Dongeng adalah cerita rakyat atau cerita fiksi yang disampaikan dari satu generasi ke generasi berikutnya. Di Jawa Barat, ada banyak dongeng Sunda yang masih diceritakan hingga saat ini.
Dikutip dari buku RancagΓ© Diajar Basa Sunda Kelas X yang diterbitkan oleh Pustaka Jaya, dongeng adalah salah satu golongan cerita berbentuk prosa yang diturunkan dari generasi ke generasi dan disebarkan dari mulut ke mulut.
Berbeda dengan carpon, dongeng tidak mengenal penulis dan penciptanya. Selain itu, kisah yang terjadi pada dongeng juga biasanya berbentuk fiksi dan tidak masuk akal.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Dongeng Sunda ini dikisahkan secara turun-temurun dengan isi ceritanya yang beragam. Biasanya orang tua atau guru menceritakan dongeng untuk memberikan nilai-nilai moral sambil sekalian menghibur.
Menceritakan dongeng Sunda ini juga bisa menjadi sarana untuk mengembangkan imajinasi, kreativitas, dan kepekaan sosial pada anak-anak. Cerita dalam dongeng Sunda seringkali menggunakan unsur-unsur fantastis atau supranatural, seperti hewan yang bisa berbicara, peri, raja, dan lain-lain.
Walaupun dongeng seringkali berisi kisah-kisah yang tidak nyata, cerita-cerita dalam dongeng bisa memberikan pengaruh yang kuat terhadap cara pandang dan perilaku manusia.
Dongeng Bahasa Sunda Singkat
Ada sejumlah dongeng singkat asal Jawa Barat yang populer, seperti dongeng "Si Kabayan", "Sangkuriang", "Lutung Kasarung" dan Situ Bagendit".
Banyak dongeng yang mengisahkan hewan yang dapat berbicara hingga benda yang dapat berubah menjadi sebuah bagian dari bumi dan alam, seperti gunung.
Terdapat beberapa unsur dalam dongeng, yaitu tema, latar tempat, latar suasana, latar waktu, tokoh dan watak, alur cerita, serta pesan moral.
Untuk lebih mengetahui dongeng, Agar semakin memahami materi dongeng dalam Bahasa Sunda, simak 5 dongeng yang telah dihimpun oleh detikJabar dari berbagai sumber.
1. Sangkuriang - Gunung Tangkuban Parahu
Kacaritakeun di kayangan aya sapasang dΓ©wa jeung dΓ©wi anu nyieun kasalahan. Tuluy Sang Hyang Tunggal ngahukuman ka Γ©ta dΓ©wa dΓ©wi ku cara diturunkeun ka alam dunya kalawan wujud sato.
DΓ©wa dikutuk jadi anjing anu dingaranan si Tumang. Sedengkeun dΓ©wi jadi begu atawa cΓ©lΓ©ng, ngaranna CΓ©lΓ©ng Wayung Hyang atawa Wayungyang. Γta dΓ©wa dΓ©wi tΓ©h tapa bari mΓ©nta ka Sang Hyang Tunggal supaya dibalikeun deui kana wujud asalna.
Kakocapkeun aya hiji raja anu jenenganna Sungging Perbangkara keur moro di leuweung. Γta raja tΓ©h kahampangan tuluy diwadahan dina daun caring. Ceuk sawarΓ©hna aya ogΓ© nu nyebutkeun diwadahan kana batok.
Cai kiih raja tΓ©h diinum ku Wayungyang. Alatan ngimum cikiih raja tΓ©a, anΓ©h bin ajaib Wayungyang tuluy ngalahirkeun orok awΓ©wΓ© geulis pisan.
Γta orok tΓ©h kapanggih ku raja tuluy dibawa ka karaton jeung dibΓ©rΓ© ngaran Dayang Sumbi. Dayang Sumbi beuki gedΓ© kawalan manΓ©hna jadi awΓ©wΓ© anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Para ratu mikayungyung mara mΓ©nak mikaresep.
