Alam dunya téh biasa-biasa waé saméméhna mah, tapi ti saprak aya (hiji sisi) média sosial, pangeusi buana pancatengah téh jadi ngariblat kana kalangkang.
Kalangkang anu dina basa Jean Baudrillard (1929-2007) disebut 'simulakra' téh tétéla ayeuna geus jadi sumber niléi anu ampir dianggap mutlak benerna ku kalolobaan jelema.
Contona anu anyar kénéh matak tagiwur sa-Bandung nalika agénsi iklan ngajieun kontén video anu némbongkeun yén barudak siswa salah sahiji sakola méré mobil ka guru anu jadi wali kelas maranéhna, minangka kado jangeung pangsiun.
Agénsi iklan teu bisa disalahkeun sacara administratif sabab geus ménta idin ku ngirim surat ka pihak sakola, wiréh bangunan sakola rék diijeun keur syuting. Pihak sakola gé ngidinan, sabab syuting bagéan tina ketak ngamekarkeun kaparigelan (kréativitas).
Tapi, sacara filsafat, sakumaha panalék filosofis: "Ngarah naon ieu dijieun? Kumaha lamun ieu henteu dijieun?", jigana ieu kontén téh teu dipikiran heula bakalna pikumahaeun. Balukarna, ieu kontén dianggap bener ku kalolobaan siswa, jeung moal boa ku guru-guru.
Mun seug mah kudu ngabayangkeun, kieu meureun kereteg guru-guru anu lalajo éta kontén: "Duh, mun téa mah kami nu dibéré mobil téh, kacida bagjana. Deuleu barudak, siswa sakola séjén mah mampuheun mangmeulikeun mobil!"
Atawa kieu galécok siswa-siswa mah: "Duh nalangsa kieu boga kolot ukur kuli koréh-koréh cok, batur mah siswa téh bisa ngumpulkeun uang kas gedé sahingga bisa meuli mobil keur guruna. Moal boa kolotna jelema jugala hungkul. Nalangsa!"
Untungna Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat rancingeus pisan kana ieu kajadian. Pihak sakola SMKN 3 Bandung digero sangkan ngajéntrékeun maksud tina video anu sumebar téa. Tétéla, éta video téh sagemblengna ukur konten jieunan agénsi.
Simulakra, numutkeun situs lsfdiscourse.org dina basana mibanda harti 'niron kalawan maksud nipu'. Di beulah dieu, nu dimaksud niron nyaéta mimesis, nyonto ti dunya nyata: Boh tina lalakon asli kahirupan jelema atawa tina naon bae anu kadeuleu, karasa, karampa, pikeun jadi hiji 'dongeng' anu nyeplés pisan jeung nu aslina.
Kusabab nyeplés pisan, simulakra ngalindih anu asli. 'Nipu'. Simulakra dipercaya salaku nu benerna. Konten-konten di média sosial anu lolobana mah dongéng nu ngahaja dijieun, dianggap bebeneran anu sajati.
Mabok Hiperréalitas
Dina prak-prakanana, Jean Baudrillard ngabongkar kahirupan anu geus kabéngbat ku perkara-perkara nu matak mabok, nyaéta hiperréalitas.
Hiperréalitas téh hiji kondisi anu dihasilkeun tina lobana simulakra, sarimbag jeung kamajuan téknologi informasi. Akibatna, manusa pangeusi bumi héséeun ngabédakeun mana anu enyaan, mana anu bohong.
Kocap di hiji lembur aya lalaki nu rumahuh rumah tanggana ampir runtag. Musababna, bojona ngirimkeun hiji pidéo kana grup WhatsApp kulawargana.
Pidéona téh ngeunaan saurang pameget anu méré seureuh beureum gambar Soekarno-Hatta nyaéta duit lambaran Rp100 rébuan ka garwana, sagepok kheuseus keur jajan. Ari keur kapereluan sapopoé kayaning balanja pasakeun, mayar cai jeung listrik, éta mah béda deui, ayana dina gepokan kadua.
Nu matak pikasediheun, bojona sang lalaki téh ngirimkeun pideo bari maké takarir: "Ya begitu lah!". Ieu tungtung carita téh pasti ku nu maos katebak kumaha-kumahana.
Simulakra geus salin rupa jadi kiblat saréréa. Sanés hungkul pamaréntah anu jadi tagiwur ku kontén jieunan agénsi, tapi di akar rumput ogé simulakra matak harénghéng. Lampah di hiji tempat jadi lampah saréréa sabab informasina gancang pisan sumebar. Jelema di unggal tempat 'géhgéran' ngalampahkeun naon anu katempona dina layar ponsél.
Saurang guru SD anu ngaleukeunan Filsafat Islam nepi ka magisterna, ditalék: Naon sababna kamari dina dintenan Hari Guru Nasional, murid-murid jeung siswa sakola ti awit SD dugi ka SMA-na ruméntét di unggal tempat, samalah di pakampungan bau lisung, maparin kado keur guruna? Di sababaraha sakola mah ngareuah-reuah dintenan hari guru téh mani katangén meuweuhna, nepi ka nyeungeut kembang api sagala.
Walerna: "Eta fénomena médsos nu puguhna mah, teu aya patalina jeung rasa nganuhunkeun ka guru, sabab méré hadiah mah bisa di luar poé anu tangtu."
Panalék: "Naha ieu téh simulakra téa?"
Walerna: "Nyakséni!".
(yum/yum)