Selain memiliki aneka budaya kesenian berupa musik dan tarian, Tatar Pasundan juga kaya akan seni sastra. Provinsi Jawa Barat yang dikenal akan Bahasa Sunda ini memiliki beragam seni sastra seperti carpon, carita wayang, hingga berbagai dongeng.
Dihimpun dari berbagai sumber, carpon sendiri merupakan singkatan dari carita pondok. Pengarang asal Tasikmalaya, Tatang Sumarsono menyebut carpon adalah sebuah karangan fiksi yang ceritanya tidak betul-betul kejadian atau dialami oleh pengarangnya.
Carpon tergolong dalam sastra Sunda yang baru sebab baru muncul sekitar tahun 1950-an. Carita pondok juga memiliki beberapa ciri-ciri, seperti dapat selesai dibaca dalam waktu singkat, hanya menceritakan sebuah kejadian, alur yang tidak kompleks, dan berpusat pada sebuah tokoh utama.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Karena sifatnya yang fiksi, carpon sering disandingkan dengan dongeng. Kendati demikian, terdapat perbedaan signifikan antara kedua karya sastra ini. Carpon harus memiliki cerita yang masuk akal dan dialami dalam kehidupan sehari-hari, berbeda dengan dongeng yang ceritanya kerap tidak masuk akal. Selain itu, carpon juga memiliki pengarang yang jelas, tidak seperti dongeng yang dapat berupa cerita turun-temurun.
Dalam carpon umumnya terdapat dua buah unsur, yaitu intrinsik dan ekstrinsik. Unsur intrinsik dalam carpon berupa tema, latar, alur, tokoh, watak, amanat, sudut pandang, dan gaya bahasa. Sedangkan, unsur ekstrinsik adalah pesan dan nilai moral yang ingin disampaikan pengarang pada pembaca.
Kerangka penulisan carpon Bahasa Sunda sebetulnya serupa dengan penulisan cerpen dalam Bahasa Indonesia. Kerangka carpon sendiri terdiri atas tema, bahan carita, alur, tokoh dan watak, dialog, sudut pandang, serta amanat.
Baca juga: 5 Contoh Kawih Sunda dan Pengertiannya |
Ide penulisan carpon pun dapat muncul dari mana saja. Pengarang dapat terinspirasi dari kisah yang diangkat dalam sebuah lagu, catatan harian milik pengarang atau milik orang lain, hingga kejadian sehari-hari seseorang.
Agar semakin memahami materi carpon, berikut 7 contoh carpon Bahasa Sunda yang telah dihimpun oleh detikJabar.
1. Babaturan
Pengarang: Kustian
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.
Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.
Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét.Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu ogé sabalikna.
Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, "Aduh si Rani kamana nya?, Tanya Dinda dina jéro haténa" Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam setengah manéhna ngadagoan si Rani can aya kabar kénéh waé.
Teu kungsi lila aya sora "Dinda...!" Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Dinda. "Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika" Tembal Rani tandes naker.
Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Rani, ahirna maranéhana jadi ogé mangkat ka super markét. "Ceuk urang ogé lamun aya pancén di sakola, geura buru gawékeun petingna" Dinda meré naséhat ka Rani bari rada ngambek saeutik.
Sateupina di tempat nu dituju, manéhna tuluy meuli kuéh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék manéhna belikeun ka ninina.
Baju nu dipilih warna konéng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, béh rada ca'ang mereun pikirna téh nu nyieun manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang ninina. Keur Rani, Ninina Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.
Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Saréngséna ngabelanjakeun kabutuhan naon waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy balik sabab maranéhna geus didagoan di imah Dinda. Kusabab kitu, maranéhana buru-buru balik.
Sateupina di imah, manéhna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap Rani téh salaku kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda ogé sok nengetan ka Rani. Rasa ka kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di keluarga Dinda.
Uyuhan, da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sa geus bapa jeung indungna pisah, Rani geus tara kapanggih deui jeung indungna.
Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.
2. Surat keur Bapa
Pengarang: Iskandarwasid
Da puguh jalma leutik bapa kuring mah, nya waktu maot téh nu ngalanteurkeunana ogé jalma-jalma laleutik deui waé. Jeung teu loba, tapi bangun ariklas. Cuhcih nu nguruskeun pasaran, lapor ka lingkungan, nu nyusur taneuh, na motong papan pipadungeun, manguruskeun piboéheun téh éstu tanpa pamrih. Mu téa mah maranéhna ngararepkeun buruh asa piraku, da puguh kaayaan kolot kuring téh geus nembrak. Di gowok nya buntut nya ngupung kitu bet piraku aya araheun.
Peutingan sabada dikurebkeunpa erte datang, duaan jeung ketua seksi dana kematian. Panjang ngobrolna mah jeung indung kuring téh, kuma wé ilaharna ka nu tas kapapatenan. Tapi ari maksud n amah ngan milu prihatin wé cenah ti kadang warga saérté. Barang rék balik manéhna téh nyodorkeun duit, dibungkus ku keretas, dikarétan.
Kaciri da bungkusna teu buni, geus lalusuh, da puguh meunang ngumpulkeun ti tatangga-tatangga wé, papada jalma teu boga. Tuluy sasalaman jeung indung kuring. Ka kuring gé, ka budak tara-tara ti sasari maké ngajak sasalaman. "Kadé Jang, siang junun sakola téh," pokna. "boga pangarti mah sugan wé hirup téh moal ripuh-ripuh teuing. Geus kelas sabaraha ayeuna téh?" kuring unggeuk kawas nu heueuh.
Padahal ti barang bapa brek gearing téh kudu geus mindeng males. Mun dijumlahkeun mah aya tilu-mingguna. Era tuda, unggal diabsén nu can mayar sumbangan bulanan, kuring deui kuring deui nu ngacung téh. "kumaha ieu téh mukri hah? Isuk deui isuk deui! Ari moal mayar puguh! Mun teu mampuh atuh mawa katerangan ti érté!".
Waktu dikitukeun téh kuring ngeluk wé . Tuda naon piomongeun. Ménta, ménta ka saha. Nenjo bapa sakitu payahna naha kanyeri piraku tega pok. Rék ngomong ka indung, kuriak nambah-nambah kabingung, da cacak mun aya méh moal kudu di pénta. Bérésna mah nya bolos téa wé. Ti imah indit, balik-balik lamun geus waktu budalan. "Si Mukri mangkir! Si Mukri Ibro!" pokna. Isukna dibaréjakeun ka guru. Batur dialajar kuring mah digelendeng.
Tuluy dijagjragkeun ka kantor kapala. Mani ngeleper sajeroning diseukseukan téh. Sieun, jeung éra pangpangna mah. Tungtungna hing ceurik, teu kawawa. Waktu diidinan deui abus ka kelas téh teu pati atoh, da sieun disurakan deui. Rék tuluy balik komo, nambah-nambah pikacuaeun guru. Awahing ku bingung léos ka tukang, ngadon sibeungeut heula. Hayoh wé nyemplangkeun beungeut, pirang-pirang lila, da cipanon berebey deui brebey deui kawas cinyusu.
