Nyel, asam lambung naék. Harita kénéh ngadadak murel. Hanca maca warta detikJabar dina ponsél bet asa bayabahan getih.
Enya di handapeun jejer warta téh aya panapian (disclaimer) yén iber Tarsum (41) nyacag bojona, Yanti (40) di Rancah, Ciamis, Jawa Barat terus dagingna didagangkeun bakal mancing gangguan keur nu macana. Tapi da panasaran!
Ya Allah! Mun ceuk meme gambar sétan keur ngagolér bari ngalamun mah: Naha bisa nya jelema jiga kitu? Sétan, belis, jeung jurig jarian waé jigana gogodeg.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Padahal, apan bojo téh batur hirup. Jelema anu kuduna jadi sobat dalit keur ngambah kahirupan anu tarahal tur pinuh ku kasusah, batur numuwuhkeun harepan najan kahirupan sanyatana beuki nyekék, sugan isuk jaga mah kahirupan téh kapanggih. Ari Tarsum! Bojona kalahka dipaténi.
Untungna, saméméh aya kajadian nu leuwih ahéng, Pulisi, TNI, jeung warga tapis maréngkos Tarsum terus ngagebloskeun inyana ka ruji Polsek Rancah. Di jero ruji, Tarsum téh jiga nu teu sadar kana naon anu dilakukeunna cik kénéh.
Naon sabenernya anu nyababkeun Tarsum maténi bojona, can bener-bener kanyahoan. Ngan di médsos geus ramé réhna Tarsum téh bangkrut dina bab usaha domba jeung sapi. Sajaba ti éta, ceuk nu silih pairan di médsos, anak Tarsum téh kabeulit hutang anjukan onlén (Pinjol).
Jigana, ku kondisi kasusah anu merekpek, sirah Tarsum ampir bencar. Tapi gening sirahna teu bencar-bencar, manéhna kalahka ngabencarkeun sirah bojona kalawan neunggeul maké kai balok nepi tilarna saacan dimutilasi.
Naha ari Tarsum teu inget, basa inyana ngadahup ka Yanti, bojona, inyana ngedalkeun jangji? Jangji rék ngayugakeun hiji proyék ibadah nu euweuh tungtungna nu disebut rumah tangga. Tujuanana teu aya deui iwal ti sakinah (tingtrim), mawaddah (silih béré), jeung rahmah (silih pikaasih). Ari buktina salah sahiji pihak kalahka dipaténi, atuh Tarsum téh kaasup lalaki wanpréstasi.
Lalaki wanpréstasi teu bisa nedunan jangji sapuratina, sakumaha anu dikedalkeun dina akad jatukrami. Lamun seug mah akalna teu coplok, kasus wanprestasi bisa diobrolkeun. Tarsum bisa sasadu yén kondisi kahirupan téh teu salalawasna mulus. Aya méga hideungna, aya langit angkeubna. Tangtu, Yanti ogé bakal ngarti. Tapi, Yanti rék ngarti kumaha lamun kaburu dipaténi.
Konsékuénsi Rarangan
The Panas Dalam, grup musik di Bandung anu diluluguan ku Pidi Baiq miboga diktum ngeunaan rarangan: "Di mana ada kemaluan, di situ ada persoalan" (di mana aya rarangan, di dinya aya pasualan).
Jeung enyana! AARN (29), pangantén anyar kakara sataun anu baris nyinghareupan hajat kawinanana di Palembang 5 Mei 2024, kudu urusan jeung polisi sabab teu parigel ngajaga rarangan. Manéhna, ceuk katerangan polisi, sapatemon jeung RM (50) di hiji hotel di Bandung. Waktu ditagih kudu ngawin RM, AARN embungeun. Samalah kasigeung.
Ongkoh boga pamajikan, tapi sapatemon ogé jeung nu lian. AARN ngadagorkeun sirah RM nepi ka baloboran getih. Teu reureuh, RM laju dibekem terus dicekék dugi ka tilarna. Layon RM diasupkeun kana jero koper, terus dipiceun di Bekasi. Duit perusahaan anu dicekel ku RM tadina rék disetorkeun ka bank, Rp43 juta, dirampid ogé.
Sabada sapatemon, maéhan, terus maling duit korbanna, AARN balik ka imah bojona, AL di Palembang. Di imah bojona, AARN ngareureuhkeun kareuwas. Manéhna jadi getol solat. Tapi gening, sabuni-bunina nyumputkeun bangké, antukna mah kapanggih ogé. Di imah bojona, manéhna dicerek polisi.
Naha AARN teu inget, yén salaku jalma iman, komo bari sok solat, akad waktu jatukrami téh di antara eusina moal rék ngumbar rarangan. Lamun diumbar ka salian bojona, manéhna kaasup lalaki wanpréstasi. Al-Quran surat Al-Mu'minun ayat 5 nandeskeun, ciri jalma iman téh nyaéta anu parigel ngajaga rarangan: وَٱلَّذِينَ هُمْ لِفُرُوجِهِمْ حَٰفِظُونَ. Komo ieu bari maténi. Megatkeun hak hirup batur. Na'udzubillah.
Wangunan Sosial
Réa-réa deui kajadian sosial patalina jeung rumah tangga manusa. Aya oknum habib ti Yaman "ménta" bojo kiai di Cianjur. Anu, pan boroning tos janten bojo, masih kénéh dina raraga tunangan ogé teu kénging diganggu.
Ari aya lalaki dina enggoning rumah tanggana wanpréstasi pédah nyalindung ka gelung, alias modal rarangan doang (Morando) mah, éta langkung réa contona.
Tapi, kajadian-kajadian sosial anu tumiba di masarakat éta téh teu bisa dibaca kalawan kasus anu musababna tunggal. Pasti aya rambat kamaléna jeung kondisi masarakat di mana palaku hirup kumbuh sapopoé.
Loba jelema anu hirup dina kondisi kahipnotis ku wangunan sosial. Sosiolog jiga Talcott Parsons nyebutkeun yén jelema téh dipangaruhan ku tilu rupa: Sistem sosial, sistem budaya, jeung sistem kapribadian.
Argyo Demartoto, dina situs uns.ac.id nulis yén Parsons ngabagi dua jinis orientasi individu di jero masarakat. Kahiji, aya nu disebut orientasi motivasional, di mana individu di jero masarakat téh ngakudukeun bukti diri, kahurmatan, ngagedéan lolongkrang pikeun senang, jeung ngaleutikan lolongkrang kakuciwaan. Kadua, aya nu disebut orientasi niléi. Nyaéta, nu diudag ku individu di jero masarakat téh saukur ngarah maranéhna bisa dahar, bisa nyalindung di jero wangunan imah, saleuwihna bisa ngadalian kahayang-kahayang dirina.
Péso analisa ngeunaan orietasi masarakat di luhur téh bisa dipaké keur ngalenyepan warta kasus-kasus kriminal anu kabaca kiwari. Bisa jadi palaku téh nandasa korbanna sabab maranéhna hirup lain ngungudag niléi, tapi kagero ku motivasi halimunan hayang ngabuktikeun saha dirina ka masarakatna.
(yum/yum)