Rancaekek Samemeh Kaleled Angin Puyuh

Narawangan

Rancaekek Samemeh Kaleled Angin Puyuh

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 25 Feb 2024 10:30 WIB
Small tornado atau angin puting beliung di perbatasan Bandung-Sumedang, Rabu (21/2024)
Small tornado atau angin puting beliung di perbatasan Bandung-Sumedang, Rabu (21/2024). (Foto: istimewa/tangkapan layar)
Sumedang -

Pun bapa anu babar taun 1942 sok remen ngadongéngkeun alam Rancaékék kabaheulaan. Sawah-sawah nu ngémploh satungtung deuleu ngabijilkeun béas kualitas nomer hiji. Béasna kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria.

Rék teu hadé kumaha, apanan kecap "ranca" dina Rancaékék téh hartina rawa, taneuh lega anu salalawasna bécék. Paré, sasatna tutuwuhan tatali hurip, lain ukur jumarum, tapi génjah, gancang buahanana sabab tanéuh ranca euyeub ku humus.

Naha jol aya ranca di dinya? Sasakalana kudu nyoréang deui ka zaman Dano Bandung Purba, nalika mangkok lingkung gunung di Bandung kakeueum kénéh ku cai nepi ka bedahna. Rancaékék kasebut sisi wétan dano anu kakeueum. Nu mantak ngajadi ranca, daérah nu pantes pisan jadi sawah.

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Saupama maca buku "Bandung Purba" beunangna T. Bachtiar jeung Dewi Syafriani, bakal ébréh rékonstruksi kumaha mimitina taneuh Bandung nu jiga mangkok téh kakeueum, sabab Walungan Citarum kabendung ku matérial bituna Gunung Sunda. Tah, tatangkalan anu samemehna aya terus kakeueum ratusan rébu taun, jadi ranca pinuh ku humus. Ku lahan modél kieu, paré tumuwuh alus pisan.

Sawah-sawah di Rancaekek ngabedega. Di zaman Walanda, presisna taun 1923, aya kajadian sawah-sawah raruksak, lain ku rencana pangwangunan, tapi ku hama kayaning beurit. Nanging, kondisi éta bisa dibéréskeun. Nepi ka panyawah bisa deui marelak paré.

ADVERTISEMENT

Kondisi ruksakna sawah-sawah di Rancaekek ku pangwangunan mah cindekna ti taun 1979. Nyaéta ku mimiti aya pabrik tékstil, anu pabrik ieu jadi alesan pikeun pabrik-pabrik séjénna nyalin rupakeun sawah Rancaékék jadi kawasan industri.

Panalungtikan beunangna Sinta Fitriani, dkk. dina jurnal Metahumaniora Vol. 8, nomer 1, taun 2018 myebutkeun yén Rancaekek geus ngadeg bareng jeung ngadegna Pamaréntahan Kabupaten Bandung dina abad ka-17 M. Di daérah ieu loba pisan sawah, nepikeun ka Rancaékék kaceluk jadi leuit alias "lumbung padi".

Sabenerna, nya ku alpukahna Pamaréntahan Orde Anyar, ti taun 1976 tos ngadeg PT Vonex, terus taun 1978 ngadeg PT Kewalram. Anu ngadeg taun 1979 téh nyaéta pabrik anu badag pisan, ngadeg dina lahan 10 héktar nu asup ka Kabupaten Sumedang. Sok waé ku anjeun teguh naon ngaran pabrikna. Beuki dieu, terus waé cul-cel, pabrik ngaradeg pagigir-gigir.

Anu dipaké lahan pabrik, teu aya deui iwal ti sawah-sawah anu pernah jadi "leuit" téa. Sawah-sawah salin rupa. Cara digawé jelemana ogé salin rupa. Anu mimitina tigin, tanginas, mikanyaah tatangkalan, bari tetep mahardika salaku petani, dina harti teu kabeungkeut ku waktu gawé, ayeuna jadi masarakat industri.

Sawah-sawah anu nyésa kénéh, anu lokasina rada anggang ti jalan nasional, tetep teu bisa dipelakan paré deui. Limbah pabrik anu hideung ngaruksak cai. Sawah-sawah bangkar.

Kaléléd Angin

Rancaékek jeung sabudeureunana kaléléd angin puyuh, Rebo (21/2/2024) soré. Kakuatan muntirna angin téh ceuk BMKG, 36,8 kilometer per jam.

