Anu marudik geus mimiti "ngaspal" ti H-7 lebaran, nyuckruk jalan-jalan ti kulon Jawa Barat muru ka tebéh wétan. Aya nu maké mobil, nu milu program mudik gratis, mahabu ogé anu maké sapédah motor.
Lalampahan mudik téh pinuh risiko. Buktina, sajumlah kajadian kacilakaan lalu lintas ngawarnaan poé-poé mudik. Teu saeutik di antarana nyababkeun aya nu tilar dunya.
Komo di Tol Bocimi kandaraan nu mudik tiporos kana palebah jalan tol anu longsor di deukeut Parungkuda, Sukabumi. Deudeuh teuing. Katempona mah jiga cai nguyumbang, barang digiles gening gorowong.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Baca juga: Ngagebah Reungit Panganteur DBD |
Di Tol Cipali, Anggota DPRD Jawa Barat tilar dunya sabada ngarandapan cilaka. Mobilna ringsek tiguling. Kitu ogé di pudunan Gentong, Tasikmalaya, ngamimitian usum mudik, mikrobeus ngajol ka jurang. Sababaraha jelema beunang tatu.
Tapina, kabéh risiko éta teu mantak nu séjén bedo mudik. Sagedé kumaha waé risikona, pasti ditarabas sangkan kasono ka lembur jeung kasono ka nu di lembur cupar kacumponan. Di lembur, loba dulur najan loba ogé nu diulur.
Mangkatna jelema dina waktu nu mareng, lir migrasi gedé-gedéan kandaraan motor. Ngaguruh. Jalan pinuh ku nu mesat gagang gasna sataker kebek bakating hayang buru-buru nepi ka nu dipikasono.
"Hésé meuntas di jalan téh, nu mudik geus riab!" ceuk Ki Lanceuk waktu tepung Jumaah peuting.
Nya geus jadi tabéat, jelema nu dipinuhan haténa ku kasono, ku rasa cinta ka lembur, pasti mamprung moro nu ditujuna. Sagala rupa risiko, kasedih, kapeurih salila di perjalanan, euweuh haritna di hareupeun cinta.
Musisi balada di Bandung, Mukti-mukti suwargi ngahaleuang yén cinta moal nyababkeun ngangluh, sabalikna cinta nyababkeun cai mata gé teu karasa.
"Cinta tak membuat kita mengeluh walau karenanya jatuh air matamu, airmataku..."
Mudik téh jiga magnét anu nyedot kabéh jelema sangkan balik deui ka tempat lahirna, terus ngajak ngalenyepan deui pananya anu ngagugat kakiwarian diri: Saha sabenerna ari kuring?
Mudik Cara Jalaluddin Rumi
Jalaluddin Rumi, panyajak ti Persia nulis masterpis anu kakoncara, Matsnawi. Kaca mimiti kitab nu mula-mula ditulis dina basa parsi téh ngadongéngkeun sakadang suling awi.
Sora suling awi nu ngagelik di alam pawenangan totondén hiji kasono nataku kana rungkun awi tempat manéhna baheula hirup saméméh dicabut.
Tapi anu dimaksud ku Rumi mah, pangbalikan sakadang suling téh lain rungkun awi di buana pancatengah, jiga ngaran-ngaran kota lokasi mudik kiwari, tapi ngarujuk kana panalékan ti Allah SWT di alam roh, alam buana nyungcung.
"Naha bener kami téh gusti anjeun kabéh? Maranéhna ngajawab: Yaktos, abdi sadaya nyakseni!" (QS Al-A'raf 172).
"Mudik" ka alam éta bakal numuwuhkeun kasadaran anu leuwih visioner, yén sabenerna téh unggal poé jelema kabeungkeut ku kasaksianana sorangan ngeunaan gustina. Asa ku piraku ngaku migusti tapi mumpang kana aturan-aturanana.
Sadar yén sapopoé kabeungkeut ku kasaksian ngeunaan gusti, mawa akibat anu ampir akur jeung konsép "Panon nu Mencrong" sakumaha babasan George Orwell dina novel "1984", yén aya "panon" anu ngabandungan kagiatan sapopoé jelema.
Contona: Niat rék ngarampid duit timah total balitungan Rp271 Triliun téh teu jadi da kaburu inget aya "panon" Sang Totaliter nu ngabandungan.
Kitu ogé nalika rek migawe lampah-lampah séjén anu sakirana bakal mungpang tina aturan teologis, ekologis, jeung sosilogis, anu dicawiskeun ku Rabb.
Lamun geus nepi kana situasi "mudik" samodél kitu, éta hartina jelema geus nepi kana naon anu dimaksud ku kecap "pitrah".
Kamus Lisaanul 'Arab beunangna Ibnu Mandzur nétélakeun, kecap "pitrah" téh hartina "Allah SWT nyiptakeun mahluk kalawan nancebkeun turus iman ka manten-Na." Ari nu disebut iman, kudu gulangkep antara ucap, tekad, jeung paripolah (tasdiiqun bil qalbi, ikraaru bil lisaan, a'maalu bil arkaan).
Idul Pitri
Sabada puasa Romadon jangkep sabulan, umat Islam bakal mungkas kantétan ibadah éta ku Idul Pitri, nyaéta poe lebaran.
Numutkeun harti kecapna, Idul Pitri téh poé gedé atawa hari raya barang dahar. Nya kusabab dina poé ieu jelema eureun puasa, samalah diharamkeun lamun migawé puasa.
Jelema kudu barang dahar dina poe lebaran, sahingga saméméh lebaran aya kawajiban nu disebut zakat pitri (kabiasaan disebut zakat pitrah), nyaéta sidekah supaya nu jelema anu hak narimana bisa barang dahar nalika manjing Idul Pitri téa.
Tapi aya hadéna ogé zakat pitri di urang ilahar ku sebutan zakat pitrah. Kaya-kaya ngingetan, réh ku ngaluarkeun sidekah pitrah, dirina mulang deui ka pitrah, sakumaha définisina anu diécéskeun di luhur.
Baca juga: Pagilinggisik jeung Maung? |
Lalampahan mudik téh sajatina mah lalampahan mulang deui ka pitrah. Lamun geus nepi kana pitrah, saolah-olah jelema dibabarkeun deui. Lahir deui. Anyar deui. Pikeun ngajorag lalampahan anyar di alam pawenangan anu loyog jeung aturan-aturan kamaslahatan.
Ngangres pisan apanan nempo warta-warta di Internet sajeroning ngadeukeutan usum mudik ayeuna, gara-gara kasigeung pédah sendal kotor nalika asup ka toko baju, ibu-ibu di Tangerang ngarojok pagawé toko ku pedang nepi ka tiwas.
Di Cirebon, salaki ngaduruk bojona. Di Kuningan, aya jelema kapanggih di jero mobil dina kaayaan beuheung rék pegat. Aya jelema nganjuk ngahutang tapi leuwih galak ti batan anu ngahutanganana. Euyeub ogé jelema maraké agama minangka kedok keur kamulusan kapentingan pribadina. Ngangres.
Naha ieu téh ciciren yén mudik ka alam pitrah téh hiji hal anu teu babari? Najan teu mustahil.