Taun anyar Islam 1446 Hjiriah téh tumiba dina poé ieu, Minggu 7 Juli 2024. Salin taun anu dibarung ku hujan ngecrek sababraha poé saméméhna. Pangdunga mah, muga-muga hujan téh mawa berekah, tangtuna mah méré kahégaran anyar pikeun harti anu anyar.
Sakumaha nénéhna, taun hijriah téh dingaranan kitu dumasar kana kajadian Kanjeng Nabi Muhammad SAW hijrah. Nyaéta, pindah témpat pikeun nyingkahan bahaya jeung nyorang harepan anyar yén da'wah Islam baris loba nu narima.
Baca juga: Maluruh Ubar keur Panyakit Judi |
Hijrahna Nabi katut rombongan kalawan rerencepan ti Mekah ka Madinah jadi tunggul dimimitianna taun hijrah, tug sesebutanana dipaké nepi ka ayeuna, nyaéta hijriah. Jiga-jigana, lamun di-Sundakeun, kecap hijriah téh mibanda harti "ka-hijrah-an" atawa "anu sifatna hijrah".
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Numutkeun kecapna, hijrah miboga harti "pindah", tapi lamun nempo kana sumanget hijriah, tangtu pindahna téh lain saukur nyingkah ti hiji tempat ngajorag tempat séjénna, tapi pindah ka tempat jeung kaayaan anu leuwih hadé tinu saméméhna.
Taun hijriah anyar ieu disambat ku balaréa. Saréréa ngaéksprésikeun kabungah yén urang aya pakuat-pakait batin jeung Islam. Di pilemburan Sunda, geus turun-tumurun aya adat atawa tradisi ngareuah-reuah datangna taun anyar Islam anu ngancik dina bulan Muharram. Aya tradisi Wuku Taun, Bubur Suro, jeung sajabana, kaasup anu kakiwarian, Pawéi Obor.
Tina sakabéh tradisi ngareuah-reuah Muharram, loba lenyepaneunana. Di antarana, anu utama nyaéta ngalenyepan harti hijrah keur jaman kiwari. Hijrah tangtuna kudu dianyarkeun deui hartina di jaman modérn anu pinuh téknologi canggih jeung jelema loba nu geutas harupateun, loba nu gancang ambek ieu.
Hijrah Ngalawan Kolonialisme
Nurub cupu, salin taun hijriah 1446 di Bandung mareng jeung acara Festival Asia-Afrika anu diayakeun di Alun-Alun Kota Bandung, Saptu (6/7/2024). Wawakil ti nagara-nagara dua benua daratang. Sakalian mieling Konferensi Asia-Afrika nu ka-70.
Sakumaha umumna festival, kontingen ti sababaraha daérah di Indonesia, komunitas, palaku seni, jeung réa-réa deui, mintonkeun kaparigelanana dina ngaékpresikeun kamerdikaan. Bari teu mopohokeun yén aya nagara anggahota Konferensi Asia-Afrika (KAA) anu tacan merdika. Cindekna, Palestina.
Loyog jeung harti hijrah pikeun ngajorag hal anu leuwih hadé, sora anu ngagoong ti Festival Asia-Afrika di Bandung téh di antarana kamerdikaan Palestina. Sakumaha diécéskeun ku Dirjen Informasi dan Diplomasi Publik, Kemenlu RI, Siti Nugraha Maulidian.
Cék inyana, dikutip detikJabar, sumanget KAA tahun 1955 loyog kénéh nepi ka ayeuna. Yén Indonesia nagrojong sakabéh nagara nu aya di Asia jeung Afrika ngabeunagkeun kamerdikaanana.
Merdika lain wungkul tina pangjajahan fisik, tapi ogé "pangjajahan" ekonomi, budaya, jeung sajabana, sakumaha diwanti-wanti ku Presiden Soekarno harita.
Situs UICI.ac.id ngutip pidato Soekarno, yén saéstuna kolonialisme téh acan pareum lamun nagara-nagara di Asia-Afrika can merdika. Kolonialisme ogé sok salin rupa kana wanda pangawasaan ékonomi, intelektual, jeung matéril ku bangsa asing anu hirup di tengah-tengah masarakat.
Dasasila Bandung
Konferensi Asia-Afrika taun 1955 di Bandung ngalahirkeun sapuluh sila anu kawéntar ku Dasasila Bandung. Eusina ngeunaan rupa-rupa hal anu patalina jeung kamandirian bangsa.
Hiji heula wé urang kutip di dieu. Nomer hiji tina Dasasila Bandung téh yén bangsa-bangsa di Asia-Afrika baris mihormat kana hak-hak dasar manusa, atawa anu kiwari disebut HAM, sakumaha anu dicutat dina piagam Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB).
Dina piagam PBB, aya 30 macem nu disebut HAM téh, di antarana aya nu disebut Hak Tanpa Diskriminasi. Nyaéta, teu aya saurang ogé anu bisa diapilainkeun.
Ngapi-lainkeunna mah bisa dina bab ras, warna kulit, jenis kelamin, bahasa, agama, katut opini politik. Numutkeun piagam PBB, teu aya saurang ogé anu wenang didiskriminasi.
Tapi anyar kénéh, LBH Bandung ngaguar aktivitas diskriminasi, samalah disebutna Pelanggaran HAM, dina kajadian Satpol PP Kabupaten Garut nyégel masigit anu dipake ibadah ku kelompok Ahmadiah, sakumaha diiberkeun ku detikJabar, Saptu (6/7/2024).
Mémang aya fatwa MUI anu jadi dasar Satpol PP nutup éta masigit. Tapi ku LBH Bandung, ku sabab Satpol PP bagéan tina "nagara", disebutna nagara teu hadir jadi panengah pikeun wargana. Sabalikna, nagara milu nyégél, nuturkeun aduan ti masarakat anu dominan.
Basa nulis Narawangan ieu, Saptu peuting, hujan kakara raat. Hawa seger maju ka tiris. Muga-muga waé aya kaberekahan tina datangna Taun Anyar Hijriah 1446 anu mawa hégar kana manah.
Baca juga: Lolongkrang 'Rejeki' Sajeroning PPDB Zonasi |
Kaimpleng deui sora hiji ustaz ngadongéngkeun Gusdur anu méré kamandang ngeunaan surat Al-Baqoroh ayat 120, halna urang Yahudi jeung Nasrani mah moal rido (ka urang Islam) saacan millah maranéhna diturutan.
Cék Gusdur, lamun urang Islam gé keukeuh maksakeun sakabeh kahayangna sarwa diturut, naon bedana jeung laku-lampah Yahudi jeung Nasrani? Wallahu A'lamu.
(orb/orb)