Malah loba pisan raja jeung pangΓ©ran anu datang ngalamar. Ngan saurang gΓ© euweuh nu ditarima ku Dayang Sumbi. Antukna para raja tΓ©h parasea jeung baturna.
Dayang Sumbi mΓ©nta disingkurkeun ka hiji pasir. ManΓ©hna dibaturan ku anjing anu ngaranna si Tumang. Dina hiji mangsa Dayang Sumbi keur nenun, torompongna ragrag. ManΓ©hna embung nyokot, tuluy waΓ© nyarita bari teu dipikirkeun heula.
Jangjina, sing saha nu mangnyokotkeun Γ©ta torompong, lamu lalaki rΓ©k dijieun salaki, lamun awΓ©wΓ© rΓ©k dijieun dulur.
Si Tumang nyokot Γ©ta torompong tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. DaΓ©k teu daΓ©k Dayang Sumbi kudu nohonan jangjina. ManΓ©hna antukna ngawin si Tumang.
Dina bulan purnama, si Tumang tΓ©h bisa robah jirim jadi wujud aslina nyaΓ©ta dΓ©wa anu kasΓ©p ngalempΓ©rΓ©ng konΓ©ng. Dayang Sumbi ngimpi sapatemon jeung dΓ©wa anu kasΓ©p, tug padahalmah Γ©ta tΓ©h wujud asli si Tumang.
Dayang Sumbi tuluy boga anak lalaki ngaranna Sangkuriang. Γta budak tΓ©h kasΓ©p jeung kuat kacida.
Hiji waktu Dayang Sumbi hayang ati mencek, manehna nitah Sangkuriang jeung si Tumang pikeun moro ka leuweung.
Geus sakitu lilana moro, Sangkuriang can meunang kΓ©nΓ©h waΓ©. Anu akhirna Sangkuriang nempo cΓ©lΓ©ng meni lintuh lumpat. Sangkuriang nitah si Tumang ngudag Γ©ta cΓ©lΓ©ng, ngan si Tumang teu ngagugu kusabab manΓ©hna nyahoeun Γ©ta cΓ©lΓ©ng tΓ©h Wayungyang, ninina Sangkuriang.
Sangkuriang ambek tur bingung. Teu antaparah deui si Tumang dipeuncit tuluy diala atina. Dayang Sumbi ngadahar ati bangun nikmat. Ngan saenggeusna nyaho ati anu didahar tΓ©h ati si Tumang, Dayang Sumbi kacida ambekna.
Sangkuriang ditakol tarangna ku cukil tina batok, tuluy Sangkuriang indit ti imah. Dayang Sumbi kaduhung kareureuhnakeun, manΓ©hna nyusul nΓ©angan Sangkuriang ngan nu ditΓ©angan geus lunta jauh.
Dayang Sumbi mΓ©nta ka Sang Hyang Tunggal sangkan dipanggihkeun deui jeung anakna. ManΓ©hna ogΓ© tapa bari mutih, saukur ngadahar dangdaunan jeung lalab atah.
Ti harita Sangkuriang aprak-aprakan ngalalana ngurilingan dunya, guguru ka nu sakti. Sababaraha tahun gΓ© Sangkuriang ngajanggΓ©lΓ©k jadi pamuda anu sakti mandraguna. Sanggeus sakitu lilana lumampah ka tebΓ©h kulon, antukna anjog deui ka wΓ©tan.
Sangkuriang patepung deui jeung Dayang Sumbi. Ngan teu nyahoeun yΓ©n Γ©tatΓ©h indungna, kusabab kaayaan Dayang Sumbi angger ngora jeung geulis. SihorΓ©ng Γ©ta tΓ©h balukar tina tapa jeung mutih. Dayang Sumbi ogΓ© can nyahoeun pamuda kasΓ©p Γ©ta Γ©eh Sangkuriang, anakna.
