Ngagebah Reungit Panganteur DBD

Narawangan

Ngagebah Reungit Panganteur DBD

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 31 Mar 2024 08:00 WIB
Aedes mosquito sucking blood
Ilustrasi nyamuk (Foto: Getty Images/iStockphoto/Noppharat05081977).

Tugas keur Balaréa

DBD nerekab di Jawa Barat. DBD sorangan can aya ubar hususna. Nalika katarajang DBD, uubar téh sabenerna ngawincik hiji-hiji gejala anu karandapan. Lamun nu dominan panas, nurunkeun deman jadi utama. Lamun urusanana trombosit, maka ngajadikeun trombosit stabil jadi tarekah pangmimitina. Jelema katarajang DBD kudu gancang dibawa ka rumah sakit saméméh aya komplikasi.

Kumaha atuh cara nyingkahan DBD? Nu paling bisa diandelkeun mah nyaéta ngagebahkeun reungit jeung tempat nyayangna. Ieu téh kudu jadi kabiasaan, sabab gening DBD mah sapanjang taun aya, jeung sok aya waktu-waktu puncak narajangna jiga usum pancaroba kiwari.

Di antarana cara ngagebahkeun reungit vektor DBD téh ku gerakan 3 M: Meresihan panampungan cai; Masang tutup keur panampungan cai; jeung Mendem barang-barang geus teu kapaké. Eta 3 M téh sangkan ulah aya lolongkrang pikeun cai beresih dipaké tempat ngedog ku reungit Aedes aegypti.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Kepala Dinas Kesehatan Jawa Barat, Vini Andiani Dewi samalah nambahan, gerakan 3M téh kudu make "plus". Tambahanana nyaéta warga daék miara lauk anu kadaharanana téh utek-utek (jentik) pireungiteun, ogé ku jalan melak kekembangan kayaning lavender anu reungit kurang suka kana angseuna.

"Ronjatkeun kawaspadaan, boh di panganjrekan, di lingkungan, atawa di tempat gawé," ceuk Vini ka detikJabar, Jumaah (29/3/2024).

ADVERTISEMENT

Ngagebah sayang reungit Aedes aegypti téh nyatana lain tugas pamaréntah hungkul da nyinghareupan sato diptera (dua jangjang) anu ukuranana kurang ti 20 mm, tapi radius hiberna 400 meter, rada abot ogé upama teu dirojong ku tarékah sakabéh warga Jawa Barat hususna.

Hikmah ti Sakadang Reungit

Sakumaha di awal tulisan ieu, nu nyiptakeun reungit téh Alloh SWT. Kasakséni ku balaréa réhna teu aya hiji ogé ciptaan mantenna anu teu miboga pungsi. Kaasup reungit, sato leutik pagawéan nyoco.

Para ahli nyebutkeun, reungit jalu anu kadaharanana téh sari kembang, boga tugas alamiah pikeun mantuan prosés penyerbukan dina tangkal kakao (coklat). Ari reungit bikang anu daharna getih?

Hiji mangsa, sakumaha kaunggel dina Tafsir At-Thabari, seratan Ibnu Jarir At-Thabari (310 H), aya kaum munafikun anu ngomong yén Alloh SWT dat anu agung, anu teu mungkin maparin tamsil ku sato-sato leutik. Maka terus turun ayat 26 surat Al-Baqoroh:

"Alloh mah teu isineun ngajieun tamsil ku sakadang reungit, atawa nu leuwih leutik batan reungit. Jalma-jalma iman tangtu surti yén anu hak téh datangna ti Alloh. Tapi, jelema-jelema anu katutup haténa tina iman, unjukan 'naon maksud Alloh ku ieu tamsil téh?'. Ku tamsil éta loba anu sasar, tapi loba ogé anu meunang pituduh. Tapi, teu aya saurang ogé anu disasarkeun anging jalma-jalma pasek".

Baca juga: Seks Teu Ilahar

At-Thabari ngutip riwayat Robi' bin Anas, reungit nu dimaksud dina ayat éta téh nyaeta alam dunya: "Reungit téh sok bisa hirup nalika lapar tapi paéh nalika seubeuh", teu jauh ti jelema, ari tos wareg makmak- mekmek mah, komo wareg ku amisna "kakawasaan" sok paéh ingetanana, poho sagala rupa.

Dina tafsir Fathul Bayan fii Maqaashidil Quran, beunangna Sodiq Hasan Khan Al-Qanuji (1308 H) ditegeskeun yén kecap reungit dina ayat 26 surat Al-Baqoroh téh peupeuhan keur jelema teu iman anu geus disindir sababaraha kali ku Alloh tapi ingkar waé.

Reungit anu dirékam ku Al-Quran, sarua waé jeung reungit anu kumeledang di alam kiwari dina papada ukuran leutikna. Ku kituna, pungsi reungitna masih sarua, nyaéta panggeuing pikeun jelema. Paling henteu, ku ayana Aedes aegypti, jelema jadi kageuing sangkan daék beberesih tur miara lingkungan. Lainna beberesih téh bagéan tina ciri jalma iman?


(mso/mso)


Hide Ads