Merayakan Lebaran dengan keluarga besar merupakan suatu kebahagiaan yang tak ternilai harganya. Adalah suatu tradisi bagi umat Muslim untuk saling memberikan ucapan selamat lebaran dalam bahasa yang sarat akan nilai-nilai budaya lokal.
Untuk itu, detikJabar berikan referensi kumpulan ucapan Lebaran 2024 dalam Bahasa Sunda yang cocok dibagikan kepada keluarga besar. Semoga bisa membantu kamu dalam merayakan Hari Lebaran dengan lebih bermakna bersama orang-orang terkasih. Berikut ucapan-ucapannya:
Ucapan Lebaran 2024 Bahasa Sunda
- Bersih galih nu dipamrih, jembar mana nu diseja. Mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin. Wilujeung boboran siam.
- Mugia cukup lumur jembar pangampura, bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Hapunten nu kasuhun.
- Sugrining runtah kelepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silahturahmi. Wilujeng boboran Siam 1445 H. Taqqobalallahu minna waminkum.
- Mipit amit seja nurih kapeurih ati. Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shiyamana Wa Shiyamakum.
- Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi. Wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Allah. Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina dinten nu fitri ieu, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri. Wilujeng boboran siam 1445 H.
- Wilujeng Boboran Siam 1 Syawal 1445 H. Minal Aidin wal Faizin. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan.
- Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1445 H.
- Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja. Dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri. Nyanggakeun hapunten nu kasuhun.
- Wilujeung Boboran Siam. Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1445 H ieu. Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.
- Kedaling rasa nu pinuhku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh. Meunpeung wanci can mustari. Wilujeung boboran siam.
- Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1445 H. Taqqobalallahu Minaa Wa Minkum.
- Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa. Breh bulan pangharepan, geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1445 H, neda sialih hapunteun.
- Wilujeng boboran siam 1445 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
- Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran Siam 1445 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.
- Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan. Wilujeng boboran Siam. Neda dihapunten lahir tumekaning batin.
- Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah. Neda silih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran siam.
- Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah. Dina dinten boboran ieu, pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka. Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran siam, hapunten samudaya kalepatan.
- Wilujeng boboran siam. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari."
- Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran siam 1445 H. Taqabbalallahu minna waminkum.
- Galindengna takbir lebaran sapeupeuting, bet asa ngageurihan hate. Ras inget kana salah jeung dosa papada urang. Wilujeng boboran siam 1445 H. Minal aidin wal faidzin.
- Sadaya jalmi tiasa ngiring Lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri. Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring boboran. Wilujeung boboran siam 1445 H. Hapunten samudaya kalepatan.
- Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Wilujeung boboran siam.
- Wening galih nu diparih, jembar mana nu dipilampah. Wilujeng boboran siam. 1445 H. Kalayan neda dihapunteun tina samudayaning kalepatan.
- Mugi cukup lumur jembar pangampura, bilih aya bobo sapanon carang sapakan. Neda dihapunten samudaya kalepatan hapunten nu kasuhun.
- Bilih kantos kasisit kana ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam.
- Bilih aya tutur saur kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah. Wilujeung wilujeng boboran siam. Neda silih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.
- Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci. Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran siam.
- Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada, bari reureuh milang dosa, breh bula pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda silih hapunten samudaya kalepatan.
- Wilujeng boboran siam 1445 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadan nuyun lakuning lampah urang, dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
- Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meunpeung wanci can mustari. Wilujeung boboran siam.
Dengan begitu banyak pilihan ucapan Lebaran dalam Bahasa Sunda yang bisa kamu bagikan kepada keluarga besar, diharapkan detikers bisa menemukan yang paling cocok untuk menyampaikannya kepada mereka. Semoga melalui ucapan-ucapan tersebut, ikatan kasih dan persaudaraan dalam keluarga detikers bisa semakin erat, dan momen Lebaran menjadi lebih berarti dan menggembirakan bagi kita semua.
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Selamat merayakan Lebaran dengan keluarga besar. Semoga kebersamaan ini selalu terjaga dalam setiap langkah kita. Aamiin!
(iqk/iqk)