Sabada Pipah Cai PDAM Tirtawening Bitu

Narawangan

Sabada Pipah Cai PDAM Tirtawening Bitu

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Sabtu, 08 Jun 2024 19:30 WIB
Pipa PDAM di Kota Bandung pecah.
Pipa PDAM di Kota Bandung pecah. (Foto: Anindyadevi Aurellia/detikJabar)
Bandung -

Mana teuing reuwas tur nalangsana urang Cibangkong nandangan musibah pipah cai bitu, anu ngabalukarkeun imah ancur jeung banjir. Sosoréan anu mantesna masarakat kota geus reureuh tina pakasaban, urang Cibangkong kalahka tagiwur kabancén.

Pipah cai bogana PDAM Tirtawening Kota Bandung bitu di palebah Cibangkong Lor RT 1 RW 5, Maleer, Kecamatan Batununggal, Kota Bandung, Rebo (5/6/2024) soré. Jalaran pipah téh ayana handapeun wangunan imah, nalika bitu, dua imah milu ancur.

Bituna pipah bogana pausahaan anu geus ngadeg ti taun 1910 ieu ogé ngabalukarkeun banjir anu ngeueum saloba 95 imah masarakat di sagédéngeun anu ancur téa.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Tim ti PDAM Tirtawening tapis mulasara pipah anu bitu éta pikeun nyindekkeun yén layanan cai ka masarakat di sakuliah Kota Bandung teu kaganggu kalawan lila.

Sonny Salimi, Diréktur Utama PDAM Tirtawening ka detikJabar nétélakeun réhna cai anu ngagewor 1.400 leter/detik bakalna ngurangan saheulaanan. Bakal aya kurang leuwih 9.000 langgan PDAM di Bandung anu ngarasa kaganggu ku musibah éta.

ADVERTISEMENT

"Moal ari dugi ka teu aya cai pisan mah, margina PDAM teras-terasan produksi. Ngan, engké dina kualitasna bakal ngirangan," ceuk Sonny, Kemis (6/6/2024).

Naon sababna pipah bitu téh? Mémang teu acan kaguar naon anu ngalantarankeunana. Nanging, duduga mah kusabab pipah téh kapan dikubur, terus aya kajadian sababaraha kali lini (gempa bumi), anu mungkin waé ngarobah posisi pipah. Sajaba ti éta, beungeburat anu beuki nambahan di luhureun taneuh tempat pipah dikubur kayaning jlug-jlegna paimahan, ogé milu jadi lantaran. Pipah téh rengat manjang. Dina palebah rengat éta bituna téh.

Tapi, nalika aya duduga yén PDAM Tirtawening tara miara kana kawalagrian kuluwung cai, Sonny néngkas réh PDAM Tirtawening salalawasna teueul kana SOP.

Mikawanoh Watek Cai

Cai téh kahirupan. Lamun teu aya cukang lantaran cai, hésé ayana kahirupan. Jelema perelu cai, sasatoan perelu cai, tutuwuhan ogé perelu cai keur tumuwuhna. Para ahli loba nu nyebutkeun yén saloba 70 persen awak jelema téh cai. Teu kapinuhan kabutuh cai kana awak antukna déhidrasi.

Keur sakabéh jelema, cai téh mibanda posisi anu linuhung. Séké sélér urang Indian di Amerika lolobana nyicingan tempat-tempat hirup anu deukeut ka walungan atawa talaga. Di Sunda, Karajaan Tarumanagara samalah ngadegkeun pusat pamaréntahanana téh dina apingan dua walungan Citarum jeung Cisadané.

Cai keur urang Islam ogé teu weléh mibanda posisi anu mimiti dina paguneman-paguneman ngeunaan ibadah. Bab Toharoh (susuci) jadi bubuka dina unggal kitab anu eusina ngeunaan hukum Islam.

Cindekna cai téh banget pentingna keur minuhan kabutuhan hirup sapopoé atawa jangeun nyumponan sarat ngalakonan ibadah. Tapi, di jero cai ogé aya pépéling anu kudu dilenyepan.

Lamun cai téh sumberna kahirupan, urang Sunda boga pamadegan yén cai sorangan hirup. Cai sok pundung saupama mata caina kaganggu. Boroning cai nu bijil tina taneuh, cai lahang anu bijil tina tangkal kawung sok keuna ku pundung.

Upama tukang nyadap keur nyorén lodong eusi lahang terus aya nu ménta salegukan, éta nu ménta téh teu meunang teu dibéré. Sakali waé aya nu ménta teu dibéré, sadapan saterusna bakalna tangkal kawung téh saat.

Terus, ari watek cai, datangna ti tempat anu luhur ngamalir ka patempatan anu leuwih handap. Cai hujan ragrag ti langit teueul ka handap kana taneuh. Watek cai ogé ngeusi sakuliah rohangan anu diliwatanana.

Cai dina Tritangtu

Urang Sunda dina artépak kabudayaanana boga falsafah pola tilu anu ilahar disebut Tritangtu. Ceuk Prof. Jakob Sumardjo ti ISBI Bandung, dina "Kosmologi dan Pola Tiga Sunda", tritangtu téh napel dina alam pikir urang Sunda ti babaheula nepi ka ayeuna.

Tritangtu téh bisa larap kana pamaréntahan, bisa larap kana pola wangunan imah, bisa larap dina ageman, jeung sajabana. Dina tritangtu aya nu disebut Resi, Ratu, jeung Rama.

Resi téh kaum agamawan; Ratu téh pamaréntahan; Rama mah rahayat kalolobaan anu diurus ku Ratu.

Ujang Suyatman ti UIN Bandung, nulis makalah judulna "Citarum Yang Merana Dalam Pengabaian Nilai Kabuyutan Orang Sunda" anu medal dina Al-Tsaqafa: Jurnal Ilmiah Peradaban Islam. Vol 18 No. 1, 2021 ngutip Jakob Sumardjo anu nétélakeun yén cai téh simbul tina Resi.

"Resi téh pandita anu boga tekad. Dina kabudayaan Sunda, resi disimbulkeun ku cai. Ratu téh pamaréntah anu boga ucap atawa strategi maréntah. Ratu disimbulkeun ku batu. Rama téh rahayat, simbulna taneuh." (Sumardjo, 2009, dina Suyatman)

Mun kitu, teu pati nyamos saupama cai téh mibanda fungsi séjén salaku nu méré pepeling keur pamaréntah jeung rahayatna. Dina kajadian pipah PDAM Tirtawenging Kota Bandung bitu di Cibangkong, cai nu ngabalukarkeun balai téh bisa dilenyepan salaku pépéling.

Kahiji, cai téh mepelingan boa nu jeneng Ratu atawa pamaréntah téh atah anjang ka lembur éta. Pedah-pedah deukeut ti pusat kota, boa arang kaanjangan, arang karegepkeun naon kahayangna, arang katedunan naon anu dipikabutuhna, boa arang kaperhatikeun kumaha tempat hirupna, jeung boa-boa anu séjénna. Kadua, pepeling ogé keur Rama atawa rahayat anu nganjrek di sapanjang jalur pipah PDAM éta, réhna ati-ati mah perelu. Kaati-atian bakalna aya saupama urang apal suklak-sikluk tempat panganjrekan urang, kondisina jeung poténsi cilakana, supaya urang salamet.

Sajaba ngalenyepan cai minangka pépéling, pangdu'a ogé muga-muga anu kabancén di Cibangkong, sok komo anu dugi ka padumukanana ancur, saénggalna kenging gegentos anu langkung saé.

(orb/orb)


Hide Ads