Lolongkrang 'Rejeki' Sajeroning PPDB Zonasi

Lolongkrang 'Rejeki' Sajeroning PPDB Zonasi

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 30 Jun 2024 07:31 WIB
Ilustrasi fokus (bukan buat insert) Kisruh PPDB Sistem Zonasi (Zaki Alfarabi/detikcom)
Foto: Ilustrasi PPDB (Zaki Alfarabi/detikcom)
Bandung -

Pantes saupama sastrawan Sunda gerot sakelas Ajip Rosidi ngedalkeun paniténna ngeunaan budaya korupsi. Réh gening korupsi téh geus jadi getih-daging bangsa urang.

Dina buku "Korupsi dan Kebudayaan" (2009), Pa Ajip nétélakeun kamandangna yén korupsi di nagara urang téh mimitina alatan para pagawé nagari dibéré gajih samporét, tapi diwenangkeun ngokolakeun proyék. Tina ngurus proyék éta, tangtu aya "rejeki" anu (teu) disangka-sangka.

Bakating ku parigel mangpuluh-puluh taun ngurus proyék, para oknum PNS téh geus kabiasaan ngajadikeun sagala rupa jadi proyék pirejekieun.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Anyar kénéh aya khobar ti Kota Bekasi, Jawa Barat. Kepala SMAN nitah mangjualkeun formulir Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) ka murid-muridna. Salambar formulir hargana Rp 25 rebu.

Lambaran formulir éta téh majar ceuuunaaah..., keur jaga-jaga bisi aya "kendala" nalika calon peserta didik (CPD) daptar PPDB Online. Padahal, kauninga ku balaréa yén PPDB téh gratis.

ADVERTISEMENT

Di Jawa Barat, sakumaha diiberkeun ku detikJabar, aya 222 anu dianulir tina PPDB Zonasi 2024 jalaran katohyan ngagunakeun dokumen domisili palsu.

Dokumen palsu téh cindekna saurang calon siswa anu jarak padumukanana ka sakolah anu dituju jauh, terus nyieun surat domisili di tempat anu leuwih deukeut ka sakola.

Bener ari PPDB Online mah gratis, tapi dumadakan ngajieun surat domisili di desa atawa kalurahan, naha murni gratis? Boa-boa ieu téh jadi lolongkrang "rejeki". Memang lain korupsi da lain ngarebol duit rahayat anu dipihapékeun ka nagara ngaliwatan pajak, tapi deukeut-deukeut kana pungli, ngarebol duit ti rahayatna langsung.

Komo, mimitina PPDB Zonasi téh kapan sangkan sakola narima murid kalawan rata. Teu aya di hiji sakola numpuk calon siswa ti golongan beunghar hungkul, atawa numpuk ti golongan sangsara hungkul. Tapi rata dumasar kana domisili aslina. Ari keur nu kagungan artos mah, moal boa gedé bongbolonganana keur moncoran pager zonasi.

Hadéna téh panitia PPDB-na rancingeus, nempo kasalahan kalawan teges nibankeun konsékuénsi hukumanana: Coret. Kaasup hadéna komitmen Pj Gubernur Jawa Barat, Bey Machmudin yén sakur aya anu curang dina nedunan sarat-sarat PPDB, pastina dibéré sikep teges.

Baheula, maksudna mah tangtu hadé, Méndikbub manten Muhadjir Effendi dina taun 2017 ngalarapkeun sistem zonasi dina PPDB. Nyaéta, supaya teu aya diskriminasi. Kabéh sakola rata nampa murid ti rupa-rupa kasang tukang.

Plt Dirjen PAUD-Pendidikan Tinggi Pendidikan Menengah Kemendikbud, Hamid Muhammad, sakumaha diwartakeun ku detikNews, Salasa (30/6/2020) netelakeun PPDB Zonasi ngalarapkeun sistem anu némbrak (transparan), akuntabel (bisa ditanggung-jawabkeun), objektif, jeung non-diskriminatif (teu ngapilainkeun).

PPDB anu némbrak jeung saterusna éta, bakal katempo, béh dieuna kakontrol ku saréréa, boh ku para gegedén atawa ku rahayat laleutik. Tapi, sarikip-rikipna sistem jieunan jelema, tangtu aya waé keur lolongkrang "rejeki" mah. Da saloba 222 CPD anu dianulir téh cindekna anu katohyan hungkul. Naha aya nu teu katohyan?

(mso/mso)


Hide Ads