Tuhuna Sakadang Anjing

Narawangan

Tuhuna Sakadang Anjing

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 28 Apr 2024 10:30 WIB
Evakuasi jenazah lansia sebatang kara yang hidup bersama anjingnya di Bojonegoro.
Evakuasi jenazah lansia sebatang kara yang hidup bersama anjingnya di Bojonegoro. (Foto: Istimewa)
Bandung -

Upama Hachiko, anjing ras Akita di Jepang perelu mangtaun-taun keur nyusul dununganana, Hidesaburo Ueno anu tilar dunya taun 1925, ka alam baka, anjing di Bojonegoro, Jawa Timur mah teu perelu.

Sabot parab bikeunan pemadam kebakaran anu baris ngaévakuasi layon dununganana, Juwita (78) béak. Anjing téh milu tilar dunya. Aya nu ngaduga-duga jalaran manéhna stress nénjo dununganana maot.

Juwita téh hirup sorangan di imahna di Jalan Jaksa Agung Suprapto, Kalurahan Karangpancar, Bojonegoro, dibaturan ku sakadang anjing.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Saban poé, tatanggana sok nempo Juwita sasapu buruan imah. Tapi, basa Rebo (24/4/2024) mah, Juwita teu katempo di buruan. Lampu-lampu imahna gé ngalempray kénéh najan geus beurang.

Atuh tatangga anu curiga terus mariksa ka jero imahna. Tabuh 16.00, katangén, Juwita geus kantun layon. Tapi, tatangga rék asup téh ngarengkog sabab anjing anu tunggon ngagogogan, baris taki-taki bisi tatangga téh mergasa mayit dununganana.

ADVERTISEMENT

Teu béak akal, tatangga ngalapor ka Super Hero, nyaéta pemadam kebakaran, di sagédéngeun ngalapor ogé ka pulisi. Ku pemadam, anjing téh dibangbalérkeun maké parab. Sabot ngalimed, layon dununganana diévakuasi. Tapi nu matak ngangres, ari béak parab, anjing téh milu tilar, nyusul Juwita ka alam baka.

Kitu dongéng anjing jeung Juwita anu dikutip ku detikJabar. Dongéng-dongéng ngeunaan tuhuna anjing mémamg remen pisan kabaca atawa kadéngé.

Éta, tandaning yén sato anu dina Islam mah mibanda kadar najis, bisa satia ka jelema, ngajénan jelema, samalah bisa sakulah-sakolih (sehidup-semati) jeung jelema.

Ulama prolifik ti Banten, Syéh Nawawi Al-Bantani samalah boga catetan husus ngeunaan anjing. Dina Kasifatussaja kaca 88, disebutkeun ku mantenna yén anjing bisa dipaké eunteung keur jelema, sababna, aya sapuluh sipat anjing anu pinuji.

Tina sapuluh éta, sipat nomér tilu anu loyog jeung bahasan ieu. Nyaéta, lamun hiji dunungan nitah nyingkah ka anjing sarebu kali dina sapoé, si anjing moal burung balik deui jeung balik deui, lantaran boga sipat tuhu. Kasatiaan ieu, ceuk Syéh Nawawi, sipatna jalma-jalma jujur. Dina kamus Sundadigi, jujur téh boga harti teu cidra.

Teu cidra, lain baé urusan jangji hiji jelema ka jelema, atawa jangji anjing ka dununganana. Tapi ogé ngeunaan komitmen. Di antarana komitmen kamanusaan.

Dina enggoning hirup kumbuh sapopoé, ayana hukum téh mangrupakeun komitmen kamanusaan, sangkan jelema bisa ngajénan jelema séjénna. Palebah dieu, memang perelu kasatiaan, tuhu kana komitmen.

Tar-Tér-Tor Tilu Témbakan

Lamun téa mah péstol téh ngautahkeun pélor, tangtu Ajis Maulana (17) geus ngajongkéng ditarajang tilu témbakan. Untungna, péstol téh teu aya péloran sahingga Ajis anu kakara balik ti pasar Ujungberung nganteurkeun lauk jualeun, salamet.

