Waktu institusi agama dina abad panengah di Eropa dianggap jadi sarigsig pikeun kamajuan élmu jeung pangaweruh jelema, aya réaksi anu disebut Humanisme. Filsafat éta mindahkeun alam pikiran jelema anu saméméhna kosmologis, jadi antropologis.
Tapi Humanisme ogé dianggap gagal sabab teu bisa ngahalangan lumangsungna perang. Perang Dunia I jeung II bitu, perang Rusia-Ukraina, jeung mahabuna rogahala Zionis ka Palestina katangén nepi ka kiwari. Jelema loba anu jadi korban sasama jelema.
Antukna, ngajanggélek réaksi anu ngagugat Humanisme, nyaéta paguneman Anti-Humanisme. Diskursus éta téh ngajak babalik pikir, geningan élmu nu luhur jeung kamodérnan anu bijil tina daya pikir jelema hasil Humanisme, teu pati sampulur ngajelemakeun jelema.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Humanisme, sakumaha dibéjér béaskeun ku Sumasno Hadi, dina Jurnal Filsafat Vol. 22, Nomer 2, Agustus 2012, akar kecapna deukeut kana kecap 'humus' anu hartina 'taneuh' atawa 'bumi'. Tina kecap humus, bijil kecap 'homo' nu artina 'jelema', jeung bijil kecap 'humanus' nu artinya 'kajelemaan/manusiawi'. Ceuk Sumasno, ngutip Davies, humanisme téh cindekna jelema ngajanggélék salaku mahluk rasional.
Tarekah jelema ti zaman ka zaman, naon waé ngaran diskursusna, hasilna sarua rék ngupayakeun sangkan jelema téh ulah ngaéksploitasi jelema.
Tapi sabenerna, baheulana baheula, jauh saacan diskursus Humanisme ngagorolong di antara kaum pamikir di abad panengah Eropa, aya hiji institusi agama anu geus ngabahas ngeunaan saha ari jelema? Institusi éta téh nyaéta Islam.
Baca juga: Nu Nyamos Tina Viralitas Komeng |
Al-Quran boga surat husus ngeunaan jelema, surat Al-Insaan (Jelema). Ayat hiji surat éta mangrupakeun kalimah pananya ngeunaan saha ari jelema? Ceuk ayat kahiji, jelema mah baheula, ah ngaranna waé teu kasebut-sebut, komo wujudna.
"Lainna pernah datang ka jelema, hiji mangsa anu dina mangsa éta jelema téh teu disebut-sebut acan? Estu kami nyiptakeun manusa tina nutpah nu pacampur, anu kami baris nguji, terus kami jadikeun manusa ngareungeu tur nempo. Ku kami geus dibéré pituduh jalan anu lempeng; aya nu sukur aya ogé nu kupur." (QS Al-Insaan: 1-3)
Lamun ngalenyepan ayat éta, tinangtos bakal bijil kasimpulan yén jelema téh saéstuna sababad, sarimbag, sajajar, sarua datang tina euweuh. Saupama aya zaman kiwari jelema ngajajah jelema, leuleutikanana bully ka jelema, éta geus patojaiah jeung konsép Islam ngeunaan jelema.
Dina ayat séjén mah Al-Quran malah nyebutkeun, ngabébaskeun budak (hamba sahaya) tina iketan jeung dununganana, mangrupakeun hiji tarékah anu kalintang pinuji tur linuhungna.
"Anjeun apal nu kumaha jalan anu nanjak tur tarahal téh? Ngabébaskeun budak!" (QS Al-Balaad: 12-13).
Oknum Caleg Ngarogahala
Naon rasionalna saurang lalaki anu hayang balik deui bobogohan kudu maéhan bébénéna anu ayeuna keur aya dina status "kabogoh"?
Devara Putri Prananda (DP) ménta Didot Alfiansyah (DA) sangkan ngaleungitkeun Indriana Dewi Eka Saputri (24) ti alam dunya lamun DA hayang jadi kabogoh DP deui. DP timburu ka Indri.
Kalawan daria, DA menta bantuan ka M Reza (MR) sangkan ngaéksékusi rencana pembunuhan anu geus diwincik ku DP jeung DA. MR daék sabab dina kondisi kajiret hutang, manéhna aya nu nitah digawe bari jeung buruhna mucekil Rp50 juta.