Tayohna bapa kepala téh nuturkeun, da waktu kuring malik manéhna ngajengjen tukangeun. Atuh rumpuyuk deui kuring téh, kawas nu kacerek deleg. Potlot gé nepi ka murag awahing ku reuwas. Hadéna buku mah heunteu. Mun murag téh meureun lapur kana kolombéran. "ku naon atuh manéh téh anu sabenerna Mukri hemh? Cing pek balaka, da moal dikua-kieu. "pokna, "tadi-tadi maneh téh jadi pamujian guru, ari ayeuna bet kieu? " teu nembal. "henteu gering mah manéh téh?" "heunteu". "kamana waé atuh pangna teu sakola téh?" teu nembal.
Lila heula kakara pok deui nanya. : "ari bapa manéh kana dagang kénéh?". "heunteu"?. Udur. Tos lami da.". Baruk gering?" pokna, semu kageteun. "saha atuh anu tunggu dipasar?" "Da tos teu gaduh jongko ayeuna mah...". Kuring jadi rada tatag nyarita téh da bapa kapala sorangan leuleuy ayeuna mah. Waktu dibawa deui ka kantor, teu rerempodan teuing cara tadi. Komo waktu dicekel tak-tak mah, bari leumpang, rarasaan téh asa keur leumpang jeung bapa sorangan.
Indung kuring kungsi diangkir ka sakola. Nya pasti rék ngabadamikeun perkara kuring. Balikna geus beurang, bari rambisak, nénjonkitun kuring téh mani hayang sagabrug-gabrugeun handeueul nénjo indung nepi ka kudu ngalaman patokanen, alatan pamolah kuring. Pantesana diditu téh kokompodan, da saumurna gé indung kuring mah tara nete kantoran-kantoran. Komo ieu bari jeung alatan anak nyieun tanmpah deui uni, sasat digebruskeun.
Méméh di pentog kuring hayang miheulaan wakca, yén polah abur-aburan ti sakola téh saestu n amah awahing ku teu kuat nahan kaéra. Lain ngahaja rék ngawiwirang kolot. Tapi teu bisa pok da biwir kaburu kabekem ku angen nyelek. Indung kuring geus jigana teu bisa bro ngutahkeun kakeuheul téh, bangun teu tegeleun nénjo kuring nu geus taya peta bisa ngangles. Nyaritana teu papanjangan deuih. Kitu méméh ngaharéwos. Kawas anu sieun kadéngéun ku bapa di kamar.
"Jang Isuk mah sakola deui wé nya!" pokna. "sing getol cara sasari. Sing nyaah ka ema. Di sakola sing saregep, ulah carekeun batur. Geuning guru-guru téh sakitu balageurna". Kuring teu nembal teu unggeuk. Komo barang diusapan sirah mah kuring téh kalah ka nyuuh. "sing tawekal jang, urang téh keur dipuragan. Mana kieu gé kersana Pangéran. Ngan muga-muga wé bapa sing geura sacara bihara bilhari deui. Genteng-genteng ulah potong..."
Peutingna kuring téh hésé rék saré. Nyileuk wé, asa jararauh panineungan. Sakapeung-sakapeung sangkat, bari neges-neges bapa, da kuring saré téh tunjangeunana. Beu, geus robah pisan bapa téh. Panon geus jarero. Tulang pipi mani nyalohcor. Kulit anu tadina hideung balas kapoé ayeuna mah konéas kawas hayam meunang ngaléob. Halisna asa beuki cokrom.
Diteuteup téh: renghap, les. Alon pisan ngarenghapna téh bangun bareurat "Sok pa ku kuring dibantuan..." ceuk kuring jero hate. Pirang-pirang lila dipencrong we. "emh boa-boa pa...! tapi ah kétah pa...!‟ ceuk hate, neger-neger manéh. Tapi, sajeroning ngahérang pikiran téh bet kalah ngalelewang manéh, teu beunang dibangbalérkeun. Bruh-bréh budak pahatu lalls, keur saparan-paran bari ngelak nanyakeun indung nananyakeun bapa.
Pantesna budak téh pantaran kuring. Teu sanak teu baraya. Tidinya tuluy nginget-nginget babaturan sakelas, saha-saha waé anu geus teu baroga bapa. Teu nimu. Aya gé nu kainget di kelas tilu, sahandapeun. Tapi ayeunageus kaluar, da sok pada nékéan wé ku batur-baturna. Ari ku budak awéwé, sok diparonyokan téh pédah tara disendal-sendal acan.
Sabada kaluar kungsi panggih deui jeung manéhna téh, dipéngkolan gang asih. Leungeuna nu kénca nyekelan biwir nyiru, ari nu sabeulah deui ngajingjing térmos és. Ngaleut wé gawéna téh sajajalan, nataan daganganana, "pisaaang...! Kasreeeng...! Katimus...!" bangun ripuheun naker nyunyuhun nyiru téh, da puguh awakna téh nya kurunya pacer.
Tariking anteb lamunan méh teu karasa kuring ujug-ujug nyampoyon, ngagéléhé gigireun bapa. Leungeun ngagaramang, meulit kana waruga nu kari tulang. Reup kuring peureum. Nginghak bari haharéwosan. "Pa..., bapa, ulah waka ninggalkeun atuh pa...!" Teu emat teu emut diharéwosan téh, bangun bangun geus teu ngadéngé nanaon. Malah ngarénghapna ogé asa beuki ngendoran.
Awakna nyongkab kawas runghak. Kuring morosotkeun leungeun lalaunan ngarah teu karasaeun. Teu disangka-sangka nyah bapa téh beunta. Pék ngagileur ka kuring, bangun neges-neges semu lungsé. "ieu abdi pa...! Abdi...!" Sajeroning paneuteup hate geus teu sabar hayang geura ngadéngé deui sora. Ukur sakecap gé keun waé, ngarah ieu hate daékeun teger. Tapi didago-dago téh teu ngong waé, kalah reup deui jeung bapa. Jigana teu cukup ku teuteup peuting harita wé, da puguh sagalana gé geus nembrak.
Bungbas taya gantar kakaitanana. Mun téa mah aya nu nyantél waé sajeroning hate, nya éta mah." Nanasiban nu jadi bapa. Paribasa, hirup téh bet népi ka kudu nyorangan maut nyere ka congokna. Tadina mah bapa téh prah wé hirupna cara nu lian. Enya teu kasebut jalma aya, tapi teu ripuh-ripuh teuing. Mangtaun-taun bapa muka jongko di pasar, ngawarung sangu. Kajojo naker, boh kupapada urang pasar boh ku nu ngaliwat, da kabeneran jongkona téh nampeu kalawang, sisi jalan.
Turug-turug padeukeut jeung pangeureunan oplét atuh mani ngagimbung-ngagimbung waé anu ngadon dalahar jeung mantuan laladén. Ari indung kuring ukur kapeung-kapeung ayana pasar di pasar téh, da imah gé sakahayang sarua" pakpikpek. Asakeuneun keur isuk téh mani ngalayah, siga nu rék salamétan wé saban poé gé. Harita mah teu ngimpi-ngimpi yén kasenangan bapa téréh nungtung. Ujug-ujug cew pabéja-béja di papada yén pasar téh cenah dibongkar ku kotamadia, rék dipindahkeun ka kiduleun rumah sakit.