Loba wangunan imah jeung welasan pabrik raruksak. Utamana anu aya di kaléreun jalan raya Bandung-Garut, anu kiwari asup ka administratif Kabupaten Sumedang. Sukurna téh teu nepi ka aya nu tilar dunya. Ngan kalaporkeun hungkul loba anu tatu.

Para ahli dina widang iklim ngedalkeun kamandangna séwang-séwangan ngeunaan karakter angin puyuh anu narajang Rancaékék jeung sabudeureunana. Aya anu nyebutkeun angin puyuh éta téh keuna kana sifat tornado, aya ogé anu nyebutkeun pamohalan tornado ngajanggélék di nagara tropis kayaning Indonésia.

Tapina, di antawis réa kamandang, aya hiji nu kudu dilenyepan, nyaéta postulat réhna angin puyuh (small tornado) téh sumping diulem ku kondisi salin rupa fungsi lahan.

Profesor Riset di Pusat Riset Iklim dan Atmosfer BRIN Eddy Hermawan nyebutkeun yén salin rupa fungsi lahan di Rancaékék mawa pangaruh keur datangna angin. Hawa di Rancaékék kiwari panas nataku nalika beurang, leuwih tiris nalika peuting, sabab aya éfék rumah kaca.

Eddy, sakumaha diwartakeun ku detikJabar, Jumaah (23/2/2024) nétélakeun ayana wangunan-wangunan pabrik téh ngahasilkeun gas émisi anu teu laluasa balik deui ka atmosfér sabab éfék rumah kaca téa.

Hawa beuki nyongkab buntut tina Lama Penyinaran Matahari (LPM) leuwih ti 12,1 jam. Eta sababna mun beurang panas kacida, peutingna matak ngahodhod.

Aya béda suhu nu gedé antara beurang jeung peuting, lila-lila ngajadikeun Rancaekek daérah anu tékanan udarana rendah.

"Kaayaan jiga kieu téh kapencrong ti tanggal 19 Pébruari 2024. Sasaab (uap) ti suklak-sikluk juru bumi, asup ka Rancaékék," ceuk Eddy.

Mémang teu sakeudeung, jeroning waktu 24-48 jam, tumuwuh binih awan Cumulus (sok disebut Pre-MCS). Terus binih éta ngagedéan jadi gundukan awan Cumulonimbus (Cb) anu siap muih jadi angin puyuh kalawan puntiran anu rohaka. Angin ieu ngamuk dina poe Rebo soré, 21 Pébruari 2024.

Dataran Sawahan

Kakoncara, unggal lembur adat di Sunda nyekel deleg kana peupeujeuh karuhun negunaan planologi. Nyaéta tetekon dina ngokolakeun alam sahingga alamna salamet, manusa anu nganjrekanana ogé salamet. Kieu hubaya-hubayana téh:

Gunung kaian; Gawir awian; Cinyusu rumateun; Sempalan kebonan; Pasir talunan; Dataran sawahan; Legok balongan.

Peupeujeuh éta di antarana masih dilakonan ku masarakat Kampung Adat Dukuh di Cikelet, Kabupaten Garut, sakumaha hasil panalungtikan Fahmi Moh Ansori, dkk. anu medal dina jurnal Al-Tsaqafa Vol.17, nomer 2, taun 2020.

Rék aya angin puyuh, tornado, béntar gelap, jeung sarupaning kajadian alam séjénna ari tumibana di sawah bari euweuh jelema mah moal pati jadi matak. Numawi dataran dijieun sawah téh kitu alesanana. Kabéh éta kajadian alam jadi penting ditalungtik, diwartakeun, nepi ka jadi iber nu ahéng, kusabab aya patalina jeung jelema, nyaéta jelema anu kabancén.

Rancaékék téh dataran bécék anu lega. Ku urang Sunda baheula éta lelewek dijadikeun sawah. Pamohalan upama ayeuna dibalikkeun deui jadi sawah. Nanging, Profesor ti BRIN, Eddy Hermawan ku anjeun nguningakeun, bala réa ulah rék nambah karuksakan lingkungan. Anggur melak tatangkalan sangkan obahna iklim teu maceuh teuing.

(iqk/iqk)


Hide Ads