5 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Singkat Berbagai Tema

ADVERTISEMENT

5 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Singkat Berbagai Tema

Najhan Zulfahmi - detikEdu
Jumat, 07 Jun 2024 06:00 WIB
Ilustrasi pidato
Foto: Getty Images/Peter Dazeley
Jakarta -

Teks pidato kadang perlu disiapkan agar nanti saat berbicara lebih lancar dan terstruktur. Terlebih lagi jika pidatonya menggunakan bahasa tertentu, seperti bahasa Sunda.

Pidato dalam Bahasa Sunda disebut biantara. Nah buat kamu yang akan segera berpidato dengan Bahasa Sunda, berikut contoh teks pidato bahasa Sunda dari berbagai sumber dan makalah.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat

1. Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuh,

SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT


Hadirin anu ku simkuring di pihormat, danget ieu urang sadayana tiasa patepung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat. Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihan ana, endah sareng asri.

Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana etakapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususnadi kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.

ADVERTISEMENT

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teuaya lepatna lamun ku urang di jaga pasti-pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna.

Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota pangirut. Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.

Sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Haturnuhun kanu sadaya perhatosannana.

Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayah Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

2. Pidato Bahasa Sunda tentang Sumpah Pemuda

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuh,

Puji sinareng syukur hayu urang panjatkeun ka gusti Allah SWT, nu atas maparinan rahmat sareng karuniana dugi ka urang sadayana tiasa kempel di ieu tempat kalawan sehat wal`afiat.

Hadirin rerencangan sadaya dinten ayeuna urang sadaya numana, dinten sumpah pemuda teh nyerupikeun, salah sahiji perjuangan para pemuda pemudi perjuangan bangsa Indonesia, nu atos berjuang keur lemah cainu dipikacinta ieu, anjeuna berjuang teu apal waktu, nu nyaeta merdeka.

Dina dinten sumpah pemuda ieu, seueur pisan pelajaran anu tiasa dicandak, salah sahijina nyaeta semanget perjuanganna. Urang oge selaku pemuda pemudi ayeuna kudu semanget keur ngamajukeun lemah caii eu, supaya tisa leuwih makmur jeng leuwih maju.

Ku cara diajar,diajar jeung diajar. Urang selak penerus perjuangan bangsa ieu, leuwih hade lamun perjuangan pemuda pemudi pahlawan bangsa ieu teu disia-siakeunkeun hal-hal anu teu aya mantapna, komo deui lamun urang dugi kabawa ku jaman modern, seperti pergaulan bebas jeung ngonsumsi narkoba, tapi ku unamah jadikeun motivasi supaya Indonesia engkena tiasa leuwih maju.

Para pemuda pemudi ayeuna, nangtukeun pisan keur engkena Indonesia tiasa lewih maju atawa kei wae. Laun ti ayeuna urang teu diajar nurbener, tangtu hareupeun Indonesia tiasa leuwih maju moal pernah tiasa kahontal, malah bakal sebalikna.

Hadirin rerencangan sadaya. Dina dinten sumpah pemuda ieu, hayu urang jadikeun pendorong nungabangkitkeun semangeut keur ngawangun bangsa Indonesia, ulahna pikeun ka sesaret, kabawa ku budaya barat anu teu sesuai jeung norma oge budaya urang.Sakitu bae diantara nu tiasa ku simkuring dipihatu, hampunten bilihaya kelepatan.

Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayah Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

3. Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuh,

Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat. Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu Maha Welas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebih pisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad. Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hayang ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call. Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nusanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan. Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap. Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putrasareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih kupersaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae mah.

Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi pangarti.Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh saumur hirup, teu mengenal yuswa. Hartosna, pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka pupusna. Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra putri urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna. Kumargi tos karaos ku urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kanggo bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Beunghar nyaeta Allah SWT. Mudah-mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan cariosan urang ti awal dugi ka akhirtiasa dipihartos ku sadayana Bapa Ibu anu hadir ayeuna. Hatur nuhun kana perhatosanana. Ditutup ku doa "rabbana aatinaa fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, waqina adzabannar. Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayah Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

4. Pidato Bahasa Sunda tentang Pentingnya Pendidikan

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Kapala Sakola anu ku simkuring dipihormat , Bapa/Ibu Guru anu kusimkuring di pihormat, sareng rerencangan sadaya nu ku simkuring dipiheman.

Puji syukur urang sanggakeun kanu maha kawasa anu tos ngalimpahkeun rahmatna ka urang sadaya, alhamdulillah dina dinten ieu tiasa kempel didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina kacurah limpahkeun kajunjungan urang sadaya nya eta Nabi Muhammad SAW, oge ka para kulawarga, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman.Aamiin yaa rabbal'alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget nu judulna "Pentingna Pendidikan". Dijaman kiwari pendidikan teh penting pisan, ku ayana pendidikan, urang teh jadi bisa jeung ngarti.

Pendidikan oge jadi rencana urang ka hareupna dek jadi naon, ku meunangna elmu tina pendidikan urang tiasa gampang miboga karir atawa urang oge gampang neangan pagawean nu alus pagawean nu dipikahayang ku urang.

Kucara diajar nu junun, nu bener jeung pastina jujur urang pasti bisa jadi jalama nu sukses, miboga prestasi nu cemerlang tur bisa ngabanggakeun bangsa jeung nagara.

Nyiar elmu teh kawajiban kanggo sadaya umat muslim. Ku kituna urang kudu sumanget nyiar elmu pikeun bekel kahirupan.

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

5. Pidato Bahasa Sunda Menganai Pendidikan

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuh,

Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya'i walmursalin. Wa'ala alihi washohbihi azma'in.Amma ba'du. Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadayaanu dipikacinta ku sim kuring.Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun rasa syukur ka Allah SWT kulantaran ni'mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu.

Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawarga, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal 'alamin.Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan "Wajib Belajar Pendidikan Dasar ".

Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan kukayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anumampu, aya oge masarakat anu kirang mampu.

Masarakat anu mampu mah geus tangtubakal sakola kusabab ayana biaya. Iwal, seueur pisan masarakat Indonesia anu kirangmampu teu tiasa sakola kusabab teu aya biayana. Pamarentah hoyong sadaya masarakatIndonesia tiasa menangkeun pendidikan anu layak, boh anu mampu boh anu kirang mampu.

Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkanwarga nagara palinter. Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakatIndonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakalkalindes ku kamajuan jaman.

Diharepkeun dina diayakeunna program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesiatiasa lebih maju, utamana dina widang pendidikan. Ieu program pamarentah moal tiasakalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masarakat, ti kawit pejabat dugika sadaya rahayat Indonesia. Ku kituna, urang sadaya kudu gawe bareng ngalaksanakeun program ieu sangkan menang hasil anu nyugemakeun.

Sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Haturnuhun kanu sadaya perhatosannana. Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayah Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

Itu dia beberapa contoh teks pidato bahasa Sunda yang bisa kamu jadikan referensi untuk membuat teks pidato. Semoga bermanfaat.




(khq/khq)

Berita Terkait

 

 

 

 

 

 

 

 

Ranking PTN

Berikut daftar 5 Perguruan Tinggi terbaik Indonesia
Hide Ads