Dayang Sumbi jeung Sangkuriang tuluy silih pikacinta. Dina hiji mangsa, nalika Sangkuriang keur lΓ©lΓ©ndΓ©an, ku Dayang Sumbi disisiran buukna. Teu dihaja Dayang Sumbi manggih cΓ©da urut ditakol dina sirah Sangkuriang.
Dayang Sumbi kagΓ©t kusabab Γ©ta lalaki nu dipikacinta tΓ©h gening anakna. Ku Dayang Sumbi dicaritakeun anu saenyana. Ngan Sangkuriang keukeuh hayang ngawin Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi satΓ©kah polah nolak kahayang Sangkuriang. Antukna nyieun siasat, mΓ©rΓ© tanjakan pikeun nyieun parahu jeung talaga dina waktu sapeuting ku cara mendet Citarum. Ku Sangkuriang disanggupan.
Sangkuriang dibantuan ku dedemit migawΓ© sarat anu dipΓ©nta ku Dayang Sumbi. Parahu dijieun tina tangkal kai anu gedΓ© ti belah kulon. RΓ©gangna ditambrukeun di belah wΓ©tan.
Liwat tengah peuting talaga jeung parahu tΓ©h ampir jadi. Dayang Sumbi tagiwur, inggis talaga jeung parahu anggeus dina peuting harita.
Dayang Sumbi ngadua tuluy mΓ©bΓ©rkeun boΓ©h bodas di belah wΓ©tan. BoΓ©h tΓ©h ngaluarkeun cahaya ngempur lir ibarat fajar. Tuluy nakolan lisung niru-niru nu keur nutu isuk-isuk.
Para dedemit lalumpat kabur, Sangkuriang kacida napsuna. Parahu anu ampir anggeus ditalapung nepika hiber tuluy nangkub di belah girang ngajanggΓ©lΓ©k jadi Gunung Tangkuban Parahu.
Talaga dibedahkeun nepika saat kiwari cenah jadi dayeuh Bandung. Atuh cocokna dicokot tuluy dialungkeun ka kulon robah jadi Gunung Manglayang. Sedengkeun liang Citarum ngaranna nelah nepika ayeuna Sanghyang Tikoro.
Dayang Sumbi diudag-udag ku Sangkuriang nu geus ilang akal sΓ©hatna. Dayang Sumbi ampir beunang katΓ©wak di Gunung Putri ngan kaburu ngadu'a ka Sang Hyang Tunggal supaya disalametkeun. Antukna Dayang Sumbi rubah jirim ilang warna jadi kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang leungit (ngahiyang) sanggeus nepi ka Ujung Berung.
2. Lutung Kasarung jeung Purbasari
Dina jaman kapungkur, di tatar pasundan aya hiji karajaan anu di pimpin ku saurang raja anu wijaksana, namina nyaΓ©ta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung ngagaduhan dua anak awΓ©wΓ© anu geulis, namina Purbararang sarta adi na Purbasari.
Dina wanci ngadeukeutan ahir hayatnya, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri bungsu na pikeun nga gentosan jabatana. "Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi turun tahta," ceuk raja Prabu.
Di lain sisi, Purbararang nu mangrupakeun kakana purbasari manΓ©hna henteu satuju adina diangkat ngagantikeun Bapana. "Abdi putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu ngagantikeuna," ceuk Purbararang naroskeun ka tunangan na, nu namina Indrajaya.
Ku sabab sirik, Purbararang teras ngagaduhan niat jorΓ© ka Purbasari. ManΓ©hna manggihan saurang nini sihir kanggo nyilakakeun Purbasari. Nini sihir Γ©ta nyieun Purbasari kulitna barobah jadi kaayaan totol-totol hideung.
Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan kanggo ngusir kakana. "Jalma anu dikutuk sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu!" ceuk Purbararang.
Saterusna, manΓ©hna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung. Satepina di leuweung, patih Γ©ta ngarasa karunyaeun ka Purbasari, sarta anjeuna mangnyieun keun hiji pondok kanggo Purbasari.
