Bener ogé kamandang Didik Raharyono, Direktur Peduli Karnivor Jawa (PKJ), lamun seug mah Maung Jawa (Panthera tigris sondaica) téh aya kénéh komo réa, naha bisa jelema hirup pagilinggisik jeung maung? Da ti babaheula gé nu can bisaeun hirup satimbang jeung mahluk séjén mah jelema.
Ti taun 1820 M, kocap kacarita tos aya kagiatan moro maung di pulo Jawa. Dumasar kana Koloniaal Verslag 1852 mah, pamaréntah kolonial nitah sakum warga moro maung, samalah disapkeun buruhna, pédah sato maung téh di loba daérah di pulo Jawa ngaruksak, jeung jumlahna réa pisan.
Tapina, ceuk Budi Gustaman dina "Antara Mitos dan Realitas: Historitas Maung di Tatar Sunda", Jurnal Metahumaniora, 2019, génosida maung téh masih kénéh maliré kana wates-wates moro, nyaéta moro teu nepi ka narabas leuweung jeung jungkrang anu notabéné jadi tempat hirup maung.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Baca juga: Seks Teu Ilahar |
Kamadang Didik Raharyono téh ngoméntaran pamanggih paling anyar ngeunaan éksisténsi maung Jawa di Sukabumi. Hasil panalungtikan anu dipedalkeun dina Oryx, jurnal akademik internasional dua bulanan ngeunaan konservasi tutuwuhan jeung sato (flora-fauna) anu dipedalkeun ku Cambridge University Press, judulna "Is the Javan tiger Panthera tigris sondaica extant? DNA analysis of a recent hair sample" (Naha maung Jawa Panthera tigris sondaica aya kénéh? Analisa DNA bulu panganyarna).
Risét nu medal 21 Maret 2024 téh beunangna Wirdateti ti Pusat Risét Biosistematika dan Evolusi, BRIN; Yulianto ti Pusat Risét Zoologi Terapan, BRIN; Kalih Raksasewu ti Yayasan Bentang Edukasi Lestari Bogor, jeung; Bambang Adriyanto, Jagawana Cagar Alam Cikepuh, BKSDA Jawa Barat.
Dina riset, disebutkeun yén duduga ayana Panthera tigris sondaica dumasar kana bulu maung anu napel kana pager nu diganjlengan ku maung. Pagerna aya di antara jalan desa jeung kebon di Desa Cipeundeuy, Kabupaten Sukabumi.
Ripi Yanur Fajar, urang dinya nu aktif dina widang konsérvasi ngalaporkeun yén dirina nempo maung, dina tanggal 18 Agustus 2019. Laporan ditepikeun ka Kalih Raksasewu, dina tanggal 27 Agustus 2019. Ti dieu, bulu maung téh ngalalakon.
Ku para ahli, bulu maung éta ditalungtik DNA-na, terus mitochondrial DNA (mtDNA)-na dibandingkeun jeung bulu maung taun 1930 ti spesimen maung Jawa anu aya di Museum Zoologi Bogor, ogé jeung bulu maung jinis séjénna, kayaning macan tutul Jawa (Panthera pardus melas).
Hasilna, bulu maung ti Cipeundeuy téh nembongkeung kaidéntikan yén bisa jadi maung anu hirup di Cipeundeuy masih sakelompok jeung maung anu dikoleksi ku Museum Zoologi Bogor.
"Whether the Javan tiger still occurs in the wild needs to be confirmed with further genetic and field studies. (Naha bener Maung Jawa téh masih aya di kieuna di leuweung ganggong sima gonggong? Perelu konfirmasi leuwih jero ngaliwatan studi génétik jeung studi lapangan)," tulis Wirdateti, jeung batur-baturna.
Hariwang
detikJabar medalkeun wawancara jeung Bakang Assad, Kades Cipeundeuy, Sukabumi anu ngarasa atoh sakaligus hariwang nalika manggih iber yén aya kénéh maung Jawa anu hirup di leuweung deukeut lemburna. Atohna, yén sato galak anu divonis musna ti alam dunya samalah ti taun 1980-an, bisa dipanggihan deui.
Hariwangna, tangtu kusabab maung téh sato galak anu sok nerekab naon wae sakur nu hirup, kaasup jelema. Maung sok ngeureuyeuh nerekab jelema geus ti babaheula.
Numutkeun data Koloniaal Verslag 1870, sakumaha diudar ku Budi Gustaman, di Tatar Sunda (Banten, Krawang, Priangan, jeung Cirebon) aya kurang leuwih 58 jelema maot direwég maung. Wincikanana: Banten 7 kasus, Karawang 2 kasus, Priangan 48 kasus, jeung Cirebon 1 kasus. Ditambah total kasus jelema diterekab maung aya kana 289 kasus di sakuliah Hindia-Walanda.