Teu kamana ku pamaréntah aya pasar lebah dinya lantaran ngotoran kaéndahan kota. Saban isuk runtah téh ngahunyud-hunyud waé, tapi béja kitu téh raména ukur bubulanan. Disusud-susud mah euweuh nu bisa mastikeun. Atuh nu baroga jjongko pikirna jarongjon deui. Béja nu enya mah nu pandeuri. Cenah éta pasar téh rék dijieun pasar tingkat, malah adu manis jeung kamekaran kota. Nu baroga jongko tuluy dicatet ngarana saurang-saurang, da cenah engkéna pasar tingkat téh diajangkeun maranisna.
Ngan ukur mimingguan jongko-jongko téh rata jeung lemah. Kari urutna wé kawas diburulukeun ku lini. Jung pasar tingkat téa mimiti tembong rangkay betonna. Bapa muka warungna pindah ka peuntaseunana, némpél kana tembok took maksudna ngarah kapegat langganan. Sapoé duapoé mah nya bisa lila-lila langganan téh nungtutan laleupasan. Komo sanggeus pangeureunan oplét dipindahkeun mah nu ngaradon dahar beunang diitung ku ramo. Tukang béca na kitu, geus teu aya pangeureunan oplét mah maranéhna malencar tara ngariung didinya.
Nya beuki titiseun wé dagang téh. Nyangu tilu leter ogé tampolana mah nyésa. Daging-daging atawa angeun ngalaman sababaraha kali dihaneutkeun. Beuki nyéot beuki boro meunang bati. Tungtungna nepi ka korédas jeung modal-modalna. Malah antukna mah bap amah mindeng nyebut-nyebut boga hutang, ka tukang daging sakitu, katukang béas sakitu, ka anu sakitu.
Cag kana sangu. Tuluy nyoba-nyoba ngasupan endog ka warung-warung, ngarah dina ngembreukna teu bangkar cara dagang asakan. Mandeg, da hésé balikna deui téh, kudu ngadagoan sapayuna. Pék dagang tanggung kana sayuran. Ngandeg deui waé da batur mah laris sotéh mana horéng dianjuk-anjukeun, bulanan atawa mingguan.
Bapa mah tara bisa kitu, modalna ogé apan meunang unjam-injeum. Ti harita aya bulan bapa téh nganggur, bangun mikir-mikir kénéh kana naon aya picabakeun. Golosor imah kajual. Sasat dimumurah, da karurusuh ku nu baroga duit, nanagih waé. Sésa babayar ditapelkeun deui ka ragowok, jeung keur ngamodalan mih baso. Beuki lila beuki burindil wé, da mindeng nyésa gening dagang baso mah, meusmeus nombokan meusmeus nombokan.
Indit sore balik peuting téh boro-boro, nu puguh mah bapa kuring beuki limpeu, cape ku udar-ideran jeung kurang saré. Dikeureuyeuh sotéh, da piraku ari kudu nangkeup tuur mah. Kadieukeun bapa téh sok ménta dibarengan ku kuring, da mindeng lieur cenah. Bisi kajadian katurelengan di jalan aya nu bébéja ka imah. Ngiclik wé kuring téh nutur-nutur bujur bapa bari ngagéndol kurupuk, disoléndangkeun ku tali rapia. Pamoroan bapa téh parapatan jalan. Astana anyar, deukeut béngkél, duka kunaon didinya mah ramé waé.
Mun ngalamot dinya sok geuwat muru stanplat Bojongloa. Didinya mah raména téh nu ngadaragoan beus; jeung oplét nu ka ciwideykeun. Saban sore kituna téh. Jigana maranéhna téh réréana mah. Pagawé pabrik, atawa tukang dagang; da béda tina pamuluna; mun geus reup peuting kukurilingan téh sok ngarukgeung. Ungagal gang imeuy disaksrak ti tungtung nepi ka tungtung.
Enya wéj bapa mah leumpangna téh sok sosolontodan, lamun aya anu nyuntrung-nyuntrungkeun. Mun nénjo kitu kuring sok ngahaja miheulaan ngajak eureun, api-api capé. Mun bapa cingogo pundukna ku kuring sok pencétan lalaunan. Salila marengan bapa téh kungsi dua kali liwat ka pasar tingkat téa. Mani anjang. Dina urut jongko bapa téh ayeuna mah took televisi jeung radio.
Plangna gé mani ngajeblag: took televisi Kong Liong. Apal kuring mah lamun dititah nataan jongko sasahana baréto di jajaran éta téh, da keur bapa didinya kénéh mah ngaulinan sapopoé. Ayeuna mah duka dimarana manéhna téh. Teu barisaeun arasup deui saréréa ogé da cenah nebus jongko nepi ka kudu ratusan rébu. Boro-boro.
Kabéhanana boboléh. Antukna mah nya tup-top wé ku raja-raja uang da titadi gé tayohna mah geus pada ngadodoho. Lalakon nutur-nuturkeun bapa tamatna dina poé saptu, pasosoré. Harita bapa keur diparengkeung panggih jeung milikna meunang panagogan nu merenah gigireun tukang sirop. Ramé ku jelema ramé ku nu meuli di dinya mah. Ti barang gog bapa teu eureun-eureun ngaladangan.
Kuring mah cingogo wé gigireun blék kurupuk, bari nyérangkeun ka belah kidul, mani ngabaris nu daragang téh. Mun diitung mah aya kana tilu puluhna; tukang sirop, kupat tahu, suuk, martabak, sate, kuéh tangbang, pisang, gulé, ah nya rupa-rupa wé. Keur meujeuhna ramé nu mareuli, na atuh ti Beulah kalér ujug-ujug kadéngé nu patingharéak, kawas aya riributan. Tingberetek nu lulumpatan. Mana horéng aya pembersihan, meni dua treuk. Petugas-petugas maraké baju héjo, maraké helm marawa pangebug, matak pigarilaeun.
Datang-datang jungjleng laluncatan tina luhur treuk bangun tarapis pisan. Nu daragang téh réok ka ditu, réok ka dieu, da puguh geus kakepung. Dor dar tanggungan paadu jeung tanggungan roda sorong awahing ku geumpeur. Sora panel brong brang, tigogoloncong. Borolo sora botol jeung piring. Katambah sora patingbeletok, jeung tingkocéak. Persis wé kawas aya nu kahuruan.
Kuring bapa-bapaan, reuwas pacampur jeung sieun. Ari bapa digero-gero téh kalah nguruskeun pamulungan. Bérés pamulungan tuluy nyokot piring nu jarajan téa, gaya gayo. Atuh kaburu krewek mantén. Bapa nongtak, hayang nyalametkeun tanggungan bisi dihanyatkeun kana treuk. Barang rék regereyeng pisan leungeun bapa nu belah kénca karawél mantén. "Tong lumpat siah!"