Anjeuna oge masihan nasΓ©hat ka Purbasari. "Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri," ceuk Patih. "Hatur nuhun," bales Purbasari.
Salila di leuweung, Purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan anu balalager ka manΓ©hna. Diantara sasatoan, aya hiji monyΓ©t anu buluan hideung nu misterius namina nyaΓ©ta Lutung Kasarung.
Nanging, monyΓ©t Γ©ta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung Kasarung terus ngahibur Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.
Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama, Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi teras anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna mΓ©nta hiji hal ka DΓ©wata. Ieu ngabuktikeun yen Lutung Kasarung teh sanes makhluk biasa.
Dina semedi Γ©ta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai na herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan.
Enjing poΓ©na, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah Purbasari ibak di telaga eta. "Naon mangpaatna pikeun abdi?" pikir Purbasari.
Nangging, anjeuna nurutkeun waΓ©. Teu lami sanggeus manΓ©hna nyeburkeun awakna. Kulitna barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan dicampur ku hawa atoh sabot manΓ©hna ngaca di talaga eta, kulitna bisa mulus deui.
Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di leuweung. ManΓ©hna mangkat sareng tunangana Indrajaya sarta para pangawalna.
Satepina di hutan, Purbararang manggihan adina si Purbasari. Purbararang teu percaya ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita.
Purbararang embungen Γ©lΓ©h, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang buuk. "Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!" saur Purbararang.
Mimitina Purbasari alimeun, nanging Purbararang teras-terasan ngadesek. Nah pas ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti Purbararang.
"Kajeun ayena abdi Γ©lΓ©h, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu tunangan abdi", saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah da lantaran kabingungan.
Ahirna, Purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. "Jadi monyΓ©t Γ©ta tunangan manΓ©h?" saur Purbararang.
Dina wanci Γ©ta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung barobah jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.
Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian Γ©ta. Purbararang ahirna ngaku kaΓ©lΓ©han nana, sarta mΓ©nta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.
ManΓ©hna mΓ©nta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta mΓ©nta supardos henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan kakana Purbararang.
Sanggeus kajadian eta, ahirna maranΓ©hna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi saurang ratu, di rΓ©ndΓ©ngan ku saurang lalaki idamana. Lalaki Γ©ta teu lain anu salila ieu maturan Purbasari salami di leweung, nyaΓ©ta Lutung Kasarung.
3. Si Kabayan Ngala Nangka
Dina hiji mangsa, Si Kabayan keur leleson barijeung ngalamun di harepeun rorompokanana, saliwat oge mikiran roay, tutut sareng lauk anu diala kamari.
"Kabayan pang ngalakeun nangka. Pilihan anu kolot buahna," parentah mitohana ka Si Kabayan.
Jung we Si Kabayan mangkat ka kebon. Saentos dugi ka kebon, Si Kabayan ningalian tangkal nangka anu buahan. Ajeunna milarian buah nu geus kolot. Teu pati lami Kabayan ningali hiji nangka nu kolot tur ageung. Teras we diala. Ku sabab eta nangka teh ageung, Kabayan teu kuateun nangkatna.
"Ieu mah hese nyandakna moal kaduga abdi mah," Kabayan nyarios dina hatena.
"Kumaha cara nyandakna ieu teh" saurna deui.
Ku sabab kebon teu pati jauh sareng walungan, eta nangka dipalidkeun ku Si Kabayan.
"Jung balik ti payun, pan geus gede," parentah Kabayan ka nangka. Tuluy we Si Kabayan balik ka imah.
Barang dugi ka imah, Si Kabayan ditaros ku mitohanana.
"Kenging teu nangka teh kabayan?" tanya mertuanya.
"Enya kenging atuh, nya ageung, kolot deui," saur Kabayan.
"Mana nangkana? Geuning anjeun datang lengoh," tumaros mitohana.
