Sateuacan para ahli matématika manggihan téori probabilitas, judi téh geus aya. Angka acak jeung kamungkinan-kamungkinan anu mucunghul tina aktivitas judi mémang ngélékéték, jiga tarucing anu ménta dipeupeuskeun jawabanana.
Lamun angka nu dipasang nincak kana angka nu bijil dina judi, tangtu bakal meunang. Tapi sakali meunang babandinganana sabaraha ratus kali probabilitas éléh?
Ku sabab mindeng pisan éléhna, antukna loba jelema bangkar, terus ngijeum duit ti pinjaman online (pinjol), duitna dipasangkeun deui kana judi. Muih terus teu aya anggeusna. Judi téh arang nu meunangna. Balukarna, tumuwuh kriminalitas, rumah tangga gé nepi ka runtag.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Baca juga: Panyintreuk Bab Runtah ti Tasikmalaya |
Anyar kénéh aya warta Polwan Briptu Fadhilatun ngaduruk salakina anu sarua polisi, Briptu Rian Dwi Wicaksono nepi ka tilar dunya, jalaran nu diduruk téh duduga mah sok judi online.
Di nagara urang, judi online téh geus jadi panyakit nu kronis. Parna. Sabab, sakelas pulisi waé anu gajina jélas, jenjang karir digawéna jelas, jeung jelas-jelas séjénna, masih kabita ku judi online.
Sok komo mangjuta-juta warga nagara urang séjénna. Numutkeun Pusat Pelaporan dan Analisis Transaksi Keuangan (PPATK) saloba 3,2 juta urang Indonesia miluan judi onlie.
Dikutip tina detikNews, eta anu mangjuta-juta jelema téh sapoéna ngabéakkeun duit minimal Rp100 rébu keur judi.
Judi di nagara urang terus parahna, lain saukur ditempo tina jumlah anu milu judina, tapi tina dampakna. Judi gedé pisan madaratna keur bangsa urang. Duit Rp100 rébu téh upama dipaké meuli béas keur dahar anu regana Rp14 rébu per kilo bisa meunang leuwih-kurang 7 kilogram, dipaké judi bari éléh mah béak saharitaeun.
Banget ku daruratna ieu bangsa ngarandapan panyakit judi, Présiden RI Joko Widodo nepikeun ka ngajieun Satgas Pemberantasan Judi Online anu dipayungan ku Kepres nomer 21 taun 2024. Ieu Satgas téh diluluguan ku Menko Polhukam Hadi Tjahjanto.
Kumaha Ceuk Hukum Agama jeung Nagara?
Al-Quran anu umurna rék 15 abad geus nétélakeun bab judi. Dina surah Al-Maidah ayat 90, Allah SWT ngandika yén judi téh kalakuan sétan belis.
"Saéstona khamr, judi, kurban keur patékong, jeung ngundi nasib téh rijsun (doraka), bagéan tina kalakuan sétan. Prak saringkahan supaya aranjeun pinanggih bagja,"
Dina tafsir At-Thabari beunangna Ibnu Jarir Ath-Thabari (pupus 310 Hijriah) dijéntrékeun naon ari kecap "rijsun" anu dipaké dina ayat di luhur. Numutkeun kamandang At-Thabari rijsun téh nyaéta: "Doraka jeung bau bangké anu dibendu ku Allah SWT".
Lamun tos kieu, urusanana lain kudu logika anu dipaké, tapi kaimanan. Sabab, lamun téa mah boga duitna tina hasil judi, tangtu éta téh di antara anu beunang cap "bau bangké".
Lamun maké basa kiwari mah: Jalma gélo nu mana nu beuki angseu bangké? Saupama aya kénéh anu resep judi, beunang disebutkeun éta jelema téh resep angseu bangké. Resep kana panyakit.
Kumaha ari ubar panyakit judi? Nagara tos netepkeun hukum pikeun jalma-jalma anu kasawat "panyakit" judi. Kitab Undang-undang Hukum Pidana (KUHP) ngatur yén anu judi atawa ngayakeun pajudian téh bisa dicerek kalawan Pasal 303.
Hukum agama boh nagara ngadeg sangkan jelema bérés. Sababna, hiji kriminalitas téh bisa nyababkeun kriminalitas séjén. Béh dieuna nyababkeun kasangsaraan anu teu eureun-eureun lamun teu buru-buru dieureunan.
Tinangtu loba alesanana naha hiji jelema bet tigebrus kana judi. Hanjakalna, naon waé anu jadi alésanana, ari balukar tina judi mah tetep karasa. Di antara nu pangkarasana nyaéta jelema barobah ti sangsara jadi leuwih sangsara.
Judi kiwari teu narajang ka jalma sangsara wungkul, anu niatna judi téh susuganan meunang, susuganan hirupna ngaronjat. Tapi, judi ogé terap kanu baleunghar, kanu duitna karandel, ka jalma-jalma nu boga kacukupan.
Ubar Panyakit Judi
Naon deui disebutna lamun judi téh lain panyakit? Kumaha atuh ubarna? Keur urang Islam mah ubarna teu aya deui iwal ti takwa.
Takwa téh "milampah sagala parétah, ninggalkeun sagala panyaram". Contona, jelema diparétah ku Allah SWT sangkan ngokolakeun séktor ril, anu di antarana dagang atawa jual beuli. Kaunggel dina Al-Quran: "Allah ngahalalkeun jual-beuli jeung ngaharamkeun riba", saterusna kaunggel, "Allah nyuburkeun jual-beuli jeung nyecelé riba".
Baca juga: Balitungan Vina jeung Eky |
Ayeuna, numutkeun data PPATK, sajelema ngaluarkeun duit Rp100 rebu sapoé keur judi. Mun sabulan 30 poe, sajelema geus aya Rp 3 juta. Coba nu Rp 3 juta téh dipake keur modal dagang cilor, telur gulung, cireng, cimol, seblak, és teh manis, és céndol, cakuéh, jeung réa-réa deui, tinangtu moal kabeulit ku judi online atawa pinjaman online.
Asa ngababarikeun! Pastina kitu panyangka anu maca. Padahal jaminan ti Allah SWT geus natrat dina surat At-Thalaq anu katelah ogé minangka Ayat Sarébu Dinar: "Saha waé jalma anu takwa ka Allah SWT, Mantenna baris nyadiakeun bongbolongan tur maparin rejeki nu teu disangka-sangka".
(mso/mso)