Pageuh nu nyerek keukeuh nu tétéréjél, na atuh ana barawak téh kepret bapa belah dua tilebah punduk pisan. Soéh ngangkarawak mapay tonggong da puguh baju geus bobo. Bapa ngarumpuyuk, siga nu rék brek diuk. Hadéna kuring dibéré inget. Bongoh itu, bapa ku kuring dijeuwang satengah digusur, sirikna teu bari notog-notogkeun manéh. Blus ka gang gupit. Seselendep, duka ka mana pibijileunana. Lebah nu nyingkur kamprét bapa anu awek-awekan téh dicatét heula ku panitih, bisi disangka jalma andar-andar.
Tilu poé ti harita tanggungan bapa téh aya nu ngalanteurkeun ka imah. Nu haat téh urang gang Mukardi, papada tukang baso deui wé, kawawuhan bapa. Mani geus payeyod tanggungan téh da puguh kaidek jigana, piringna mah teu kapulungan hiji-hiji acan. Teu waka dibéjakeun ka bapamah. Angkanan engké wé mun geus cageur, da ti barang kajadian harita téh bapa tuluy ngaringkuk, panas tiris.
Teu nyangka satungtung buuk harita meh yén bapa téh moal diparengkeun nincak taneuh deui. Atuh nepi ka maotna lat waé poho teu kungsi kabéjakeun. Inget-inget deui sotéh kana titinggal bapa waktu ngadéngé aya tatangga butuheun tanggungan baso. Sugan wé payu. Pék dikumpulkeun, dikeprukeun, dielapan, diranjing-ranjing. Tuluy rancatanana dipasangkeun. Geus masang bet jorojoy aya pikiran séjén. Tanggungan téh hég ku kuring diajar-ajar, ngangser saeutik.
Mun diteukteuk mah sukuna dua ramo ge cukup. Jung deui ajaran bari diemplad-emplad, ngukur beurat-beuratna. "ah kabawa..." ceuk kuring, ngomong sorangan. "ma..mun aya modalna mah nya...!" Indung kuring teu nembal, ukur melengek. Tapi tembong aya sari bungah. Kuring teu wani ngomong deui bisi nambah-nambah susah pikiran indung. da tina buburuh nyeuseuh téh boro-boro aya sésana.
3. Runtah
Pengarang: Kénging Rahmaida
Geus sababaraha poé di imah téh huluwar-hiliwir waé bau bangké. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon. Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekembangan bisi aya oray atawa bangkong paéh, angger euweuh.
"Naha naon nya Mah, nu matak bau téh?" ceuk kuring ka Mamah nu keur anteng kaprak-keprek di dapur.
"Duka atuh, Mamah gé héran," waler Mamah. "Ngan ku Mamah diperhatikeun, nu bau téh jolna ti garasi," saur Mamah deui.
"Ti garasi Mah?" kuring héran.
"Enya, jung geura pariksa ku Tatan," waler Mamah.
Koréléng ka garasi. Ulak-ilik ka ditu ka dieu. Irung diungsa-angseu bisi enya anu nimbulkeun bau téh jolna ti garasi.
"Ah teu bau nanaon geuning," haté ngagerentes sanggeus teu manggihan nanaon anu matak nyurigakeun.
Basa rék ngoloyong ka jero imah, di luar pager témbong aya mobil eureun. Bapa nembé mulih ti kantor. Gura-giru kuring mukakeun pager. Geleser mobil asup ka garasi.
Sabot kitu, pelenghir bau bangké téh kaangseu deui. Nepi ka asa murel rék utah. Kapaksa kuring nungkupan irung.
"Ku naon Tan, nungkupan irung?" Bapa naros.
"Bau, Pa," walon kuring ngirung.
"Eh, éh...enya, enya geuning di dieu nu bau téh," saur Bapa deui bari nungkupan pangambungna. Koloyong ka jero imah. Kuring ngiclik nuturkeun tukangeunana.
Leng kuring mikir. Kari-kari bapa datang, bau bangké téh mani jelas kaangseu. Sanajan ceuk Mamah tadi nu bau téh di garasi, tapi can jol Bapa mah da teu bau-bau teuing.
"Pa!" ceuk kuring satengah nyorowok bari lumpat ka jero imah.
"Aya naon Tan, nyarita téh tarik-tarik teuing. Sok ngareureuwas baé," Mamah nu ngajawab téh.
"Mah, Tatan terang ayeuna mah anu janten sumber bau téh," ceuk kuring.
"Naon?" Mamah naros.
"Mobil Bapa."
"Har...naha mobil Bapa?" Bapa ngerungkeun halisna.
"Pa, Bapa téh apan saban dinten ngalangkung ka Pasar Antay. Di dinya apan seueur runtah. Tah, anu matak bau téh ban mobil anu tos ngagéléng runtah di Pasar Antay téa," ceuk kuring yakin.
Mamah jeung Bapa katémbong silihrérét. Koloyong Bapa ka luar. Kuring jeung Mamah nuturkeun tukangeunana.
"Enya, pamanggih Tatan téh sigana bener," saur Bapa sanggeus aya gigireun mobil. "Runtah téh geus bahé ka jalan tuda," Bapa siga nu gegelendeng.
"Pa, kaluarkeun deui atuh mobilna. Kumbah heula di ditu, di luar. Sok Tan, siapkeun selangna!" Mamah nyarios.
Sabot Bapa ngaluarkeun mobil ti garasi, bari nyiapkeun selang téh pikiran mah kumalayang ka sababaraha tempat di ieu kota anu ayeuna geus jadi tempat pamiceunan runtah. Upamana waé Pasar Antay, Pasar Tonggoh, jeung Cikuda, apan éta mah tempat umum anu sakuduna mah bararesih. Ku lantaran dipaké pamiceunan runtah, atuh jadi barau jeung réa laleur.
"Sok Tan, geura kocorkeun caina!" Bapa miwarang.
"Banna wungkul wé nya nu dikumbahna, da ka luhurna mah beresih kénéh," ceuk kuring bari nyebrotkeun cai kana ban tukang. Bapa ngawaler ku unggeuk.
Sanggeus bérés ngumbah mobil, kuring nyarita ka Bapa, "Pa, énjing mah ulah ngalangkung ka Pasar Antay atuh, ambéh teu bau deui bangké di garasi."
"Enya, ti mimiti isuk mah rék ka jalan Otista wé, kajeun rada nguriling," waler Bapa.
"Naha moal waka diangkut kitu, runtah téh?" Mamah naros.
"Wah, duka iraha diangkutna, apan pamiceunan runtahna gé can aya nepi ka ayeuna gé," waler Bapa.
"Naha meni dugi ka numpuk kitu runtah téh nya Pa? Naha henteu diduruk waé?" ceuk kuring ngarasa héran.
"Di duruk gé moal teurak, da runtahna baseuh," waler Bapa.
"Eta tuda ari miceun runtah téh sok padu bra-bru waé, tara dipisahkeun runtah baseuh jeung jeung runtah garing téh," ceuk Mamah bari ngaléos ka jero imah. Teu lila Bapa jeung kuring ogé nuturkeun asup ka jero imah.
