Dina tengahing hirup anu parebut, pahibut, tur pabaliut, nepi ka aya jelema-jelema anu ngahalalkeun sakabéh cara jiga Niccolo Machiavelli, jorojoy aya mata cai kawijaksanaan.
Mata cai éta téh mangrupakeun dongéng ti Baduy anu reumbeuy alaeunana, nu dibawa ku Ronny Hendrawan, dosén FSRD ITB manten, anu ayeuna keur getol ngarintah-rintahkeun kawung jeung dongéng kawung ka sakur gunung di Jawa Barat.
Baca juga: Tuhuna Sakadang Anjing |
Basa tepang di Lebakkaso, suku Gunung Geulis, Sumedang, Kemis (9/5/2024), éta sepuh téh keur dina raraga néang kongkoak kawung. Umumna, kawung téh tumuwuh alatan polah sato nokturnal ngaranna careuh.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Tapi heup, teundeun heula carita kawung. Dina sasemplék obrolan sareng mantenna, aya carita ngeunaan obrolan saurang gegedén di Jawa Barat jeung Jaro Saidi di Baduy. Tapi kajadian éta téh waktu Sang Gegedén, teu acan jeneng gubernur, masih salaku sékrétaris daérah.
Harita, Ronny ditelepon réktor ITB, sangkan milu ka Banten. Ari di ditu, geus nyampak rombongan pamarentah Provinsi Jawa Barat. Saacan taun 2000, Banten masih asup ka administratif Jawa Barat.
Di ditu, Ronny nyaksian obrolan Sang Gegedén jeung Jaro Saidi. Satutasna ngaliwatan rawayan, Gegedén nempo aya barudak Baduy umuran sakola SD, tiluan keur arulin di buruan imah.
Anu arulin téh sajaba ti lulumpatan silih udag, ogé pating térékél kana tangkal. Bari jeung teu ditalingakeun ku kolotna, atuh pan kolotna arindit ka huma ari isuk-isuk mah.
Gegedén anu nempo éta budak tiluan téh malédogkeun tilu pananya ka Jaro Saidi, numutkeun ingetan Ronny.
1) Jaro, naha barudak téh teu sarakola? 2) Jaro lamun teu sarakola, kumaha engke gedé maranéhna digawe néang jangeun dahar? 3) Jaro éta barudak lamun labuh terus tatu atawa potong kumaha ngubaranana kapan jauh ka Puskesmas?
Kumaha jawaban Jaro Saidi? "Bapa Gede!", ceuk Jaro Saidi ka Sang Gegedén. "Nu penting mah lain sakola tapi nyakola". Maksud Gegedén nanya soal sakola, sabab ku jalan sakola hirup jadi leuwih gampil. Teu kudu gawé capé, gawe beubeuratan.
Lamun barudak di Baduy teu sarakola, naha nalika gedé bisa digawé ku cara anu gampil tapi hasilna mucekil? Jaro Saidi ngajawab yén sajatining hirup lain soal hasil.
"Bapa Gede, ari hirup mah kudu daék capé. Sabab dahareun lain tina hasil capé sok matak gering!"
Baca juga: Nyaliksik Pandita Ratu |
Pananya anu katilu kumaha lamun barudak cilaka Samisalna tulang leungeun potong sabab labuh. Ceuk Jaro, réh urang Kanékés mah tara riweuh maké kudu ka Puskésmas.
"Kari oméan," jawabna.
Peun. Sakitu dongéng anu matri dina ingetan Ronny. Anu rasana, eusi "kasaksian" éta téh loyog kénéh jeung kahirupan kiwari. Dongéng anu ngagoong.
Naha jelema anu sarakola téh nyarakola? Naha nu sarakola téh babari hirup? Naha sakola téh bisa ngajamin nu sarakolana henteu kedul tur daék capé? Goong kalimah pananya beuki ngentrung.
Pungli
detikJabar keur ngayakeun liputan tématik ngeunaan Pungli atawa pungutan liar. Dongéng ti Baduy téh bét asa nurub cupu keur ngajawab kondisi samodél kitu kiwari.
Ari pungli téh réréana ménta kalawan maksa. Rék maksa sacara langsung atawa ngajieun situasi anu "maksa", hartina teu méré pilihan séjén keur korbanna iwal ti kudu nyébakeun duit atawa banda lianna.
Cenah mah pungli téh lain ukur akronim, tapi aya tapak lacakna dina basa Cina. Nyaéta kecap 'Pung' anu hartina séba jeung 'Li' nu hartina bati. Lamun dihijikeun, Pungli boga harti séba bati. Teu nyamos jeung prakték pungli di urang kiwari.
Naon pangna jelema bet migawé pungli? Loba pisan alesanana. Tapi di antara anu dipedarkeun ku Frans Eutimus Tarigan dina skripsi judulna "Kajian Hukum tentang Penanggulangan Tindak Pidana Pungutan Liar di Kawasan Pariwisata Pemandian Air Panas Sidebuk-debuk Kabupaten Karo", Universitas Medan Area (2023), alesan pungli téh: Lemah iman jeung kedul.
Iman, atawa kayakinan réhna hirup téh aya nu ngayuga, aya nu ngatur, aya nu ngajeujeuhkeun, aya nu mencrong, terus aya balitunganana, boga bagéan penting dina diri hiji jelema. Tanpa Iman jelema bakal garing batinna. Antukna, lain baé hirup teu nincak kana aturan, tapi hirup teu boga tujuan.
Baca juga: Sumbu Pondok Tukang Palak |
Nyambung. Iman mangaruhan kadaék. Jelema iman, tangtu daék digawé, daék capé. Sabab, di antara eusi ajaran iman, aya kapercayaan yén digawé téh mulya, digawé téh ngajauhkeun diri tina ménta-ménta, tina ménta kalawan paksa, tina pungli anu deukeut-deukeut kana korupsi.
Pamaréntah boga paréntah keur ngaberesihan kagiatan pungli, dumasar kana Peraturan Presiden (Perpres) nomer 87 taun 2016 ngeunaan diadegkeunana satuan tugas sapu bersih pungutan liar. Tapi nu teu éléh pentingna dina bab pungli, nyaéta kumaha carana sakur jelema sadar yén hirup mah kudu daék capé.
Naha bener lamun "dahareun" lain meunang capé téh matak gering? Jaro Saidi seukeut panempona lan waspada. Kocap kacarita di lingkungan Pamarétah Jawa Barat aya kasus rarampid duit Rp2,5 miliar bab mobil pemadam kebakaran. Nu milu dahar di dinya, kantos disumanggakeun calik dina kursi pesakitan.
(dir/dir)