15 Contoh Sajak Sunda Romantis untuk Ungkapan Cinta Tulus

15 Contoh Sajak Sunda Romantis untuk Ungkapan Cinta Tulus

Firyal Hanan Maulida - detikJabar
Jumat, 23 Jan 2026 05:30 WIB
Puisi, sajak, gurindam.
Ilustrasi sajak (Foto: Alvaro Serrano/Unsplash)
Bandung -

Sajak Sunda romansa memiliki cara lembut untuk menggetarkan emosi pembacanya. Melalui diksi yang halus dan sarat makna, deretan sajak ini menjadi inspirasi tepat untuk mengekspresikan kasih sayang, kerinduan, hingga kesetiaan.

Berikut adalah kumpulan sajak Sunda romantis yang dirangkum dari berbagai sumber:

1. Anjeun Harta Anu Paling Γ‰ndah

(Karya: Kustian)

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT

Kalintas di benak kuring,

aya seuri anu marahmay ngaliwat dina pikiran.

ADVERTISEMENT

Kaukir diri anjeun nu aya dina khayalan,

kawas cicing dina jero hatΓ© kuring.

Diri anjeun anu Γ©ndah jeung anggun,

neduhkeun hatΓ© kuring.

Rasa cinta anjeun,

midamel dinten-dinten kuring jadi pinuh ku bungah.

Diri anjeun kawas teu pernah leungit dina ingetan,

dina sagala anu kuring bayangkeun.

Ngan saukur anjeun,

harta anu paling Γ©ndah nu aya dina hirup kuring.

2. Rasa Rindu Kuring

(Karya: Kustian)

Ngahuleung kuring tina jandΓ©la kamar,

dina peuting anu hujan rintik-rintik.

Kuring kaingetan diri anjeun,

tiisna wengi anu ku kuring rasakeun,

teu satiis hatΓ© kuring anu tos ku anjeun tinggalkeun.

Sabab hatΓ© karasa sepi lamun teu aya anjeun.

Ngan saukur diri anjeun nu bisa masihan cahya wengi,

anu nyaangan hatΓ© kuring tina poΓ©kna wengi ieu.

3. Anjeun Nyieun Kuring Sampurna

(Karya: Kustian)

Tina sorΓ© ieu, sateuacan senja leungit,

kuring sadar yΓ©n hirup gedΓ© pisan hartina.

Wanci sakedap kuring manggihan cinta,

abdi ucapkeun hatur nuhun ka Pangeran,

nu tos manggihkeun kuring jeung manΓ©hna.

Sanggeus sadaya rasa anu harita kapendam,

ayeuna jadi kanyataan.

Diri kuring anu tadina hampa,

ayeuna bisa kaubaran ku ayana diri anjeun.

Anjeun datang, nyieun sapoΓ©-poΓ© kuring jadi sampurna.

4. Kuring Jeung Anjeun

(Karya: Dede Syafrudin)

Ngan dina mata kuring,

anjeun kudu nengetan diri anjeun.

Laju geura anjangan ieu jajantung,

lebah rohang-rohang peteng, ogΓ© rohang-rohang cangra.

Ngan na mata anjeun,

kuring rΓ©k ngintip diri.

Ngintip langit, bΓ©ntang-bΓ©ntang, bulan nu sapasi,

nu purnama ogΓ© nu samagaha.

Urang lenyepan ieu keteg jajantung,

dina wirahma simpΓ©.

Ah, geura sieuhkeun sora-sora haliwu anu silung.

5. Mikacinta Anjeun

(Karya: Kustian)

Waktu asa teu sanggup deui ngubaran rasa rindu ieu.

HatΓ© teu deui sanggup ngarasakeun sepi ieu.

Tetempoan asa kosong, lantaran rasa tresna nu teu kabendung.

Waktu asa ngagibleg, hatΓ© ogΓ© karasa sedih,

lantaran kacangkalak ku rasa nyaah.

Abdi hayang hirup jeung salira,

sabab kuring teu sanggup sorangan.

Coba dangukeun ieu sora hatΓ© nu terus ngageroan salira.

Rasakeun pikanyaah abdi nu ngaharepkeun anjeun.

Ayeuna kuring sorangan, ngarasa kasΓ©pian.

Coba dangukeun ieu rintihan hatΓ© abdi,

sabab kuring yakin, anjeun bagian tina hirup ieu.

6. Anjeun Terus Aya Dina HatΓ© Kuring

Saumpama waktu bisa balik deui,

kuring bakal leuwih nyaah ka salira.

Kuring ayeuna sadar,

yΓ©n salira hiji-hijina jalma anu bisa ngartikeun kuring.

Kuring ngan saukur bisa Γ©mut ka diri salira,

sabab kuring nyaho salira tos moal balik deui.

Tapi naha, kunaon?

Kalangkang anjeun terus datang dina impΓ©n kuring,

asup ngaganggu katenangan hatΓ©.

Naha kuring salamina teu tiasa leupas tina diri anjeun?

Naha ogΓ© ngan saukur diri anjeun nu terus aya dina jero hatΓ© kuring?

7. Cinta nu Abadi

Tresna anjeun nyaΓ©ta sima hatΓ© kuring,

kawas lautan Γ©ndah nu ngahiasan alam dunya ieu.

Tresna kuring ka anjeun moal pernah bisa pupus,

terus aya nepi ka maut misahkeun jiwa waruga ieu.