Isukna, jeung saterusna ari indit jeung mulang ti kantor téh, cenah, Bapa tara ngaliwat ka Pasar Antay.
Enya wé ari teu ngaliwat ka dinya mah teu bau deui bangké di imah téh. Ngaliwat-ngaliwat deui ka Pasar Antay téh sanggeus aya kana sabulanna, sabada runtah nu tingtalambru diangkutan ku mobil ti Dinas Kebersihan Kota. Ayeuna mah, cenah, geus aya pamiceunan runtah téh, di daérah Padalarang.
4. Tugas Kelompok ti Sakolaan
Pengarang: Kustian
Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.
Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.
Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna. Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung.
"Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!" Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana.
Singket carita, bolu teh nuju di open. Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, " Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!" Saur ibu abdi ti jero bumi.
Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna. Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, "Wah" mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.
5. Haréwos Keur Indung
Pengarang: Téh Nila
Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahlukNa anu kudu sukur ni'mat. Indung mangrupa "janggélékna" muara kahirupan Mantenna pikeun umatNa. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung téh "mediator" antara Mantenna jeung manusa.
Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-néngné. Sagala hal kahadéan diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning "ngajelemakeun" kuring.
Kiwari, mangsa kuring geus sawawa... geus bisa hirup jeung néangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku éta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma... Kuring yakin, indung teu weléh agul-agulan ka dirina: "Anaking kiwari geus jadi "jalma"... !!".
Éksprési kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi "jalma", ceuk indung... tapi, naha kuring geus pantes disebut "jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!"
Indung, nepi ka poé ieu satékah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun. Sarénghap napas anjeun, jadi sarébu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.
Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.
Hampura, kuring ukur bisa jadi anak nu "ukur" bisa naur kaha-déan ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (Insya Alloh) rumah-tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeun éta téh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.
Indung, mun seug kuring jeung anjeun geus dipegat pati kaasih ku-ring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetep ngantengna "kakuatan" ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa. Kuring teu kawasa ngabagjakeun an-jeun dunya ahérat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Manten-na.
6. Layung Langit
Pengarang: Tety S. Nataprawira
PANAS poé mani morérét, angin halodo nyelesep, sésélékét kana sakujur awak Rasti. Karasana matak lalinu satulang sandi. Keur mah manéhna teu ngareunah, kawas anu rék salésma. Di tepas ngan aya manéhna sora ngan, jongjon nyanghareupan mesin jahit. Keur nganggeuskeun baju Nia, anakna nu ayeuna keur kuliah di Jogja.
Taya sora nu kadéngé, iwal gurudugna mesin jahit meupeus kasimpé. Teu cara sababaraha taun ka tukang, basa sararéa ngariung kénéh. Aya Nia, aya si Ayah, sebutan sapopoé bapana Nia. Sok heureuy silih poyok, silih puji. Da bapa jeung anak téh sakaresep kana musik jeung ngalukis. Rasti ngabandungan sok bari nganggeuskeun hanca kaputeun kawas ayeuna.
Pangaresep Rasti ngaput téh. Pangaresep nu bisa nambahan pangasilan keur meuli kabutuh sapopoé. Rét kana jam dina témbok, geus jam satu, ras manéhna inget can solat lohor. Buru-buru cengkat tuluy ka cai rék wudu. Basa asup ka kamar mandi, karasa awakna beuki nirisan, malah tepi ka ngahodhod. Rasti neruskeun wudu. Kawasna geus lohor mah tulus rék kaluar téh, gerentes haténa.
Aya jangji nu can katedunan saprak manéhna hirup nyora ngan. Hayang solat Asar di Masjid Agung. Can ludeung ka masjid téh, ku loba panineungan. Kapan di masjid éta tepung munggaran jeung salaki téh. Kapan di masjid, sok babarengan munajat ka Anjeunna. Naha saprak ditinggal keun, jadi sieun teu kuat ka masjid téh. Tapi maenya rék kalalanjoan ngingu kawaas jeung kamelang.
"Pamali, kawas anu teu tumarima kana kadar," saur Ema, bulan tukang. Euweuh sora nu ngaganggu, jongjon. Rasti husu salat lohor. Bérés salat manéhna nilepan mukena, asup kana kantongna, tuluy di kana tas keun. Rék dibekel. Sup qur'an husus paranti manéhna, diasupkeun tartib, tuluy sarua dikana taskeun. Sakalian hayang nuluykeun diajar tahsin.
Niat nu katunda saprak si Ayah dipaparin cocobi ku Alloh, ngarandapan kanker nasopharink. Ku dokter kapanggih, sanggeus metastase, nyebar kamamana. Méh lima taun, Rasti tawekal ngurus nu gering. Padahal nu jadi gunung pananggeuhan téh, ngan salakina. Ti harita Rasti jadi gagantina, nyangahareupan sagala rupa urusan. Alhamdulillah, Allah SWT satemen na maparin ujian sareng rohmatNa, sareng kadeudeuhNa.
Salaki nu dikaulaan éstu sabar, tara ngarasula. Rumasa Rasti sakapeung sok ngarasa capé. Ihtiar jeung tarékah geus dilakonan, tapi kodar ti Allah mo bisa disinglar. Dina tengah taun kagenep, Allah geus nangtukeun salakina kudu mulang ka kalanggengan. Basa Rasti ka Masjid Agung nu panungtung, sataun ka tukang ogé, éstu bari nedunan paméntana.
Salaki na, panasaran hayang ngajaran diubar ku jajamu. Panasaran, pédah pabéjabéja, aya ubar tina tutuwuhan nu sok remen ditawarkeun di buruan Masjid, mangpaatna bisa ngubaran kanker. Paméntana ditedunan, bari angger ngalaksanakeun saran dokter radioterapi jeung kemo.
Nyanghareupan kaayaan kitu, Rasti ngan bisa tumampi bari ikhtiar. Rasti ngarasa yakin, ujian ti Allah SWT, moal ngaleuwihan kamampuhna. Harita mah asa gedé haté. Sugan Ayah bisa séhat deui sabihari. Sanajan ti taun ka taunk aayaanana robah, awakna ngorotan, gancang pisan. Ayah nu sakitu gagahna dina keur séhat, geus kaserang kanker mah robah jadi siga rorongkong. Dina kaayaan kitu, Rasti beuki nyaah jeung deudeuh.
Wanci layung langit hibar bulan puasa lima taun katukang, panungtungan si Ayah ngajak salat Asar sarta tuluy buka di Masjid Agung. Bari napak tilas, cenah. Kawas nu keur nyatetkeun panineungan pikeun nu panung tungan. Kiwari, Rasti bener-bener nyorangan. Geus sababaraha poé ieu Nia katingali waé ku panon batin Rasti. Kumolébat. Perbawa keur rus ras kanu geus teu aya. Rasti hayang nyaluuh ka Gusti, rék masrahkeun haténa Pangkonan Mantenna. Bulan ieu mendak taunna Si Jenat.