"Har naha teu acan dugi kitu? Padahal geus balik ti payun tadi," tembal Kabayan.
"Ari anjeun tong bobodoran, teu aya caritana nangka bisa balik sorangan," mitohana rada bendu.
"Hah, nu bodo mah nangka atuh, geus kolot teu apal jalan balik," saur ceuk kabayan tuluy we bari ngaleos.
4. Dongeng Bahasa Sunda Entog Emas
Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna hirup babarengan jeung entog. Manehna ngadeuheus ka Gusti Allah, "Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa,".
Isukna, doana dikabulkeun ku Gusti Allah nu Maha Pengasih, entog nu manehna boga ngaluarkeun endog emas. Saatos eta, unggal dinten entogna ngaluarkeun hiji endog emas, manehna teh jadi beunghar.
Hiji poe, manehna ngarasa cape mun kudu unggal poe mawaan endog ti kandang entog. Manehna sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu cape.
Ngan ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh, manehna jadi miskin deui sabab teu bisa ngabebenah hartana.
5. Sasakala Situ Bagendit
Baheula geus rΓ©buan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit. Ieu tΓ©h saenyana mah ngaran nΓ©nehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit. ManΓ©hna tΓ©h kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Γstuning lain babasan Γ©ta mah hirup nyorangan tΓ©h.
Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit tΓ©h Γ©mang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup tΓ©h Γ©stu nunggelis. Ari beungharna tΓ©a mah tΓ©tΓ©la. BΓ©h kebonna bΓ©h sawahna, imahna gΓ© panggedΓ©na di salembur Γ©ta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manΓ©h, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.
Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro tΓ©a. Teu kitu mah atuh moal disebut medit. Kacaturkeun basa usum panΓ©n. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogΓ© rΓ©a nu gacong. Ari sarΓ©ngsΓ© dijieun jeung sanggeus parΓ©na di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebΓ© jeung sawatara tatanggana.
Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung tΓ©h nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotΓ©ap geus bΓ©rΓ©s bari tingkaretap kΓ©nΓ©h.
Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki walΓ©h, yΓ©n teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas. Ari kitu tΓ©h Nyi Endit bet nyarΓ©kan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun tΓ©h tau aya ka Γ©ra, teu ngahutang gawΓ©, mΓ©nta bagΓ©an. Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. MΓ©mΓ©h indit manΓ©hna ngomong kieu: "Sagala gΓ© boh ka nu hadΓ© boh ka nu gorΓ©ng, moal taya wawalesna." Ngomongna kitu tΓ©h kasaksian ku sakur anu aya di dinya. SarΓ©ngsΓ©na nu dalahar tuluy amit rΓ©k baralik. Kakarak gΓ© pating lalΓ©os, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: "Ca'ah! Ca'ah!" cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna Γ©ta cai, ngan leb baΓ© pakarangan Nyi Endit tΓ©h geus ka keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baΓ©. Nyi Endit gΓ© nya kitu, niat rΓ©k nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai tΓ©h nepi ka lir ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum mΓ©h laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu welΓ©h-welΓ©h sasambat mΓ©nta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baΓ© jempΓ©, sihorΓ©ng geus tikerelep.
Imahna gΓ© geus teu ka tembong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah Situ Bagendit tΓ©a.
6. Sakadang Kuya Mamawa Imah
Jaman baheula, di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan, aya sakadang kuya keur meresihan sisi-sisi kebon nu kahieuman ku tangkal nu ngajajar jadi pager. Gobras-gobras dicacar makΓ© congkrang. Si Ambu kuya keur ngaliwet di kolong saung ranggon. Liwet ditumpangan ku peda beureum, makΓ© salam, sΓ©rΓ©h, bawang beureum. Teu lila kaambung seungit.
"Ambu, asak liwet tΓ©h?" Pa Kuya ngagorowok.
"Asak, Bapa!"
Pa Kuya nyampeurkeun ka saung.
