Seks Teu Ilahar

Narawangan

Seks Teu Ilahar

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 03 Mar 2024 11:00 WIB
Wajah pelaku pembunuhan Andri
Wajah pelaku pembunuhan Andre di Cianjur (Foto: Ikbal Selamet/detikJabar)
Bandung -

Tos natrat contona dina kitab suci, ti jaman Nabi Luth diutus ka wewengkon Sadum, séks teu ilahar téh baris ngadatangkeun balahi. Geus puguh balahi keur diri nu ngalakonana mah, balahi ogé keur masarakatna.

Sababna, geuningan lampah nyimpang kitu téh sok amuratel, tatalépa, alias nular téa. Saupama ayeuna hiji budak lalaki jadi korban séks teu ilahar, moal boa ké geus déwasana jadi palaku hal nu sarupa.

Saurang pamuda ngaran Yadi (23) urang Cianjur ngabeungkeut leungeun nepi ka beuheung Andre (32) urang Lampung make lakban. Éta dua lalaki téh ngarupakeun sarimbit séks teu ilahar. Yadi ngadominasi Andre.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Duanana jangjian di hiji hotél di Cipanas, Cianjur. Maksudna rék ngabudalkeun birahi ku cara-cara anu teu ilahar. Nyaéta sapatemon kalawan maké pakakas kayaning lakban jeung raksukan husus. Cara-cara kitu téh nelah BDSM.

Ari birahi rék bitu, Andre kalahka kiih dina raray Yadi, nepi ka Yadi kuciwa laju ambek. Ku Yadi, lakban anu meulit palebah beuheung Andre téh terus dipageuhan nepi ka korban béakeun napas. Katempo leuleus, Andre ditinggalkeun bari disimbutan heula ku sepré terus sepréna ditulisan maké spidol: Ini keinginan saya!

ADVERTISEMENT

Andre tilar dunya. Layonna kapanggih ku petugas hotél poé Rebo (21/2/2024), nalika geus sababarahi kali diketrok panto kamar hotél teu aya waleran waé. Polisi terus maluruh kasus ieu. Yadi beunang katéwak. Terus ngaku yén manéhna éstu nu maténi Andre.

Di Cianjur, lain sakali waé kajadian séks teu ilahar nyababkeun ayana korban jiwa. Bulan Pebruari 2023, AS (23) maténi KU (23) baturna kenéh, di hiji hotél di Saronggé, Cianjur. AS maéhan KU alatan KU maksa AS anu sarua lalaki sangkan daék sapatemon.

Bupati Cianjur, Herman Suherman nepikeun ka ngaku prihatin ku kondisi nu kitu téh. Samalah mah nyebutkeun, fénoména séks teu ilahar, lalaki resep ka lalaki, jiga gunung és di laut, sakumaha diwartakeun ku detikJabar, Senén (26/2/2024).

Ari gunung és téa, nu katémbong congona hungkul. Dedegan gunungana mah teu katémbong da katutup ku cai laut. Hartina, kasus séks teu ilahar anu ngagoréhél ka hareupeun publik, éta mah ukur sataikukueun.

Aya Nu Katideresa

Dina mangsa ngalenyépan warta-warta ngeunaan séks teu ilahar, katut warta ngeunaan guru cabul ka murid-muridna di Cianjur jeung Sukabumi, jug ras ka paguneman jeung sakadang sobat. Manéhna boga kamandang rinékas ngeunaan ayat-ayat séks teu ilahar.

Kaunggel dina Al-Quran ayat 80-81 surah Al-A'raf, yén Nabi Luth nganaha-naha umatna anu milampah séks teu ilahar. Lampah anu teu pernah dilakukeun ku jalma-jalma saméméhna. Lalaki-lalakina milih ngadatangan lalaki-lalaki séjén pikeun ngabudalkeun birahi, batan milih awéwé. Ceuk Luth: Éstu maranéh téh kaum anu kaleuleuwihi.

"Keun teundeun heula téks ayat éta mah, da geus pasti benerna. Ayeuna, urang lenyepan kalawan leuwih kontékstual," pok sakadang sobat.

Lalaki téh simbol kagagahan. Nalika pacantél deui jeung kagagahan sajinis, aya pihak anu dirugikeun. Nyaéta anu disimbolkeun ku awéwé salaku pihak anu "teu dipilih".

Awéwé dimomorékeun. Padahal, awéwé témpatna lahir generasi penerus, entragan nu bakal neruskeun ngurus alam dunya.

Panguasa (di jerona aya jabatan politik jeung birokrasina) anu mangrupakeun hiji kagagahan, jeung pangusaha anu sarua gagah ogé, ulah nepikeun ka gulangkep dina hal-hal doraka. Sabab lamun duanana sapatemon, aya pihak nu katideresa, nyaéta rahayat. Rahayat dimomorékeun.

Contona, banjir mindeng pisan ngarugikeun masarakat di Kota Bandung. Ceuk Kurnia Solihat, Wakil Ketua DPRD Kota Bandung, banjir téh di antarana disababkeun ku salin rupa fungsi lahan di Bandung Utara. Sanajan, éta téh lain sabab anu tunggal.

"Pangwangunan beuki teu kakontrol. Tatangkalan anu saméméhna pananggeuhan sangkan teu banjir laleungitan. Cai ngaguluyur. Jadi banjir," ceuk inyana, sakumaha dikutip detikJabar, Senén (26/2/2024).

Naon sababna? Mungkin waé pamaréntah gampang pisan méré izin ka pangusaha-pangusaha jangeun ngadegkeun properti jualeun di luhur-luhur pasir, sanajan geus aya aturan Perda Kawasan Bandung Utara (KBU) nomer 2 taun 2016.

Anyar kénéh monyet-monyet ti leuweung turun ka Kota Bandung. Ceuk Direktur Walhi Jawa Barat, Wahyudin, mungkin waé monyét tarurun téh sabab témpat hirupna kaganggu.

Inyana ngalogikakeun yén monyet hirupna di leuweung. Ari leuweung nu pangdeukeutna ka Kota Bandung nyaéta Taman Hutan Raya Ir. H. Djuanda. Ceuk Wahyudin, moal boa Tahura Djuanda téh geus teu pati leuweung, tapi tempat pariwisata anu datangna jelema kadinya téh satemenna ngaganggu monyét katut sato-sato séjénna.

Dina usum ganti pamingpin jiga kiwari, gulangkepna panguasa-pangusaha téh atra pisan. Rahayat mah anu bisana ukur lalajo geus ngarasa was-was baé.

(iqk/iqk)


Hide Ads