Narawangan

Neundeun Pustieun di Hunjareun

Dian Nugraha Ramdani - detikJabar
Minggu, 22 Nov 2026 16:00 WIB
Badak Jawa di Taman Nasional Ujung Kulon (Foto: Alain Compost/International Rhino Foundation).
Bandung -

Kantos aya seratan dina majalah Manglé anu ngadongéngkeun William Frederick "Buffalo Bill" Cody (1846-1917) anu nénéh Bill Cody nalika suka bungah ngabedilan bison anu jadi sumber dahareun urang kulit beureum, padumuk asli benua Amérika.

Seratan anu kabaca mangsa rumaja téh nojo kana hiji kacindekan yén keur nyingkahkeun urang Indian ti tanahna, Bill Cody teu kudu maéhan jelemana sacara langsung, paéhan baé sumber dahareunana.

Ari bison sorangan, lain hungkul dagingna jadi sumber dahareun. Tapi geus jadi simbol spiritual anu nyambungkeun hirup maranéhna ti entragan ka entragan. Bison geus méré jalan hirup. Dagingna didahar, kulitna dipaké jangeun jamang.

Ngeunaan bison, urang Indian ngomong kieu: "Lamun kuring paéh, kubur kuring di tegalan. Layon kuring bakal ngémplohkeun jujukutan. Jujukutan didahar ku bison. Bison didahar ku anak-incu kuring."

Tapi, antukna mah urang Indian téh kadeséh sabab lamun Bill Cody boga 12 pélor, geus pasti 11 bison mah kudu paragat nyawa. Kocap kacarita, dina jero 18 bulan hungkul, Bill Cody bisa maéhan leuwih ti 4.000 bison.

Di urang, di tempat anu kapisah jarak sakira 14.000 mil ti Benua Amérika, urang Éropa anu nénéh 'kumpeni' resep pisan ngabedilan badak (Rhinoceros sondaica), sato anu kiwari ampir leungit.

Artikel detikJabar jejer "Sejarah Kelam Badak Terakhir di Bandung, Punah di Tangan Manusia" ngabolékérkeun yén urang Éropa di Bandung kalandepna téh moro.

Maranéhna nyalusur leuweung-leuweung di sabudeureun Bandung saperti Cicaléngka, Puntang, Manglayang, nepi ka deukeut Garut. Bebedil téh maksud utamana mah teu aya deui iwal ti 'nyalurkeun hobi'.

Simak Video "Video: Haruskah Badak Jawa Ujung Kulon Dipindah ke Alas Purwo?"


(mso/mso)
Berita Terkait
Berita detikcom Lainnya
Berita Terpopuler

Video

Foto

detikNetwork