Di pasir, kuya tΓ©h ngebon ngahuma. Talingtrim baΓ© hirupna. Sakapeung-kapeungeun sok aya babaturan Pa Kuya nu sarua ngahuma.
Pihujaneun geus ngagayot hideung di langit beulah kidul. GebrΓ©t hujan gedΓ©. Kitu deui, angin ngagalebug. Jigana angin puyuh duka puting beliung. Angin tΓ©h ngapungkeun saung. Awut-awutan. Kajadian kitu tΓ©h geus sababaraha kali. Puguh baΓ© matak capΓ©, matak rieut. Tapi, Pa Kuya sok ngomΓ©an deui-ngomΓ©an deui imahna.
Pa Kuya jeung Ambu Kuya, ahirna sok malikir kumaha carana sangkan imahna teu beunang ku musibah. Karasana geus capΓ©.
Keur kitu aya nu pupuntenan dina papanggΓ©. SinghorΓ©ng sakadang monyΓ©t, sobatna. Sanggeus lila ngobrol, sakadang kuya nanyakeun, kumaha carana nyieun imah nu aman.
"Kieu wae atuh Pa Kuya, Ambu kuya, imah tΓ©h kudu nu bisa dibabawa"."Dibawa kumaha?" Kuya ngarasa hΓ©ran.
"Sok jieun imah sasoranganeun-sasoranganeun!"
Sanggeus kitu kuya nyieun imah dibantuan ku monyet. Imah geus anggeus."Terus kumaha?"
"Tah bagian hareup diliangan sasiraheun baΓ©. Supaya, bisa ngelok nyumputkeun sirah. Kitu deui, bisa nololkeun sirah. Jadi, bisa nolol nempo ka luar, jeung bisa nyumputkeun sirah bari ngelok.
Sanajan mimitina mah ugal-ugil merenahkeun imah dina tonggong tΓ©h, ahirna si kuya ngarasa aman ngagandong imah tΓ©h. Malah nepi ka ayeuna. Salian ti sakadang kuya apan si penyu di laut ogΓ© mamawa imah. Sakadang kuya, bΓ©ak nganuhunkeun ka sobatna, sakadang monyΓ©t.
7. Talaga Warna
Dina jaman baheula, aya sahiji karajaan nu ngarana Kutatanggeuhan di daerah puncak Bogor. Karajaan ieu dipingpin ku Raja Prabu Swarnalaya, nu boga istri namina Ratu Purbamanah.
Pasangan ieu encan di karuniaan pun anak, sanajan sagala cara geus dilakukeun. Raja Swarnalaya akhirna mutuskeun pikeun tatapa di goa, teuing babaraha lilana.
Hiji poe, ahirna raja menang hiji wangsit, ku ijin ti kawasa istrina teh hamil jeung ngalahirkeun putri anu gumelis kacida. Putri ieu di bere ngaran Nyi Ajeng Gilang Rinukmi atawa sok disebut oge putri Ayu Kencana Ungu.
Saking nyaahna ka putri hiji-hjina, sagala kahayang diturutkeun kabeh, putri Ayu akihrna tumuwuh janten budak manja. Akibatna, hiji poe manehna miceun kalung hadiah ti rakyat kerajaan dina pesta ulang tahunna.
Berlian ti kalung akhirna awur-awuran, tutungna indungna ceurik teu eureun-eureun. Barengan jeung kitu, aya sahiji kajadian dimana aya lini gede ngagoncang jeung kaluar cai tina jero taneuh.
Makin lila makin ngagedean eta cai, nepi ka ahirna ngalelepkeun karajaan Kutatanggeuhan jeung sagala isina. Eta asalna talaga nu sok disebut talaga warna teh, warna-warni airna ceuk beja mah asalna tina kalung berlian kasebat.
Itu dia 7 contoh dongeng bahasa Sunda singkat, semoga membantu.
(tya/tey)











