Cipanon Rasti can tuhur waé. Harita ge gé sabulan méméh bulan puasa. Muga si Ayah geus jongjon aya dina kakasih Mantenna, gerentes Rasti. Baheula basa Nia umur lima tepi ka sapuluh taunan, ka Masjid téh sok boncéngan tiluan kana Vespa. Pangpangna mun rék balanja keur Lebaran. Lantaran Puseur Balanja téh deukeut masjid, Rasti jeung salakina sok sakalian parkir motor di buruan masjid. Antukna sok tara buru-buru balanja, kabéngbat ku buku- buku nu ditawarkeun di émpér masjid. Kitu deui Nia pipilueun resep macaan buku nu ngahaja dipilih keur manéhna.
Buku dongéng, ngeunaan agama. Rasti mangmacakeun bari ningalian gambarna. Si Ayah sarua anteng muru buku buku karesepna, bab Agama. Panas nu morérét, asa can pati robah. Poé ieu Rasti hayang ngajugjug kadinya, ka Masjid Agung. Asa dina panon Nia nu paciweuh milihan buku. Kadéngé kénéh sora bapana déhém, isarah ngarasa kayungyun ku polah budak.
Ah, ku hayang geura gok Rasti tepung jeung Masjid Agung. Hayang mulang keun panineungan, hayang napak tilas, hayang murakeun kasono. Dina beus kota, Rasti diuk deukeut jandéla. Ngahaja teu kana beus kota AC, hayang malikan panineungan baheula. Sajajalan rék nostalgia. Rasti ngawaskeun ka luar, tina jandéla beus kota, mapay panineungan nu kungsi maneuh, ti unggal tempat nu kaliwatan.
Aya rumaja sapasang keur leumpang patungtun- tungtun, bari suka seuri. Ah, Rasti jadi ingeteun ka mangsa baheua, keur manéhna rumaja. Baheula, poé Minggu sok ngahaja ngaluuhan majlis ta'lim di Masjid Agung jeungKang Imat, lanceuk Rasti nu harita keur kuliah di Bandung. Rasti di SMA. Ku lantaran di majlis mah Rastidiukna papisah, manéhna teu dihaja sok bareng jeung hiji Ibu nu méh unggal minggu papanggih di dinya, matuh calikna. Rasti kataji, Ibu Sukma nu bageur jeung ramah téh sok tetelepék waé ka Rasti.
Sok naros jeung saha. Ku Rasti diwalon, sareng pun lanceuk. "Carogé ? " si Ibu nanya bari nelek nelek Rasti. Bari imut Rasti némbalan " Sanés, sareng pun lanceuk nu pangageungna. Kaleresan di dieu nuju kuliah, da pun biang di lembur sok omat-omatan supados abdi pami ka pangaosan sareng Kang Imat." " Euh, " Cek Ibu bangun sugema. " Saé atuh, kayungyun. Ibu gé duaan sareng pun anak, lalaki. Janten calikna misah," pokna nuluykeun kalimahna bari imut. Samémeh papisah, di tempat parkir si Ibu ngageroan Rasti jeung lanceukna. Ngawawuhkeun anakna, jajaka pantar lanceuk Rasti. " Dimas," cék si jajaka. Sakolébat neuteup Rasti.
Tuluy sasalaman jeung lanceukna. Ti harita Dimas jadi raket jeung Imat. Si Ibu tambah deukeut ka Rasti. Cinta munggaran nu balabuh dina rumahtangga pinuh kabagja. Silaturahmi téh bet jadi jalan taaruf kulawarga Rasti jeung Dimas. Dimas jadi salaki Rasti nu dipiheman, dipideudeuh salilatilupuluh taun. Dimas, Si Ayah nu kiwari kari panineu nganana. Kitu deui Ibu, kari waasna. Nia, buah haté, lir ibarat kembang kaasih nu minuhan dunyana. Teu kacipta, yén bakal ngalamanditinggalkeun dina mangsa nu can sampurna. Kolébat Nia némbongan deui, imut. "
Mamah kedah tabah, Si Ayah pasti masih nyarengan ti alam Kalanggengan, " Nia sok ngupahan dina sms. Katineung na haté Rasti lir katumbiri, ririakan, warna warni. Jalan nu kaliwatan pinuh ku pagaliwotana tutumpa kan, balawiri. Jalan liliwatan ti wétan ka kulonkeun, macét. Beus kota ngeyeted. Rasti ngaronghéap kesel. Hayang ngapung, hayang geura tepi ka Masjid Agung. Sieun layung kaburu témbong di beulah kulon. Hartina Asar kaliwat. Ayah panggasikna lamun ngageuing solat Asar, waktuna ngan sakolépat, cenah.
Enya, waktu téh ngan sakolépat. Tilupuluh taun teu karasa geus kaliwat. Kiwari Rasti leungiteun. Leungit sakabéh rasa lir katebak angin. Ti kajauhan geus katingali dua Munara Masjid lir nu rék ngajul langit. Sabudeureun munara caang béngras, can aya layung nu ngalangkangan. Lebah Alun-alun beus kota eureun, jrut Rasti turun, gura-giru muru buruan Masjid beulah kidul nu sok ramé ku nu daragang. Muru tempat wudu paranti muslimah, ngaliwatan nu dagang jajamu.
Rasti ngalieus embung ningali ka lebah dinya. Sataun katukang, panung tungan ngahaja neangan kadinya téh. Sanggeus manggih jajamu nu dipesen ku salakina, harita Rasti tuluy solat Asar. Ngan waktu karak bérés pisan awéh salam, hapéna karasaeun ku Rasti ngageter. Si Ayah nelepon. "Énggal geura mulih, Ayah tos capé, " sorana halon pisan, semu nu ngageuri. Saharita Rasti gura giru muru ka imah. Kasampak si Ayah keur nyanda na risbangna, can robah ti mimi ti ditinggalkeun ku manéhna basa tadi. Basa Rasti datang, salakina bangun bungaheun pisan.
Pamulu na marahmay. Pesenan ana teu ieuh ditanyakeun deui, kalah pok nanya. " Tadi netepan Asar di Masjid Agung ? " pokna sumanget. Rasti unggeuk. Haténa ngarakacak. Nénjo waruga salakina nu leuseuh, pameunteuna geuneuk tapak Radio térapi. tapi sumangetna masih kénéh karasa. Sora adzan Asar ti munara kadéngé aweuhan, ngéléhkeun sora-sora kendaraan nu lalar liwat sabudeureun masjid kota. Ngagareuwahkeun lamunan Rasti.
Manéhna, tuluy néangan tempat nu genah, di antara ma'mum séjénna di rohangan akhwat. Bar ngampar sajadah. Tuluy sujud. " Gustii, abdi nampi pamun dut Gusti sanaos abdi teuacan kiat. Abdi rido beubeulahan haté abdi dipundut ti payun da Salira nu kagungan. Kiatkeun abdi, Gusti. Nyanggakeun, hirup abdi, maot abdi, sareng ibadah abdi mung kanggé Gusti. Abdi moal ngaraos sora ngan salami aya dina panangtayungan Salira, " gerentesna. Di sabudeureun munara, layung hibar nyaangan langit pasosoré.
