Baloboran Getih

Narawangan

Baloboran Getih

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 17 Mar 2024 10:00 WIB
Lokasi rumah pelaku pembacokan penagih utang
Lokasi rumah pelaku pembacokan penagih utang (Foto: Ikbal Selamet/detikJabar)
Bandung -

Ngamimitian bulan Romadon 1445 Hijriah téh kalahka balawiri iber nu baloboran getih. Di Cianjur jeung Sukabumi, jelema rék nagih hutang kalahka jadi korban kajahatan jelema anu dibéré hutangana.

Niatna mah Sopyan (45) urang Kecamatan Sukaluyu, Kabupaten Cianjur téh rék nagih hutang ka Surya (50), Salasa (12/3/2024). Tapi hutang duit téh dibayar ku pati. Sopyan tilar dunya dibacok ku Surya maké bedog.

Sopyan datang ka imah Surya di Kampung Babakbandung téh jeung alona. Teu kagok, sabada ngabacok korban, alona Sopyan gé jadi sasaran Surya. Untungna salamet jalaran lumpat ka jero warung. Sopyan sorangan kapanggih tos teu nyawaan di buruan imah nu jadi TKP. Jigana, ti jero imah téh sempet heula neangan pitulung nepi ka aya di buruan saméméh tilar dunya.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Sabada ngabacok, Surya kabur ka Cileungsi, Bogor. Ceuk Kasatreskrim Polres Cianjur, AKP Tono, Jumaah (16/3/2024), Surya téh geus kacerek. Ayeuna manéhna nyirekem tur keur dipariksa di Mapolres Cianjur ngeunaan lampah nu nyababkeun korbanna tilar baloboran getih.

Di Sukabumi, tukang rias pangantén anu nagih hutang ka sohibul hajat Rp 8,4 juta sabab geus liwat ténggat waktu mayar kalahka dikaniaya. FF (31) urang Kebonpedes, sirahna dibanting gelas nepi ka tatu baloboran getih.

ADVERTISEMENT

Pangakaya kitu téh kajadianana poé Minggu (10/3/2024), waktu FF nagih hutang ka HD (58) di Kelurahan Cisarua, Kecamatan Cikole, Kota Sukabumi. Kajadian ieu téh dua poé saacan puasa. HD nu nepi ka ayeuna kabur nyaéta nu boga hajat, bapana pangantén lalaki.

Kajadian ieu kasorot ku detikJabar poé Salasa (12/3/2024), nalika korban jeung kulawargana geus ngalaporkeun ka Polisi. Kapolsek Cikole Resor Sukabumi, Kompol Cepi Hermawan nyebutkeun yén mimitina mah HD téh ménta dipangmawakeun bedog nalika musawarah nagih hutang kalahka matak sahéng kana sirah manéhna. Ku nu hadir teu ditedunan. Antukna manéhna mawa gelas. Kalawan maké gelas, manéhna kaniaya ka FF. FF sakulawargi tangtu miharep sangkan HD geura beunang pikeun tanggung jawab kana hutang jeung kalakuan anu FF jadi korbanna.

Ngalenyepan warta-warta di luhur, geningan kajadian nu baloboran getih téh can bisa eureun sanajan ku jelema nincak kana bulan puasa. Saupama balik deui kana harti puasa mah, geus sakuduna jelema téh nahan kana napsuna. Sabab puasa lain hungkul nahan diri tina barangdahar jeung inum, tapi ogé ngadalian hawa napsu sangkan teu jigrah.

Korupsi gé Matak Balobor Getih

Ku jalan puasa, awak kalatih pikeun ngarasa cukup. Contona dina waktu buka puasa, geningan mindeng karasa kahayang dahar anu makmak-mekmek ti beurang kénéh téh leungit cukup ku nguyup cai hérang jeung sacomot dahareun.

Muhammad Cholil Nafis, dina buku "Menyingkap Tabir Puasa Ramadhan" nyebutkeun yén puasa anu ngajarkeun cukup téh hartina ngajarkeun jelema nyingkahan korupsi. Sok komo Nafis mah ngaibaratkeun korupsi téh jiga tawuran dina pada-pada sarua brutal-na.

Dina bab husus 'Puasa Hindari Kebrutalan Korupsi' kaca 120, Cholil Nafis jiga nu rék narik kasimpulan yén korupsi téh teu jauh béda jeung mateni, maéhan, ngabunuh, mergasa, ngarogahala, jeung sajabana anu nyababkeun korbanna baloboran getih.

Korupsi téh ngarampid duit anu aya patalina jeung urusan publik. Duit anu dipetikan tina pajeg rahayat, anu sakuduna dipaké keur kamaslahatan rahayat deui. Béda jeung maling. Maling mah ngabadog harta-banda milik pribadi, ari korupsi, nu dirampidna duit publik.

Baca juga: Seks Teu Ilahar

Cholil Nafis terus nyutat ayat 32 tina Al-Quran surat Al-Maidah: "Sing saha waé anu maéhan hiji diri lain kulantaran anu dipaéhan téh pernah maéhan atawa ngalakukeun karuksakan di dunya, mangka sarua waé jeung manéhna maéhan sakabéh jelema."

Dina dedegan nagara, rahayat téh hiji éntitas anu teu tulah teu dosa, teu maéhan ogé teu ngajieun karuksakan di alam dunya sabab teu boga pakakas 'kakawasaan' keur ngaruksakna gé. Tapi kaya-kaya rahayat dipaéhan kabéhanana lamun aya pamingpin atawa wawakilna di parlemén anu korupsi. Ku lantaran duit publik dikorupsi, kualitas atikan, kaséhatan, jeung infrastruktur jadi goréng patut. Rahayat dipaéhan lalaunan ku cara paéh anu peurih. Rahayat baloboran getih.

Ema jeung Irfan

Poé kadua puasa, Rebo (13/3/2024) detikNews medalkeun iber ti Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK) yén Sekretaris Daerah (Sekda) Kota Bandung, Ema Sumarna nyorén status "tersangka" dina kasus korupsi Bandung Smart City. Teu sorangan, Ema "dipanggil" ku KPK bareng jeung opat urang séjénnna, Ferry Cahyadi, Yudi Cahyadi, Achmad Nugraha, jeung Riantono. Kabéhanana Anggota DPRD Kota Bandung 2019-2024.

Limaan éta téh sabenerna nuturkeun nu genep urang kaasup Wali Kota Bandung manten, Yana Mulyana anu geus leuwih tiheula dihukum. Yana meunang vonis penjara 4 taun jeung hak politikna dicabut 2 taun, lantaran kasus nu sarua.

Sabada iber Ema, aya datang deui warta Sprindik Kejaksaan Tinggi Jawa Barat lengkep jeung Surat Penetapan Tersangka tanggal 14 Maret 2024 keur Irfan Nur Alam, Kepala BKPSDM Kabupaten Majalengka. Kejati nyebutkeun yén Irfan aya patalina jeung korupsi Pasar Sindangkasih, Cigasong, nalika Irfan masih jadi Kabag Ekonomi Setda Majalengka.

Duh! Bener ogé Cholil Nafis, korupsi téh geus jiga tawuran. Mahabu, brutal, aya di mana-mana.

Poé Saptu, bari ngalenyepan isuk-isuk anu beueus waé ku cihujan, jempol leungeun terus nyekrol warta-warta ngeunan korupsi dina kaca ponsél. Beuki anteb, beuki anteb, reuwas layar ponsel katempona bet jadi warna getih.




(dir/dir)

Berita Terkait

 

 

 

 

 

 

 

 


Hide Ads