Nu Nyamos Tina Viralitas Komeng

Narawangan

Nu Nyamos Tina Viralitas Komeng

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 18 Feb 2024 09:00 WIB
Bandung -

Dina wawancara jeung CNN, Jumaah (16/2/2024), Alfiansyah Bustami nénéhna Komeng nyebutkeun réh punjulna sora manéhna salaku caleg DPD ti Jawa Barat dina itung gancang (Quick Count) Pemilihan Umum (Pemilu) 2024 teu disangka-sangka.

Sorana pinunjul jauh batan sora calon-calon séjén. Sanajan kakara hasil itung gancang, tapi Komeng geus bisa dipastikeun teu aya hahalang ngagidig ka Senayan. Komeng jadi salah sahiji tina kabéhna opat anggahota Dewan Perwakilan Daerah (DPD) ti Jawa Barat.

Komeng téh munggaran nyaleg dina Pemilu 2024, tapi sorana langsung ngajaul leuwih ti sajuta. Situs Komisi Pemilihan Umum (KPU), nepi ka poé Saptu (17/2/2024) tabuh 17.40, nyebutkeun Komeng meunang 1.556.735 sora.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Memang teu matak hémeng, sabab Komeng geus lila pisan kawéntar salaku bodor. Inyana nelah ku kecap "Uhuy!", tapak baheula taun 1996 ngabodor dina program bodor telepisi "Spontan".

Waktu diwawancara ngeunaan sasabaraha hal anu serieus, jiga ke upama wujud jadi Anggahota DPD rek kumaha? Komeng ngajawab teu apal, sabab manéhna can kungsi ngalaman.

ADVERTISEMENT

Nu écés mah, di antara anu rék dipigawe ku Komeng nyaéta kumaha ngabangkitkeun hiburan di Jawa Barat. Gedong-gedong kasenian kudu hirup unggal mingguna ku kagiatan kasenian. Sukur-sukur kagiatan nu matak nyakakak balaréa.

Saséna mah, Koméng ogé can pati apaleun, salaku wawakil Jawa Barat téh rék naon hungkul engké di DPD. Nya aya ogé rencana Komeng netepkeun poe bodor di Indonésia sakumaha poe-poe kasenian séjén, kayaning poé musik nasional. Kitu peta téh sabab salila ieu Komeng ngajukeun ayana poé bodor, teu ngajadi waé. Sugan ari Komeng anu di "jero" mah, bisa.

Cék inyana kénéh, Komeng baris tatanya ka Aa Oni Suwarman, DPD Jabar manten dua periode (2014-2019, 2019-2024), anu dina Pemilu 2024 nyaleg DPR, ngeunaan kukumahaan waé ari di DPD téh. Arek ogé tatanya ka Ketua DPD kiwari (2019-2024), Lanyalla Mahmud Mattalitti.

Komeng maju menjadi calon DPD RI Dapil Jawa Barat dengan nomor urut 10. Di X, netizen ramai membagikan meme pelawak senior tersebut. Sampai capek ngakak.Komeng maju menjadi calon DPD RI Dapil Jawa Barat dengan nomor urut 10. Di X, netizen ramai membagikan meme pelawak senior tersebut. Sampai capek ngakak. Foto: Twitter

Dina surat suara DPD dapil Jawa Barat, Koméng masang foto anu mahiwal poseuna: Nyengir, déngdék, tur bari molotot. Fotona ieu terus jadi viral, nyaliara ka sakabeh suklak-sikluk média sosial di internét. Sabiwir hiji, eusina Koméng.

Dina média sosial X, aya akun nikukur implengan kumaha Komeng upama engké kapancén mingpin rapat di DPD.

"Udah ah capek!" cék nu munggahkeun status, ngarujuk kana semplékan video Komeng keur nguseup lauk, laju jeujeurna dibalangkeun ka balong sabab manéhna capéeun ngagoéngkeun reel kenur.

Ger! Pairan ka pairan nyakakak nyeungseurikeun imaji ngeunaan Koméng. Lamun nyalénggorkeun Samuel Taylor Coleridge mah "Komeng di dieu, Komeng di ditu, Komeng di mana-mana".

Tapi dina X kénéh, aya jalma anu ngarasa yén aya nu nyamos tina viralitas Komeng. Inyana terus munggahkeun dua foto caleg DPD dapil Jawa Barat. Kahiji foto Djumono caleg nomer 27; Kadua foto Biben Fikriana caleg nomer 19.

Makè panganteur dina basa Inggris, kieu unggelna: "Komeng meunang salaku pamilon DPD teu matak hémeng. Tapi aya nu matak soka asa, matak pegat pangharepan, nyaéta bukti yén jalma-jalma anu boga aspirasi keur ngobah kondisi bangsa, teu meunang panyorot".

Djumono téh urang Kota Bandung, wawakil kaum difabel. Inyana sorangan difabel. Taun 2019, kungsi Djumono nyalég DPD, ngan éléh. Tapi, teu soka asa, taun ayeuna inyana nyalég deui.

Jiga Komeng anu hayang merjoangkeun kapentingan bodor, Djumono ogé baris merjoangkeun kamaslahatan keur jelema anu sarua nasibna jeung inyana. Djumono sadar yén perjoangan pikeun kamaslahatan urang difabel téh kudu ngaliwatan jalur parlemen.

Sawatara ieu, mémang pamaréntah maliré ka kaum difabel, tapi jigana kurang maksimal. Umpanana dina bab fasilitas umum soméah difabel. Sahingga Djumono maké hak politikna pikeun maju nyalég DPD. Inyana rék ngupayakeun sangkan Jawa Barat linuwih maju, inklusif, jeung sarimbag dina sagala widang, bari teu aya saurang ogé anu ditinggalkeun dina ngeusi jeung ngamangpaatkeun pangwangunan. Tapi, nepi ka poe Saptu tabuh 19.40, Djumono kakara beubeunangan 143.291 sora.

Foto kadua, Biben Fikriana S.Kep., Ners., M.Kep., saurang praktisi jeung dosén kaperawatan di sababaraha kampus kawistara di Jawa Barat. Dina profilna, Biben téh kacida euyeub ku pangalaman dina widang kaséhatan, basa asing, jeung tangtu waé pangalaman kaperawatan lintas nagara.

Visi jeung misi Biben écés: Rék merjoangkeun sangkan rahayat Jawa Barat leuwih séhat, calakan, tur leuwih raharja.

Lamun seug mah dijenengkeun jadi, jiga-jigana Biben anu kacutat aktip di Ikatan Cendikiawan Muslim Indonesia (ICMI) Muda éta téh bakal mampuh ngawujudkeun naon anu jadi visi-misina keur kamaslahatan urang Jawa Barat. Nepi ka Saptu soré, Biben kakara beubeunangan 197.233 sora.

(yum/yum)


Hide Ads