7. Jurig Imitasi
Pengarang: Eddy Ruswandy
Sagala kapeurih asa can punah. Kasedih, nalangsa, tunggara masih gumulung jeroeun dada, teuing rék iraha musnana. Awak kuring nu kamari ieu ingsig, saeutik-saeutik karasa ngorotan. Sagala rupa taya nu mirasa, moal boa mun kurang-kurangna iman mah teuing geus milu nuturkeun, ninggalkeun dunya nu ramé ieu, nu pinuh ku sagala kapalsuan jeung katunggaraan.
Do'a kuring salawasna marengan, mugia manéhna beubeulahan ieu haté sing meunang kabagjaan di jero kubur, sing ditarima iman islamna. Ogé kuring teu kendat nga'dua muga-muga keur diri kuring nu ditinggalkeunana sing kuat nandang sagala cocoba nu tumiba. Ngalangkang kénéh kajadian dua minggu ka tukang. Kalayan haté teu tenang, antara bogoh jeung cangcaya nungguan manéhna. Ari pamajikan kuring nu rék ngalahirkeun turunan nu munggaran.
Bet geuning kitu buktina, sagala kacangcaya ngabuah jadi tunggara. Hak kuring kiamah bareng jeung musnana sagala harepan. Ani mulang ka asal, dipundut ku Nu Kagungan, asal ti Anjeunna balik deui ka Anjeunna. Teu bisa majar kumaha ngan cimata nu bisa marengan jeung du'a nu nganteurkeun manéhna, ka tempat pangreureuhan nu panganggeusan.
Mun raheut téa mah asa can lipur, geus jol deui masalah nu matak nyeri haté, nyeri nu leuwih ti nyeri. Najan kuring gogoléran bari nyebut sarébu kali teu percaya, taya gunana, ngan haté baé nu tetep teu ngeunah. Asa piraku Ani pamajikan kuring nu sakitu soléhna, migusti ka salaki, taat kana paréntah agama, awéwé nu apal kana haram jeung halal sarta maotna bisa disebutkeun "mati sahid" diuar-uar majar maotna marakayangan jadi sétan panasaran.
Kuring yakin sagala éta carita ukur jijieunan, ngan kuring tetep baluweng, kudu kumaha nyanghareupan masarakat nu masih kénéh kandel kapercayaanana kana soal nu kararitu. Naha kudu didatangan saurang-saurang dibéré panerangan? Mustahil! Hadéna di imah téh ngan duaan, kadua Mang Pardi badéga kuring, jadi sagalana masih kénéh bisa tenang enggoning nyanghareupanana.
"Ari Mang Pardi ti saha mimitina meunang béja téh?" cék kuring basa mimiti meunang béja ti Mang Pardi. Haté mah asa geus teu kuat nahan émosi, sok ku teungteuingeun nu ngamimitian nguar-nguarna. "Satadina mah moal dibéjakeun ka Encép téh!" cék Mang Pardi bari ngarahuh. "Asa kieu salah kitu salah. Ku Emang geus dipaluluruh ti mimiti jalma nu nepikeun ka Emang, terus dipapay nepi ka sungapanana. Tapi buntu Cep!" "Buntu kumaha Emang téh?" cék kuring panasaran.
"Ceuk nu pangpandeurina ditanya ku Emang téh, meunang béja ti Jang Unu cenah..." "Kang Unu Mang..." Asa piraku ari Kang Unu nepikeun ka nyieun gara-gara deui mah. Baheula gé asa geus bébéakan sili hampura najan enya manéhna kungsi jadi maru kuring gé. Kumaha atuh ari kieu Mang? Piraku kuring kudu maluruh nanyakeun soal nu kieu ka Kang Unu. Bisa-bisa urang disangka rék nyieun pucuk ti girang."
"Nu mata oge Cep! Leuheung basa mun panarimaanana alus. Ongkoh sasatna ngaborétékeun étaeun urang..." "Ari pamanggih Emang kumaha?" "Maksad Encép téh?" "Enya ari Mang Pardi percaya Ani jadi jurig?" "Beu ari Encép, keur naon atuh Emang unggah-onggéng solat ari kana soal nu kitu masih percaya mah. Lain pédah hareupeun Encép ieu téh! Jeung mun enya ogé aya manusa nu jadi nu kitu lain modél Néng Ani bagéanana."
"Sukur ari kitu mah, hartina Emang sanggup meureun ngabantuan kuring?" "Maksud Encép téh rék néangan jurig bungkeuleukanana?" Mang Pardi malik nanya. "Enya Mang! Emang gé meureun ngarasakeun kumaha rarasaanana haté kuring!" "Tong boro Encép, dalah Emang sorangan gé milu teu ngeunah!"
"Kieu atuh Mang, keun ayeuna mah urang cicing-cicing baé heula sugan jadi tiis suasanana. Tapi lamun beui maceuh mah kari kumaha engké!" cék kuring tandes. Mang Pardi ukur unggut ngaenyakeun. Kuring yakin Mang Pardi mah bisa dibawa badami jeung bisa dipercaya.
Peutingna. Kaayaan di luar combrek, taya jelema liwat saurang-urang acan ka hareupeun imah kuring. Malem Jumaah kaliwon, katurug-turug keur meujeuhna poék bulan. Mang Pardi geus saré ti wayah isa kénéh di kamar tukang. Sanggeus ngaji meunang sababaraha balikan gék diuk dina korsi di kamar hareup.
Pitunduheun anggur ngajauhan, pikiran mancawura ka ditu ka dieu nyoréang alam ka tukang. Ku teu sangka kuring bakal ngalaman nasib model kieu. Kuring kudu ditinggalkeun ku manéhna dina mangsa keur meumeujeuhna sono-bogoh.
Lampu dileutikan. Ti kajauhan kadéngé sora anjing babaung. Golédag kekedengan susuganan bisa saré. Keretek di pipir aya sora nu kekeretekan. Teu jadi pikiran, paling-paling kalakay kabawa angin. Hiliwir bau menyan kaangin-angin paselang jeung bau minyak seungit. Geus teg na jero pikir moal salah hiji sandiwara bakal dimimitian. Kuring cicing. Lain sieun, tapi hayang nyaho satuluyna nu bakal kajadian.
Kuring teu percaya kana sagala tahayul, jeung asa piraku tina asal dongéng-dongéng bohong kiwari bakal karandapan ku kuring.Tina sora nu karasak-kéré sék robah jadi sora nu ceurik bangun kanyenyerian. Ku lantaran imah kuring témbok, teu bisa noong ka luar. Cengkat lalaunan. Ngahuleng sakeudeung. Mani ngagebeg basa aya ramo nu nyolongkrong tina liang angin-angin, ramu nu dibungkus ku kapas nu ngeplak bodas.