Reuwas kareureuhnakeun, Ajis terus ngadongéng ka kolotna, yén nalika rék bélok ka gang imahna di Pasirwangi, Ujungberung, Rebo (24/4/2024), aya dua urang samotor papaliwat jeung manéhna. Meureun ngageroan, tapi ku Ajis teu dipaliré, puguh ogé poék saméméh subuh jeung teu pati wawuh kana rigigna.

Barang Ajis asup ka gang, motor nu ditumpakan ku dua jelema téh ngarandeg dina sungut gang. Nu nyetiran laju mesat péstol terus nembak tilu kali. Tar, tér, tor! Teu puguh-puguh, Ajis ditembak. Video "koboi" ieu sumebar di internet.

Kapolsek Ujungberung, Kompol Subana ngaenyakeun yén aya kajadian éta di Ujungberung. Sakumaha diwartakeun ku detikJabar, Jumaah, pulisi méré kapastian péstol nu dipaké ku nu némbak téh jinis airsoft gun.

Kajadian nu karandapan ku Ajis Maulana nimbulkeun tanda tanya. Ari nu némbak, naha teu boga kominten kana kamanusaan? Yén sacara hukum positif atawa hukum agama, maéhan sasama jelema téh dilarang tanpa alésan anu diwenangkeun. Ieu mah kalahka némbak. Enya gé airsoft gun, mun teu maot gé tatu. Nyababkeun batur tatu, sarua dicaramna ku hukum.

Oh, paingan naskah-naskah agama nyebutkeun mahluk jinis jelema anu diciptakeun jangeun nempatan darajat anu mulya téh, sakapeung mah bisa ragrag kana darajat sato, samalah leuwih hina batan sato. Conto anu kabaca di luhur, némbongkeun réhna aya jelema anu tuhuna kana komitmen kamanusaan téh éléh ku tuhuna anjing.

Tara Téés ka Luhur

Paribasa, uyah mah tara téés ka luhur. Kamus Sundadigi nyebutkeun paribasa éta ngandung harti yén kabodoan atawa kajahatan sok turun ka anak.

Ari jelema anu téga ngabedil jelema séjén anak saha? Tangtu anak hiji masarakat. Ari masarakat téh anak saha? Dina dedegan hiji nagara, tangtu anu jadi kolot pikeun masarakat téh euweuh deui iwal ti pamaréntah anu dijerona aya pajabat boh pajabat politik atawa birokratik, katut gegedén-gegedén lianna.

Unggal poé masarakat maca, ngadéngé, jeung lalajo kumaha komitmen kamanusaan dirémpak ku kolotna sorangan, ku anu ngokolakeun nagara.

Anu kakara kamari contona, Tuan Sambo ngabedil anak buahna nepi ka tiwas.

Atawa anu keur haneut jadi obrolan di média sosial X ayeuna, ngeunaan hiji sakola SLB meunang bantuan alat-alat keur kabutuhan murid-murid disabilitasna ti Korea, tapi nepi ka kiwari can bisa kacokot sabab diduga aya "prosedur" anu pinuh biaya di Bea Cukai. Salaku kolot, lain méré solusi keur anak, tapi nibankeun bangbaluh. Jeung réa-réa deui conto séjénna anu patali jeung kamulusan moral para pamingpin.

Filsuf Islam, Al-Ghazali dina Ihya Ulumiddin Juz 2 kaca 357 méré kamandang kumaha karuksakan tumiba di hiji nagara.

"Karuksakan masarakat disababkeun ku ruksakna panguasa, ruksakna panguasa jalaran ruksakna kaum ulama-cendikia, ruksakna ulama- cendikia sabab maranéhna meumeut kana harta jeung jeung jabatan dunya,

(iqk/iqk)


Hide Ads