Kasusna terus aya, kaasup di Palembang, Sumatera. Jelema can bisaeun hirup kumbuh sapopoé jeung maung. Samalah risét nu medal dina Oryx di luhur mah nyebutkeun yén jelema nganggap maung téh hama. Antukna, maung dikarepung nepi ka béakna, terus trén 'Rampok Macan' di Alun-alun Mataram teu saeutik méré jasa kana defisit maung.
"Kuring atoh aya pamanggih di lembur kuring, maung si raja leuweung anu divonis musna téh geningan masih aya. Tapi ogé kuring hariwang," ceuk Bakang.
Ti Lakbok ka 'Harimau! Harimau!'
Di Tatar Sunda, maung jadi sakral téh sabab aya dongeng Prabu Siliwangi jadi maung nalika putrana ngudag nepi ka Leuweung Sancang. Kocap kacarita dina Wawacan Perbu Kean Santang, réhna Karaton Pajajaran burak terus sakabéh raja jeung pajabatna salin rupa jaradi maung.
Saméméh éta mah, contona dina naskah kuno Siksa Kandang Karesian anu ditulis taun 1440 Caka atawa 1580 M, sato galak kayaning singa, ukur jadi ukir-ukiran hungkul. Konsep kiwari ngeunaan singa atawa maung téh raja leuweung, anu ngawasa tur apal kana leuweung, tibalik jeung baheula.
Urang Sunda nyimbolkeun jelema wawuh tur pantes ditanya ngeunaan suklak-sikluk leuweung téh lain ku kecap "maung", tapi "gajah". Ieu nembongkeun kumaha sikep urang Sunda ka maung.
tadaga carita hangsa
gajéndra carita banem
matyasem carita sagarem
puspanem carita bangbarem
(talaga dicaritakeun ku soang
gajah ngadongéng leuweung
lauk ngadongéng laut
bangbara ngadongéng kembang).
Waktu Bupati Sukapura, RAA Wiratanuningrat ngabuka ranca atawa rawa di Ciamis pikeun lahan pasawahan, aya kacaritakeun jelema diterekab Si Lakbok. Nu ngaran Lakbok, numutkeun kamus R.A. Danadibrata nyaéta jinis maung anu gedé pisan.
Kusabab nimbulkeun korban, maka warga anu ngabuka rawa téh antukna ngepung Si Lakbok. Tangtu hésé moro sato galak di lahan gambut baseuh, bari kondisi alam kabaheulaan anu bera kénéh. Tapina, tarékah téh teu burung hasil. Si Lakbok beunang kadesek nepika kabedil lebah ceulina. Lokasi ayana Si Lakbok diabadikeun jadi ngaran Rawa Lakbok, samalah ayeuna jadi Kecamatan Lakbok, di Kabupaten Ciamis.
Dina dunia kasusastraan Indonesia, Mochtar Lubis nulis novel "Harimau! Harimau!" (1975), jerona carita warga lembur tukang néang kai damar di leuweung anu diudag-udag ku maung. Nya, mimitina mah maung rék nerekab mencek, mencekna kaburu kabedil ku tukang damar. Maung nu nyamos nyalingker reuwaseun ku sora bedil. Ieu carita téh perenahna di Sumatera.
Baca juga: Baloboran Getih |
Daging mencek terus direcah jangeun dibawa balik. Maung anu lapar ngangseu getih mencek terus ngintip bari nuturkeun ka mana rombongan tukang damar ngingkigna. Sahiji-sahiji tukang damar diterekab nepi ka paéhna. Maungna gedé pisan, sahingga teu seubeuh-seubeuh. Singket carita, maung téh dipancing maké eupan jelema antagonis ngaran Wak Atok anu ditalian kana tangkal, tapi baturna nyumput bari siap ngabedil. Nalika maung rék nerekab eupan, pelor kaburu nyuruwuk kana awakna. Maung jengker.
Jelema, rék dinu fakta atawa fiksi, teu réa nu bisa narima maung. Balik deui ka Didik Raharyono di Peduli Karnivor Jawa (PKJ) anu nyebutkeun yén keur Didik, tarékah néangan maung Jawa téh geus final. Buktina loba, samalah taun 2018 bukti foto disérénkeun ka Dirjek KLHK.
"Saterusna mah persiapan cara-cara budaya, kumaha masyarakat Jawa kiwari bisa narima sato nu dianggap karnivora éta," ceuk Didik ka detikJabar, Jumaah (22/3/2024).