Pluk aya nu ragrag kana ubin. Panasaran jandéla dibuka, ngan sakolépat nu ngelemeng bodas geus ngiles dilegleg meredongna peuting. Kuring gogodeg jeung istigfar. Nu ragrag kana ubin dicokot. Sacewir lamak bodas ditulisan beureum. Dibaca: "Kang Handy!! Seratan Ani curat-ciret teu mirupa, diserat nganggo getih Ani pribadi. Kang Handy! Ani sedih! Kang Handy karunya ka Ani? Pangmaoskeun Yasin kanggo Ani nya Kang Handy. Pileuleuyan! Nu tunggara Ani"
Isukna surat dibikeun ka Mang Pardi. Manéhna ukur gogodeg. "Lain antep-antepeun ieu mah Cep! Jeung piraku deui aya jurig bisa nulis sagala." Mang Pardi ngomongna dibarung imut. "Sing waspada baé Mang Pardi da tangtuna gé ieu téh aya tuluyna, jeung ulah kendat nya ngado'a baé, muga-muga sagalana téréh bérés!"
"Ceuk Emang mah mending ontrog ka imahna Cep, moal saha deui tangtu si Unu nu boga petana téh." "Ah, ulah waka nyangka ka si itu si éta Mang..." "Ari geus... sidik béja téh asalna ti SI Unu, jeung Si Unu deui nu pernah paséa jeung Encép." Mang Pardi keukeuh dina pamadeganana. "Curiga mah meunang, tapi nyangka mah ulah. Beurat jeung kudu aya buktina. Ari ieu..." "Rék cicing baé nya Encép mah?" Mang Pardi malik nanya. "Nya kudu kumaha atuh..." "Encép apal henteu kana tulisanana?"
"Henteu, ngan nu jelas jurigna bodo. Piraku ditulisna ku getih ari bauna bau mangsi." Salila-lila paduduan tingharuleng. "Engké mah Emang cicing baé di imah bandungan sagala nu kajadian. Keun kuring mah rék liar, sugan bisa meunangkeun nu anéh-anéh." Kuring ngabagi tugas. Malem Saptuna, ti wanci isa kénéh kuring geus indit, maksud téh rék manggihan Kang Unu, bongan ceuk Mang Pardi béja téh asalna ti dinya. Lain rék ngontrog kuring gé, maksud téh hayang ngobrol baé, susuganan nyabit-nyabit soal pamajikan kuring nu cenah jadi ririwa.
Punten mah geus sababaraha kali, tapi euweuh baé nu ném-balan sakitu lampuna mah caang. Imah Kang Unu teu pati jauh ti imah kuring ngan kaselang ku tegalana jeung kebon pandan. Imah leutik cukup keur imah-imah sorangan mah. Bubu-jangan kénéh Kang Unu téh.
Panasaran ditoong tina sela-sela bilik karancang, aya radio luhureun rak. Tapi... aya geuning Kang Unu gé keur ngajongkéng dina bangku kai di tengah imah. Panto imahna diketrokan deui antukna digedoran, nu nga-jongkeng angger teu usik teu malik. Kalah kesel.
Maksud téh kuring rék balik deui. Basa ka luar ti buruan imahna ti kajauhan aya nu ngelemeng sagala bodas. Kuring nyalingker kana tukangeun rungkun pandan. Gancang pisan leumpangna, mun kuring jalma borangan moal teu sawan sigana mah, teu rék kitu kumaha geura nu liwat téh najan poék sidik maké popocong.
Dituturkeun ti kaang-gangan, ka imah Kang Unu geuning asupna téh. Ditoong deui tina sela-sela bilik. Porosot pakéan-pakéanana dibuka, Kang Unu geuning. Kuring gogodeg. Kahayang mah asup ka imah bari nyarekan laklak dasar, tapi kuring asa salah geus wani untap-intip ka imah batur. Bari haté pinuh ku kakeuheul jeung katugenah kuring maksakeun balik.
Datang ka imah geus jam dua welas leuwih. Mang Pardi masih kénéh cindekul ngadagoan kuring. Sok manéhan mikeun lamak nu modél kamari. Eusina: "Kang Handy! Ani tiris! Ani sangsara! Tulungan Ani Kang Handy! Upami Kang Handy karunya ka Ani, cobi Ani pasihan salin, Ani buligir. Sinjang sareng nu sanés-sanés sacékapna. Wengi énjing ku Ani dibantun. Simpen baé di juru kekebonan. Tong teuing ditungguan bilih Kang Handy teu kiat. Nu tos lain-lainna deui Ani"
Kuring ukur gogodeg. "Jurig modern!" cék kuring bari ngalungkeun lamak kana méja. Mang Pardi ukur seuri konéng. "Lain antepeun Cep!" Keun Emang bagéanana nyerek nu kitu mah. Tuman!" cék Mang Pardi sanggeus dibéjaan sagala nu kaalaman ku kuring.
Malem Mingguna. Ti soré kénéh Mang Pardi geus taki-taki di luar, nyumput tukangeun dapuran cai. Bubungkusan geus disadiakeun di juru kekebonan, tapi eusina lain pakéan, ukur bubututan nu dibungkus dihadé-hadé. Kuring teu hayang nyak-sian sagala nu bakal kajadian, teu tega. Mani, ngagebeg basa ngadéngé Mang Pardi sesentak di luar.
"Kurang ajar silaing Unu! Dikira déwék rék beunang katipu ku silaing Unu!" sora Mang Pardi munggah handaruan. Gura-giru kuring ka luar, sok ingis Kang Unu geus teu mirupa disiksa ku Mang Pardi. "Geura ngalawan siah Unu!" Bari ninggang sirah nu dipopocong.
"Ampun Mang! Ampun! Sanes Unu abdi mah!" Sorana haharegungan nahan kanyeri. "Tong loba tingkah siah! Kakara ampun ayeuna mah nya!" bari hiuk deui peureup Mang Pardi ngahanca sirah si jurig. "Geus Mang karunya! Bawa ka dieu!" teu sirikna diséréd Si Jurig dibawa ka buruan. Tatangga nu padeukeut nungtutan nyalampeurkeun saoborna-saoborna.
Barang popocongan dibaruka, kuring mani ngagebeg. Teu sangka, nu dicipta téh beungeut Kang Unu nu pikarunyaeun, ari ieu bet Si Sarda, jelema baragajul tukang pulang-paling. Malahan sabulan ka tukang kakara ka luar ti pangberokan.
Basa tatangga-tatangga jeung Mang Pardi ramé-ramé nganteurkeun Si Sarda ka kantor pulisi kuring teu milu, ngan gék baé dina teras diuk bari ngahu-leng salila-lila. Hampura Kang Unu kuring geus goréng sangka. Tapi naha geuning Kang Unu maké popocongan... pikiran jadi pabeulit teu puguh.
Kuniang hudang. Sup ka tengah imah. Teu lila Mang Pardi datang bari sura-seuri. "Aya naon Mang...?" kuring nanya panasaran. "Jadi dua jurig téh, Cep!" Mang Pardi teu weléh mesem."Ari kitu...?" "Di kantor pulisi geus namprak deui jurig. Beunang néwak Mang Omo éta mah ti sawah. Keur nyingsieunan nu néang cai ngarah sawah manéhna kacaian terus, teu kasoro ku batur. Si Unu nu éta mah... kuring ngan ukur bisa gogodeg.
Itu dia contoh carpon Sunda yang bisa dijadikan inspirasi untuk membuat carita pondok bahasa Sunda.
(tey/tey)