Allah SWT nyiptakeun reungit. Nepi ka kiwari kaidéntifikasi aya 3.490 jinis reungit di alam dunya (Harbach jeung Howard, 2007), kaasup Aedes aegypti anu jadi panganteur (véktor) virus dengue.
Dengue téh sajinis virus harééng nu narajang awak sarasa awak téh tulangna parotong (break-bone fever). Dianteurkeun kalawan cocoan reungit Aedes aegypti bikangna, virus ieu ngalalakon asup kana jalan getih dina awak jelema. Di Indonésia kasebut wé nu kitu téh Demam Berdarah Dengue (DBD).
Baca juga: Pagilinggisik jeung Maung? |
Naha reungit téh perlu getih? Sakumaha didadarkeun ku Wahyu Tri Agustin dina skripsina di Universitas Jember (2017) ngeunaan reungit salaku vektor panyakit, reungit bikang perelu nutrisi tina getih sangkan bisa ngendog.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Hanjakalna, waktu jinis Aedes aegypti nyoco, ieu reungit mawa virus. Balukarna nu dicoco keuna virus terus gering. Numutkeun para ahli, sanyatana nu jadi véktor DBD téh lain hungkul Aedes aegypti tapi ogé Aedes albopictus.
Tapina, anu remen pisan pagilinggisik jeung jelema mah Aedes aegypti alias 'Si Belang', ngarujuk kana awakna anu hideung belang bodas, sabab Aedes albopictus nenehna 'Si Macan Asia' mah kalolobaan hirupna di leuweung.
Di Jawa Barat, DBD keur nerekab. DetikJabar, Minggu (24/3/2024) medalkeun iber réhna dina Januari-Maret 2024, unggal poéna aya saurang warga Jawa Barat anu tilar dunya alatan demam berdarah. Jumlah kasus DBD-na sorangan 11.729.
Sagala rupa tarékah dilakukeun ku pamaréntah sangkan jumlah kasus katarajang demam berdarah téh ngurangan. Penjabat Gubernur Jawa Barat, Bey Machmudin mundut sakur kapala daerah kabupaten/kota milu ngagebah reungit vektor DBD ku jalan ngabinasakeun tempat-tempat nyayangna.
Badé teu hariwang kumaha atuh, da gening nepi ka ping 25 Maret 2024, geus aya 105 urang warga Jawa Barat anu tilar dunya alatan katarajang DBD. Lolobana malah nu maot téh saumuran budak.
"Kuring mundut sakur kapala daerah ancrub ka masarakat, ngilu aub ngaberesihan tempat-tempat nyayangna reungit," ceuk Bey Machmudin, dikutip detikJabar.
Tabéat Reungit Aedes Aegypti
Kumaha ngabédakeun reungit Aedes aegypti jeung Aedes albopictus tina reungit-reungit séjénna? Keur jelema anu waspada mah, tangtu kapanggih naon bédana. Para ahli nyebutkeun cirina di antarana aya dina polét bodas palebah mesonotumna (tonggong).
Aedes aegypti boga lyre, nyaeta gurat bengkung warna bodas di dua sisi, jeung dua garis bodas vertikal dina submedian mesonotum. Ari Aedes albopictus teu boga lyre, nu aya ngan saukur sagaris bodas dina tengah tonggongna.
Ciri pisikna gé béda, tangtu reungit boga tabéatna masing-masing. Aya nu tempat hirup jeung baranahanana teh di leuweung, dina beungeut cai dano, ogé aya nu bisa nyayang di mana waé, kaasup dina cai leuncang.
Reungit Aedes aegypti mah milih nyayang dina tempat-tempat beresih, jiga cai beresih anu nyangkrung dina wadah, dina susukan, dina jero bak mandi, cindekna dina tempat anu caina teu antel langsung jeung taneuh.
Tapina, sanajan hirup jeung ngendog dina beungeut cai nu beresih, reungitna mah teu bisa dianggap beresih tina panyakit.
Anu nyababkeun reungit mawa panyakit téh nyaéta aktivitas neangan daharna. Reungit Aedes aegypti sok hiber neangan dahar dina pukul 08.00-12.00 jeung pukul 15.00-17.00 unggal poéna.
Reungit jalu mah kaperluan daharna téh nyaéta gula tina néktar kembang atawa sumber séjénna. Ari reungit bikang perlu nutrisi tina getih jangeun minuhan nutrisi endog anu dikandungna. Ku kituna, reungit bikang nyoco ka jelema.
Nu leuwih antik, reungit bikang téh teu cukup nyoco ka hiji sumber getih. Perlu leuwih ti saurang anu dicocona nepikeun ka kabutuhan getihna kapinuhan. Saumpamana reungit téh nyoco ka jelema anu geus kaserang virus dengue, terus ingkah balilahan nyoco deui ka jelema anyar, atuh virusna jadi sumebar.
Sumebarna virus denguetéh nalika Aedes aegiptynyocojelema sok bari ngaluarkeun ciduh sangkangetih palebah titikcocoanteu kuled. Tah, ciduh éta eusina virus.