Salasa (20/2/2024), Indri tiwas, dicekék maké salambar sabuk ku MR di jero mobil séwaan, di tempat sepi, di Bogor. Mayitna ku tiluan téh rék dipiceun ka laut Pangandaran. Mayit téh dibawa heula nyampeur DP di Jakarta, terus biur ka wetan Jawa Barat. Saméméh dipiceun, pangaboga mayit saperti jam roléx, ponsél, jeung tas LV anu mahal regana téh dilaanan heula jangeun dijual, hasilna dibagi-bagi.
Opat poé, nu tiluan téh samobil jeung mayit dina perjalanan ka Pangandaran. Mayit ukur disimbutan maké simbut gambar kicik. Kacaritakeun, DP, DA, jeung MR teh sempet ngaliwet, ngopi di kafe, samalah mobilna nu mogok didérék ku towing tapi te kaperego mawa mayit.
Kakara nepi ka Banjar, DP anu singhoreng Caleg DPR RI pikeun dapil Sumedang-Majalengka-Subang téh ngarasa tugenah, sabab di jero mobil anu keur dibéngkél aya mayit. Jumaah (21/2/2024) DP ngarahuh ka DA sangkan layon Indri dipiceun di Banjar kénéh. Pukul 02.00, layon Indri diakod ku MR, dipiceun di jambatan anu teu jauh ti béngkel. Ari DA terus ngelap jok mobil ngarah leungit bauna.
Layon Indri téh kapanggih ku jalma anu keur sasapédahan. Ti dinya, kasusna kabongkar yén Indri tiwas dipaténi. DP, DA, jeung MR beunang ku polisi. Poé Senén (4/3/2024), tiluanana ditémbongkeun ka wartawan di Mapolda Jawa Barat.
Tiluanana dijiret ku hukuman maksimal, hukuman mati. Hukuman anu nandeskeun yén nyawa jelema téh mahal. Di satukageun harga nyawa, aya harga rasionalitas. Saupama DP menta ka DA sawatés megatkeun komunikasi jeung Indri mah, moal nepi ka mondok moék dina rohangan ruji beusi.
Budak Sakola Keuna Bully
Jeroning bulan Maret 2024, loba kajadian bully. naon ari bully? Numutkeun buku "Stop Perundungan/Bullying Yuk!" nu dipedalkeun ku Diréktorat Pendidikan Dasar, Kemdikbud, 2021 dijéntrékeun yén bully teh kalakuan anu nyababkeun teu genah, boh lisan, boh fisik, di dunya nyata atawa di dunya maya, nu ngajadikeun hiji jelema tugenah, nyeri haté, kateken batinna. Bully dilakukeun ku sorangan atawa ku balaréa.
Budak kelas 1 SMP di Cirebon keuna bully ku babaturanana. Bully nu ditarimana téh lain saukur hinaan lisan, samalah hinaan maké aktivitas badani. Budak téh digebugan ku sasamana. Nu ngagebugan leuwih ti tilu urang. Pideona viral. Sanajan geus ngaréwih nyeri, nu ngagebugan teu daék eureun.
Baca juga: Seks Teu Ilahar |
Di Indramayu, budak SD umur 12 taun jadi korban bully ku papada budak SD. Pideona viral. Leuwih parahna, sajaba digebugan, korban téh ditaranjangan. Can lamun ngabandungan kajadian bully di daérah-daérah sejen di Indonesia.
Tapi, aya ogé di Kabupaten Bandung anu ngajieun pidéo bohong maké narasi bully. Cenah budak SD keuna bully, sanyatanya pidéo keur néang sumbangan.
Kasus oknum caleg ngarogahala Indri, budak SMP jeung SD ngagebugan babaturanana, atawa kasus pidéo bohong anu nganggap yén bully téh bisa dipaké heureuy keur néang sumbangan, kabéh ogé dina raraga ngalélécé harkat jeung martabat jelema.
Dina jaman nu beuki modérn, kabéh lampah patali jeung téknologi internét (IoT), informasi ngeunaan nu wenang jeung ulah numutkeun akal jeung moral nyampak, naha masih aya kajadian jelema ngaéksploitasi jelema? Saha ari jelema?
(yum/yum)