman ogé kana yén Islam téh agama hukum.
Di langgar-langgar, barudak laleutik kénéh tos diajar bab wudu, hukum solat, hukum puasa, jeung hukum maling hak batur. Béh dieuna diajar yén ngarampog nyawa jelema téh dicaram.
Tapi kumaha lamun hiji kasus kajahatan di dunya téh teu berés jujutanana? Nyaéta korban kajahatan téh teu menang kaadilan jeung rasa adil? Urang Islam iman yén kasus éta bakal dibawa ka ahérat. Allah SWT anu kagungan asma Al-'Aadil (Nu Mahaadil), baris jadi hakimna. Al-Quran surat At-Tin ayat 8 nandeskeun: "Naha lain Allah téh hakim anu pangadil-adilna?"
Kieu contona. Jelema boga hutang ka si A. Terus teu mayar. Ditagih gé teu mayar kalahka ngamuk, babalieuran, ngelés terus ngiles. Salila si A teu rido, nepi ka maotna, nepi ka ahérat, éta hutang bakal ditagih. Sok komo "hutang nyawa" mah!
Pegi alias Perong geus ditéwak ku pulisi. Tapi, manéhna teu acan ngaku yén manéhna milu ngarogahala Vina jeung Eky. Ditanya ku sepuhna waktu sepuhna datang ka Polda Jabar, Perong gé ngadongéng yén manéhna teu apal nanaon bab Vina jeung Eky.
Keun waé heula, da panyidikan terus lumangsung. Pulisi digawé kalawan taliti, ngumpulkeun bukti-bukti nu cukup yén anu ditewak téh bener Pegi nu éta, anu salila 8 taun buron.
Publik kabéh miharep ieu kasus téh gancang réngséna, sangkan jadi eunteung yén muga-muga teu aya kajadian sarupa deui, isuk jaganing géto.
(yum/yum)