Sabab kuring boga rasa tresna anu abadi,

nu moal pernah bisa pindah ka lain hatΓ©.

8. Hirup Duaan

(Karya: Kustian)

Tirisna peuting ieu, teu deui karasa.

Sepina hatΓ© ieu, teu deui kacipta.

Nyeurina jiwa ieu, tos lami sirna.

Lantaran anjeun jeung abdi ayeuna tos ngahiji,

sami-sami ngajalankeun carita anu anyar,

dina rasa suka jeung duka.

9. Teu Sanggup

(Karya: Kustian)

Teu aya daya abdi mun teu aya salira.

Waktu ngaliwat bet asa teu karasa.

Sakapeung abdi ngarasa sepi dina jemplingna peuting ieu,

kadang ogΓ© abdi ngarasa diri ieu teu aya hartina.

Diri lir ibarat angka hiji.

Abdi bener-bener teu sanggup,

teu sanggup hirup dina legok hatΓ©,

saencan kΓ©ngingkeun hatΓ© anjeun.

10. Paneuteup Panon Anjeun

(Karya: Kustian)

Panon anjeun mancarkeun cahya Γ©ndah anu kantos abdi tingal.

Cahaya panon anjeun midamel hatΓ© abdi jadi tenang.

Paneuteup panon anjeun nembus dinding sarta relung hatΓ© kuring.

Panon anjeun nyieun kuring ngarasakeun hiji hal.

Hiji hal, anu teu tiasa abdi ungkapkeun liwat cariosan.

Ngan liwat sajak ieu abdi ungkapkeun saniskara,

rasa pikanyaah jeung cinta kuring ka anjeun mani tulus jeung abadi.

11. Katulusan HatΓ©

Katulusan cinta anjeun masihankeun kaΓ©ndahan.

Sejuta pesona katingali, namun henteu pernah kaucapkeun.

Sapertos bΓ©ntang anu ngajajar Γ©ndah,

tina hiji impian anu teu aya daya.

Tina waktu Γ©ta ogΓ© kuring hudang tina sarΓ©.

Kuring kaingetan bayangan anjeun,

bayangan anu harita satia maturan dina pangharepan.

Pangharepan kuring anu ngaharepkeun anjeun,

ngaharepkeun bisa sasarengan deui dina hiji katulusan jeung kateguhan hatΓ©.

12. Kajujuran Cinta

Kajujuran dina cinta moal aya hartosna lamun teu aya kapercayaan.

Kasatiaan dina cinta moal aya nyatana lamun teu aya buktina.

Lamun anjeun resep, ngomong resep.

Lamun anjeun sebel, ngomong sebel.

Omongkeun sing jelas,

sabab hatΓ© moal pernah bisa dibohongan.

13. Cinta Saleresna

Seja bade unjukan, ngedalkeun rasa jeung eusi hatΓ©.

Saleresna diri teu wΓ©lΓ©h mitineung ka salira nu janten bebendΓ©.

Mugia panutan ngartos, nu saenyana mung salira nu mibanda rasa.

Sanaos satutup umur, mung jungjunan nu aya dina jero dada.

Duh Engkang, pupujaning ati.

KadΓ©deuh lir gumawang Γ©ndahna katumbiri,

nu teu wΓ©lΓ©h nyanding sumalanding dina ati,

nu dipikamelang siang jeung wengi.

Kanyaah taya sudana, kaheman urang duaan.

Katresnan kadΓ©deuh urang mugi lana papanjangan.

14. Sorangan dina Kasunyian

Moal pernah abdi tiasa ngungkapkeun ieu sadaya.

Sadaya rasa anu kasimpen dina jiwa.

Parantos abdi coba nyatakeun ieu rasa,

nanging anjeun ayeuna tos teu aya.

Teu aya di sisi abdi ayeuna.

Kiwari anjeun mios bade ninggalkeun kuring sorangan.

Ayeuna teu aya deui anu tiasa maturan,

maturan kuring anu sorangan dina kasunyian.

15. Cinta

(Karya: Hasan Wahyu Atmakusumah)

Dina nyasar, nyawang pangalaman nu kaliwat.

Waktu ngarasakeun nikmat cinta nu munggaran.

Tina hatΓ© tukeur ucap anu suci:

"Kuring bogoh ka anjeun."

Cikuray nu bisu milu nyakseni. Kum!

Tapi Γ©ta cinta laas ku katiga,

ngijih muyarkeun pasini ati.

Jadi, Γ©ta rasa cinta nu teu kedal,

ambruk mΓ©mΓ©h ngawangun ngahiji.

Nyi kΓ©nya ngolΓ©sΓ©d bari bobolΓ©h,

bongan jaman nu kiwari.

Kuring kapeupeuh puhu catur,

tarima hirup tacan cukup umur.

Naha di dunya aya kΓ©nΓ©h nu bisa,

mΓ©rΓ© cinta tanpa jangji rΓ©bu hiji?

Kiwari kuring nyukang sasak kinasihan,

nΓ©angan cinta nu panceg di unggal insan.

Itulah beberapa sajak Sunda romantis yang menyentuh hati. Yuk, jadikan sajak Sunda sebagai ruang untuk merasakan dan mengekspresikan cinta dengan cara yang lembut dan bermakna. Semoga bermanfaat, detikers!

Halaman 2 dari 3
(iqk/iqk)
Berita Terkait

 

 

 

 

 

 

 

 


Hide Ads